DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Tampilkan postingan dengan label Rohbiyah. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Rohbiyah. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 09 Mei 2020

ILMU WARIS DASAR


BUBUKA
Puji ka Alloh anu parantos nyare’atkeun
Ngabagi harta mayit pikeun nu dikantunkeun
Shalat salam ka thoha nabi nu ngadugikeun
Ka ahli sobat tabi’in nu sami nyebarkeun
Dina elmu waris aya sabab sinareng nu nampi
Dulur meles dzawul arham bagiana pasti
Aya nu ashobah kahijab sinareng musytarikah
Masalah sejena sakantenan bari ngambah
Akdariyah munasakhoh khunsa musykil katut ghorqo
Masalah jad-ikhwah ngitung hisab heug meneko
ASBAB JEUNG MAWANI’
Sabab nampi waris tilu, nikah anu kahijina
Ashobah wala’ kadua nasab katiluna
Kacegah tina nampi waris ku jadi abid amat
Ku mateni kafir teu yakin Alloh hiji dzat
AHLI WARIS LALAKI
Ahli waris ti pameget sapuluh ti istri tujuh
Urang sebat tong galideur sangkan hasil puguh
Budak lalaki incu lalaki ti budak lalaki
Kaluhurna bapa terus aki, aki aki
Dulur lalaki jeung budakna anu lalaki
Sakandung sabapa mun saindung budak sepi
AHLI WARIS AWEWE
Ti awewe, budak jeung incuna ti budak lalaki
Indung katut pamajikan kade taki-taki
Nini reujeung nyonya anu tina kaabidan nulung
Dulur awewe sakandung sabapa saindung
Ieu ahli waris, boga bagian nu pasti
Gede leutik meunang henteu tinggali posisi
BAGIAN PASTI AHLI WARIS
Bagian pasti ahli waris di luhur genep
Satengah saparapat saperdalapan mantep
Dua pertilu sapertilu jeung sapergenep
Kitu bagiana peleng pikir masing nyeureup
NU MENANG 1/2
Bagian satengah (1/2) lima jalma kahiji salaki
Budak awewe incu awewe ti lalaki
Incu turunan kadua menang warisna teh lamun
Budak turunan kahiji suwung tong ngalamun
Dulur awewena boh lanceukna boh adina mayit
Dulur awewe sabapa muashibna leungit

NU MENANG 1/4
Saparapat (1/4) ka duaan salaki jeung pamajikan
Salaki jeung budak, pamajikan mah nyorangan
Bagian saparapat pamajikan najan lobaan
Dua tilu opat sabab rido dicandungan
NU MENANG 1/8
Saperdalapan (1/8) bagian pikeun pamajikan
Nyorangan lobaan sabab aya hijab nuqson
Ku turunan salaki, boh istri boh pameget
Atawana incu wadon lanang ti pameget
NU MENANG 2/3
Dua pertilu (2/3) eta bagian opat jalmi
Murangkalih istri putu istri nu langkung ti hiji
Sareng saderek nu istri saibu sarama seueur
Saderek nu istri sarama wungkul tong lieur
NU MENANG 1/3
Sapertilu (1/3) bagian duaan hiji indung mayit
Ulah aya budak, incu ti dulur lalaki mayit
Ulah aya dulur mayit boh lalaki boh awewe
Nu seueur langkung ti hiji fahamna pigawe
Kaduana sapetilu (1/3) bagian dulur si mayit
Nu saindung langkung ti hiji kade pabeulit
Boh lalaki boh awewe bagianna rata
Sapertilu (1/3) ku seueuran teu dipanta-panta
NU MENANG 1/6
Aya tujuhan ahli sapergenep (1/6) nu nampi  
Bapa aki indung nini mungkas putu istri
Dulur anu istri sarama nu kagenepna
Katujuh budak indung sadulur sabelahna
Bapa jeung indung nalika aya budak incu mayit
Indung ditambah ku ayana dulur si mayit
Aki sakuhum jeung bapa, mangsa bapa geus teu aya
Ngan aki babareungan jeung dulur nampa beda
Dulur bareng jeung bapa kahijab teu narima waris
Dulur jeung aki mah pada-pada nampa waris
Putu istri nampi sapergenep (1/6) nu dua pertilu
Benten darajatna nyarengan dua pertilu
Nini nampa waris boh nyalira boh seueuran
Boh ti jihat bapa ti jihat indung nyamian
Ka luhurna indung nini indung aki aya beda
Urang hanca dina mangsa jeung pasal nu beda (insya Alloh)
Dulur mayit saindung nampa sapergenep teh lamun
Nyorangan heunte duaan diluhur tong bingung

ASHOBAH
Ashobah binnafsi nampa waris panyesaan batur
Bil-ghoer nampana bareng jeung lalaki dulur
BERSAMBUNG…….

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS ftf Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github googele GS v2 Gudang Gif Guru HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Ngoleksi Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id ome Ome.TV Onedrive Opis OSIS Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi PHBI photo Phyton PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Tsaqifah tulisan TV Nasional Usaha Vektor Video Video Player Video;Rara VideoPost vidio w3 WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub Zoom سلاح الدعوة
×
Judul