DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Kamis, 19 Desember 2019

Gaya Basa Dina Sunda

Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nya éta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. (Wikipédia)

Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.

Papasingan Gaya Basa di antarana:

  1. NGUPAMAKEUN (ngabandingkeun). Nilik wandana, aya dua rupa:
  1. Babandingan Kabaheulaan (kaasup kana basa pakeman)

Sawaréh make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas, j/siga, asa), sawaréh deui teu make kecap babandingan

Conto-conto nu make kecap babandingan:

–          Angkat cara macan teu nangan

–          Jiga bueuk meunang mabuk

–          Kawas kapuk kaibunan

–          Siga careuh bulan

–          Asa dina pangimpian

Nu geus teu make kecap babandingan

–          Pipina kadu sapasi

–          Ambekna sakulit bawang

–          Nyaliksik ka bubuk leutik

    1. Babandingan Jaman Ayeuna

–          Gancangna kawas pesawat jét

–          Kawas Roméo jeung Juliét

Sawaréhna deui tina basa serepan:

–          Babadamian téh manggih jalan buntu

–          Waktu téh sarua jeung duit

–          Angin subuh ngeharéwos

  1. MIJALMA (personifikasi) = Barang nu teu nyawaan atawa ogé sasatoan, diupamakeun boga polah kawas manusa (jalma). Contona:

–          Gunung siga milu nguyung, lebak siga milu susah

–          Sang Surya lumungsur ti marcapada

–          Bulan ngintip tina sela-sela méga

–          Sora tarawangsa ngabangingik katebak angin

  1. LALANDIHAN (métafora) = Nganganti sesebutan. Ieu aya dua rupa:

A. Pideudeuh (ngalandi nyebut pédah mikalucu). Contona:

– Srikandi           (awéwé nu wanian)

– Arjuna              (lalaki nu kasép)

– Si Gégép          (kiper nu hésé kaasupan gulna)

B. Ocon (ngalandi pikeun ngaheureuyan). Contona:

– Ujang Gembru            (budak nu gendut)

– Wayang Pangsisina     (gédé, tapi taya gawé)

– Bujangga Mikung       (nu kakara diajar ngarang)

4.         SINDIR ( alégori) = Omongan anu teu togmol, dibalibirkeun (teu poksang).

Contona: “Langkung saé nu ieu kanggo Euceu mah, nu kayas pikawayeun téh”

(maksudna mah: “Entong éta, pikeun potongan gateuw kitu mah”)

“ahhh da abdi mah cacah, sanés pangangung sapertos pangjenengan, atos wé damai”

(maksudna mah: teu wani maju ka hukum, da hukum mah  sok rajeun lolong ku pangkat-darajat)

5.         MOYOK (spot) = Nyawad, nyempad, nyepét, atawa ngawada, tapi teu ku kasar.

Aya tilu rupa:

A. Ngomong Dua (ironi):

“Profésor”                                    (nyebut ka budak nu dianggep bodo)

“Ajengan”                                    (moyok ka nu kakara santri tapi adigung)

“ Subuh-subuh teuing”                (nyebut ka nu datang kabeurangan)

B. Meupeuh Lemes (sarkasmeu)

Contona: “Mun hayang téréh dikubur, ulah mamawa tiwas kabatur!”

(ceuk pulisi ka supir nu ngajalankeun mobilna tarik teuing)

C. Ngomong seukeut (sinis) = Moyok nu leuwih rosa/jero teurakna. Sanajan, bisa jadi ari basana mah lemes. Contona:

“titingalan téh aya ucing bulu hiris (cacah/somah), sugan téh candramawat (turunan ménak/ningrat) sadayana”

“mangga wé sadérék nu salaku sarjana nu mingpin deui, da ari abdi mah aki-aki bodo taya kanyaho”

6.  KADALON (pleonasmeu)

Kadalon = tina kecap dalu = leuwih. Kadalon = leuwih makéna kecap (saenyana cukup sakali/sakecap, tapi dina susastra dileuwihan téh pikeun nambahan sari/ jadi mamanis basa). Contona:

Ngupat ngawada, naék ka luhur, turun ka handap, teuleum ka jero cai, ngomong ngawangkong, ningali ku panon, déngé ku ceuli, jsb.

7. RARAHULAN (hiperbul/hiperbola)

Di dieu mah nu leuwih téh lain kecapna, tapi ungkarana (sagala digedékeun).

Contona: Digawé satengah paéh, dehemna saga gélédég, hulu dijieun suku, jsb.

Dina sastra Pantun kacida digegedékeunana:

Kumisna mani ngajebug sagedé sapu injuk. Kumis pacorok jeung janggot, sok matak mintul baliung, matak rompang karia kujang.

Bulu irung digelungan siga bangbara ngaliang. Bulu kélék dilélépé siga nu nyoréndang koja. Bulu taktak digulungan siga nu manggul heurap

8. NGASOR (litotés)

Sabalikna tina rarahulan, ngasor mah sagala dileutikkeun, dihandapkeun (sakapeung dipaké pikeun ngahandapkeun diri/handap asor). Contona:

Tuangna gé karo uyahteu aya naon-naon

Calik heula ka saung butut

Hatur lumayansasieureun sabeunyeureun.

Émutan cek abdi nu bodo, asa piraku…………

9. RAGUMAN (syneodoche)

= anu loba dihijikeun, atawa sabalikna, nu hiji/sawaréh dianggap kabéh

Aya dua rupa:

  1. Hurunan (totem pro parte) = nyebut sakumna, padahal nyatana ngan saurang, sahiji, sawaréh, atawa sabagian. Contona:

–          cau téh geus arasak dina tangkalna

–          mahasiswa Sunda keur ngiluan pasanggiri dangding

–          Indonesia keur pertandingan silat jeung Thailand

  1. Tunggalan (pars pro toto) = nyebut sabagian pikeun sajumlahna/sakabéhna.

–          Si Amud ti isuk mula teu katingali irungna

–          Jatah BLT pikeun sasirah téh saratus lima puluh rébu

–          “alatan cilaka kamari sukuna téh potong, jadi dibawa ka rumahsakit!”

10. RAUTAN (euphemisme) = iketan ungkara anu diganti ku nu leuwih halon, pédah karasana cohag upama diucapkeun sahinasna. Contona:

– Badé ka pengker heula/badé ka cai heula.    (hayang kiih/kahampangan)

– Asep Irama teu awas socana (lolong)

– Saéna dilereskeun deui (lepat)

– “sareng anjeuna mah nyarios téh kedah rada tarik, margi anjeuna kirag ngadangu”   (torék)

Sabtu, 14 Desember 2019

Kusikapi Sikapmu - Pernikahan Dini

#KuSikapmu #NikahDini
Bagaimana sikapmu kepada orang lain, begitulah sikap orang lain terhadapmu.

Bagaimana kamu menimbang untuk orang lain, maka begitulah orang lain akan menimbang untukmu

Dalam Taurot dituliskan.....

Siapa (orangtua) yang punya anak 12 tahun dan tidak segera menikahkannya (bila memang tidak dapat menahan diri) kemudian terjerumus dosa, maka dosalah pula orang tua tersebut.
M.A.N

Senin, 09 Desember 2019

Surat jeung Pasualan



1.       di handap ieu mana nu kaasup ciri-ciri surat pribadi,..
a.       Titimangsa                       d. tetesan
b.       Pupuhu /Kop surat       e. Nyantumkeun girang serat
c.       Tetesan
2.       Assalamu’alaikum, kaasup.... surat
a.       Titimangsa                       d. Bubuka surat
b.       Salam bubuka surat     e. Panutup surat
c.       Salam panutup surat
3.       “Panginten sakitu heula serat ti abdi, apa sareng mamah mugia tetep sehat di lembur, sanes waktos di sambung deui“.....
Paragraf di luhur kaasup....... surat.
a.       Titimangsa                       d. Panutup surat
b.       Salam bubuka surat     e. Bubuka surat
c.       Salam panutup surat
4.       Perhatikeun sisindiran di handap ieu!
aya lumut dina batu,
aya kuya di muara.
Kedah tumut kana waktu,
di dunya urang ngumbara
Mun ditilik tina wangunna sisindiran di luhur ka asup kana wangun....
a.       Rarakitan                         d. Wawangsalan
b.       Paparikan                        e. Guguritan
c.       Rarakitan jeung Paparikan
5.       Mun ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana...
a.       Silih Asih          c. Banyol                    e. Hereuy
b.       Sesebred         d. Piwuruk
6.       Abdi teh kapiring leutik
Kaisinan ku gamparan
Wangsalna........
a.       Piring                 c. Kuring                     e. Leutik
b.       Pisin                   d. Isin
7.       Tokoh jalma penting nu geus teu bireuk deui di kalangan balarea, sebutanana nyaeta ….
a.       Inohong           c. kokolot                  e. nonoman
b.       Bengkong        d. Murangkalih
8.       Munggaran urang tepang di gapura desa Cimenyan.
Kecap munggaran sarua hartina jeung ….
a.       Mimiti               c. Panungtung         e. Panengah
b.       Baheula            d. Bareto
9.       Basa harita keur hujan poyan katinggali “pelangi” di mumunggang gunung.
Kecap nu pas dina basa sunda pikeun ganti kecap “pelangi” nyaeta ….
a.       Plangi                c. Plang                       e. kutumiri
b.       Plang masjid   d. plang jalan
10.   Si Eceu Ageung mah, katinggal marahmay ….
a.       Halisna              c. pangamungna     e. acukna
b.       Rarayna            d. pananganna
11.   Ceuk sundana mentas walungan dinu deetna, kecap-kecapanana nyaeta ….
a.       Ngojay              c. teuleum                e. mandi
b.       Ngaraas            d. reueus
12.   Ngabejakeun/ngainformasikeun hiji kajadian kabatur, sok disebut ….
a.       Warta                c. wartawan             e. nongton
b.       Waragad          d. sum’ah
13.   Perhatikeun kawih di handap ieu !
Teu honcewang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tega pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka
Ari kecap cadu teh nyaeta ….
a.       Buah anu amis jeung cucukan
b.       Inuman anu asalna tina nyiruan
c.       Bangeut hayangna
d.       Teu hayang-hayang teuing
e.       Banget embungna
14.   Ari anu disebut lentong dina nyarita teh nyaeta ....
a.       Maju jeung eureunna sora
b.       Sada jeung jempena ngomong
c.       Naek jeung turunna sora
d.       Jelas jeung ngosomna omongan
e.       Omongan bujang jeung wanoja
15.   Perhatikeun Contoh Warta Sunda DISPERINDAG KAB. BANDUNG NGAYAKEUN PASAR MURAH.
Assalamualaikum Wr. Wb Pamiarsa, wilujeung patepang deui sareng, Faris Isham Wiryansyah, dina acara warta sunda. Warta anu baris kapindangkeun nya eta: DISPERINDAG KAB. BANDUNG NGAYAKEUN PASAR MURAH. BANDUNG, GWK
Disperindag (dinas perindustrian & perdagangan) Kab. Bandung ngayakeun pasar murah Di kompleks perkantoran Pemkab Bandung, Senen (23/8). Dina eta pasar murah, dijual saniskara produk UKM (usaha kecil menengah) Nurutkeun Kadisperindag Kab. Bandung Bambang Bu 1 diraharjo, pasar murah ieu ngarupakeun agenda taunan nu bakal dilaksanakeun Disperindag Kab Bandung. Dina pasar murah ieu, sakabeh produk nu dijual. Hargana leuwih murah dibandingkeun dipasar swalayan atawa swalayan. Pasar murah kacida dipikaresep warga di Kab. Bandung. Saperti taun samemehna, muterna duit ngahontal Rp 68 juta “peminat pasar murah ieu lolobana masyarakat umum. Persentase ngadongdonna 70% Masyarakat umum jeung 30% PNS”. Pamiarsa, Mung sakitu nu kapihatur, Wilujeung patepang deui dina warta nu bakal dongkap, Amit mundur amit mungkur Wasalamualaikum Wr.Wb .
Kecap amit mundur, amit mungkur teh diucapkeun dina mangsa ….
a.       Muka catur      c. sambutan             e. muka obrolan
b.       Seja amitan     d. seja ngambahan
16.   Pamiarsa teh nyaeta sebutan pikeun ….
a.       Nu maca                               d. nu ngadenge
b.       Nu ngamera                        e. nu ngapilain
c.       Nu ngabandungan
17.   Tempat paraga macakeun warta ayena dina ….
a.       Dina tv              c. Di masjid               e. di kantor
b.       Di imah             d. dina koran
18.   Nu dimaksud “PASAR MURAH” nyaeta …
a.       Jongko murah                   d. kios murah
b.       dagangan murah              e. pasar teu payu
c.       nu dagang bageur
19.   kecap: “urang tepang dina waktu nu bakal dongkap”. Ari dongkap teh nyaeta lemesna kecap ….
a.       datang              c. indit                         e. asup
b.       beak                  d. dahar
20.   kecap urang patepang teh kasarna mah …..
a.       urang papisah                    d. urang papangih
b.       urang paturay                    e. urang patepa
c.       urang ngobrol ngaler ngidul
I.          Eusian kalayan ngangge bahasa a­nu singkat tur jentre!
21.   Sebutkeun 4 materi pokok nu aya dina biantara
22.   Naon ari nu disebut warta?
23.   Naon anu dimaksud 5w1h dina ngawartakeun?
24.   Naon nu anjeun apal patula patali jeung Wawangsalan?
25.   Jieun saparaghrap kecap amitan dina biantara!

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS ftf Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github googele GS v2 Gudang Gif Guru HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id ome Ome.TV Onedrive Opis OSIS Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi PHBI photo Phyton PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Tsaqifah tulisan TV Nasional Usaha Vektor Video Video Player Video;Rara VideoPost vidio w3 WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub Zoom سلاح الدعوة
×
Judul