DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Tampilkan postingan dengan label seren tampi. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label seren tampi. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 07 Juli 2018

Masrahkeun Panganten

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمد لله الذي احل النكاح ونذب اليه وحرم السفاح ووعد عليه‌‌.  اشهد ان لا اله الا الله واتوب اليه، واشهد ان محمد رسول الله من نحب لربه.
اما بعد. اطها الناس اتقوا الله حق تقاته ولا تموتن ال وانتم مسلمون.
فقد قال تعالى فى كتابه الكريم
اعوذ بالله من ليشان الرجيم
ومن آيته ان خلق لكم من انفسكم ازواجا لتسكووا اليها وجعل بينكم مودة ورحمة ان فى ذلك لآيات لقوم يتفكرون.
وقال المصطفى فى حديثه
النكاح سنتي فمن رغب عن سنتى فليظ منى.

Puji ka gusti nu maha suci, nu geus nyiptakeun Langit jg bumi, Siang sarg weungi, jabali srg bahari, pam2gt srg istri nu teu menang ngahiji lamun ajnabi sateuacan ngalaki rabi. Mun kekh maksa ngahiji ngambah pamali nyampeurkn bebendon gusti. Ngan lamun geus laki rabi pamali mun teu ngahiji nebihan rohmatna gusti.
Sholawatna ka kanjg nabi. Pon salamna bahkan ka kulawargi, barokahna mah dugi ka sahabat tatangggi nu teu sabumi.
Tinu cakeut sami sanegri dugika mentas ka luar negeri. Kalebet urang anu kiwari suka bungah sura seuri, rek nepungkeun silaturahmi. Mugia rahmat alloh nungkebi boh ka tamu boh ka pribumi. Amin.
Para hadirin nu sarombongan, para hadirot nu tos ngarantosan, dina ieu kasempetan ieu nu dipayun cacalawakan, nu dipengker cacaleuhakan, nu di bumi mah garogonjakan teu aya sanes seja kempelan, kumargi bade nyaksian, dua makhluk nu papasangan neng qois srg kg irfan,  arek akad pertikahan ngamalkeun sabda jungjunan sangkan aya pangakuan.

النكاح سنتي فمن رغب عن سنتي فليس مني.

Hadirin nu sami hadir, nu sungar sengir, nahan kapanasaran, nu humar hemir nahan kukurubukan. Nu sura seri, kumaha mun padu duaan. Najan nyumput anger katohyan.
Sim kuring ngadeg aya tujuan, margi nampi piwarangan. Saur pun bapa, "jang wakilan", cumponan pamasrahan adat di tatar pasundan nyambut kana panampian tinu jadi pibesaneun. Saur pun bapa kieu, paksakeun atawa ikhlaskeun, da moal rek diburuhan poma ulah aya tagihan.
Ku hal ieu abdi nguningakeun naon anu didugikeun.
1. Silaturahmi
2. Nipung
3. Ngepung

===
Hadirin nu kahiji silaturahmi sakumaha pidawuh nabi:

من اراد ان يبسط فى رزقه وعمره فليصل رحمه

Upami hoyong yuswa panjang, rizkina seueur nambihan pek tepungkeun babarayaan.
Urang cililin bade nampi silaturahmina urang cianjur? Alhamdulillah. Upami bentn sareng engke mangsa panampian,  Tingalikeun.
Para hadirin. Nu kadua abdi sejak nipung,
NIPUNG = nitipken ieu pemuda untuk neng geulis. Upami alim katitipan, ah rek nipung deui be.
NIPUNG = ngajemput itu pamudi untuk nu Ganteng.

Ditaros ku urang cililin, bade nipung teh mekel naon?

الوعد
الجسد
الفؤاد
الزاد

===

- Al wa'du.  Janji pasini geusan ngajadi, nu kiwari enggeus ngabukti, ulah rek nagih deui.
- Al jasadu. Ieu abdi, saur kg irfan. Neng qois, Urang ngahiji ngambah karidoan. Turut ka nabi utusan pangeran.
- Al fuadu, mawa ati sanubari geusan mikaasih, mikanyaah moal rek pisah deui.
Al zaadu, mawa bekel, tuh soangna, tuh taucona sok kadieukeun wajitna.
Abdi teu jangjang jingjing kapal jangjangan, teu buwu bawa be emwe. Mung nyandak ATM BNI sareng KDRT.
- Alat Tusuk Manual Buat Nambahan Incu
- Kekerasan Dalam Hal Tertentu. Mun dina hal ieu teu keras. Moal boga incu.

وخير الزاد التقوى

Pang sae-saena bekel teh nyaeta Taqwa. Apal kana parentah Alloh, oge apal pancegahna.
Patula patali srg Taqwa, lebet kana maksud ka tilu nyaeta.
NGEPUNG.
Ngepung ku nasehat, ngepung ku du'a kangge anjeun duaan.

- Nasehatna:
Ka neng qois tong sieun dicandung. Ka kang irfan, Kudu sieun lamun nyandung.
Neng Qois, ku dicandung menang naraka di dunya, ngan lamun sabar, di akherat menang surga.
Kang Irfan, lamun nyandung bari deleka, sumpt salindung matak cilaka. Di dunya menang nikmat siga surgana, ngan diakherat menang siksa ku narakana bongan jail ka istri makhluk Allohna.
Neng Qois, sakumaha solehna, aya su'ul khotimahna. Ampun paralun tong kasamperna. Di akhir barangkalih. Caroge euceu nyandung. Apa? Teu ridooo gusti!!. Euceu, teu rido kacaroge atanapi teu rido ka Alloh?
Kang irfan, lngalaki rabi ngawangun rumah tanggi laun wungkul sapoeeun, lain wungkul satauneun… bahkan lain wungkul jang sadunyaeun, paratkeun dugi ka akheratna ku cara pimpin ibadahna, anu ppokok sholat jeung puasana.
Neng qois, sateu acan nikah hideup ngabdi ka abi jeung umi, kiwari wayahna tamplok kanu janten suami.
Kang irfan, sateu acan nikah ngabdi ka apa jeung ema, ayeuna mah wayahna kudu jeung ka mitohana, gantian sabab bonganna, budakna diculik ngabdi hidepna.
Neng qois. Patula patali sareng nyandung. Sing tarik ngadua, ya Alloh, si aa sing tong aya cupat kana nyandung.
Kang irfan,  lalaki nyandung ulah ngaruntagkeun sakinah mawadah rahmahna. Kanu nyandung, mun runtag sakinan mawadah rohmah. Gancang menta hampura kanu sepuhna, mun susulumputan, gancang bebjana, sabab salami ieu urang ngukut kana nifakna, urang asup nu munafikna.
Kang irfan, neng qois ngadahupn hidep duaan, sing enyaan, milari rido pangeran.

من نكح لله وانكح لله فقد استحق ولاية الله


Saha nu nikah karena Alloh, hidep duaan kang irfan, neng Qois. Mugia kengeng wilayah Alloh. Dipikasih tur dipikanyaah ku Alloh jadi gampil ibadah.

من انكح لله

Saha nu nikahkeun. Salira besan, rido putri diculik dibawa balik ka cianjur, rido nampi pangabdi ti pun adi kang irfan, ngagentosan tuang putrina. Ku karido ieu mugia ngaraih wilayatalloh.
Terakhir seja ngepung ku Du'ana:

بارك الله لكما و بارك عليكما وجمع بينكما في خير.

Sateuacan amit, aya panyungkeun. Ka urang cililin, Tadi silaturahmina katampi?
NIPUNGna abdi seja nampi?
Alhamdulillah, ku kitu ge tos kajudi, naek ka panggung moal rek lami deui. Abdi rido,  najan alakadar kecap: "abdi nampi". Nu jantn margi, indit memeh subuh, memeh seubeuh.
Cumi-cumi daging sapi
Lampu ngebray meuni caang
Ka pribumi enggal tampi
Tos teu kiat hoyong daang.
Sakitu nu kapihatur, al afwu minkum.
Wassalamu 'alaikum wr. wb.

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS ftf Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github googele GS v2 Gudang Gif Guru HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Ngoleksi Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id ome Ome.TV Onedrive Opis OSIS Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi PHBI photo Phyton PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Tsaqifah tulisan TV Nasional Usaha Vektor Video Video Player Video;Rara VideoPost vidio w3 WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub Zoom سلاح الدعوة
×
Judul