Mangsana nampi bisikan, harewos, ilham, wahyu...
Percaya ka Alloh...
Saleresna mah teu hoyong ngarobah lafadz do'a nu tos aya teh,
Mung kumargi, teras-terasan kadangu... terus menta terus menta... (padahal mah da bisa ditolak, diapilain, diabaikan).... antukna mah, enya atuh.....
Tapi da emutan teh, heueuh da jeung Alloh,
bari ieu rezeki meni seret kieu,
pamajikan koar-koar
dina henteu koar-koar oge, heueuh da kuring teh salaki nu kudu nganafkahan....
Garasi kosong keneh,
Dakkan bumi lantai dua, can aya tihangan,
....
Dina mangsana nampi sora tanpa tininggalan, eh.... sora nu teu peryogi katinggal, eh.... nu tos katinggal dina sora....
....
sakali mangsa mah asa bet dipahing menta harta teh.....
....
Hahay deuh........
Paingan, atuh paingan......
====
Ngan ketang,
ari pas emut hirup teh pamerean,
.....
jeung dina hirup aya ambahan, ambahan kudu syukurna, ambahan kudu sabarna. Hayo hanca hirup. da bongan menta hirup. sabar kadinya! (ah alim, hoyong ngambah syukur!)
====Sabar, Da teu aya syare'at menta maot====
Teu aya syare'at menta maot, nu aya mah...
Ya Alloh, panjangkeun yuswa, sehatkeun badan, caangan hate, beres roeskeun tingkahna, barokahkeun yuswa, agama (akhirat) jeung dunyana.
===
Aya memang syare'at (do'a) menta maot, tapi jang diri batur nu ceuk dina paninggal asa hawatos. Jeung barina oge syare'at (do'a) menta maot teh ku manawa-manawa, ulah sakleuk.
Menta maot jang nu teu damang....
"Gusti upami tea maot langkung sae pikeun anjeunna (nu teu damang) maka maotkeun dina kaayaan iman (buah ibadah nu yakin kana tauhid, -sahijina Gusti Alloh-)
Anapon upami tea mah hirupna (eta nu teu damang) teh langkung sae, maka hirupkeun dina kaayaan islam (bisa ibadah ngalaksankeun fikih)."
Nyebat maot teh, da najan teu dipenta ge bakal, sahingga ngado'a ...
"Ya Alloh, jantenkeun hirup, media pikeun nambahan kasaean. Sareng jantenkeun maot, media pikeun ngeureunan kaawonan."
Teu tiasa sakleuk... menta maot....
"Gustiiiiiiiiiiii, menika kieu-kieu teuing hirup teh ...!!!!! (ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat), maotkeun we atuh kuring teh......!!!!
bahkan aya nu kasar pisan, ..... podaran we atuh aing teh......"
(Ngarasula .... kasep.... ku kieu mah.....)
=====
Cag. Hayo jalankeun hirup kadinya........
Sip.... 🫂🫂🫂 


Tidak ada komentar:
Posting Komentar