DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan

Jumat, 03 Maret 2023

Persoalan Pisoaleun | PTS SMA - Mapel Sunda

PENILAIAN TENGAH SEMESTER

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas : 10

Guru Mata Pelajaran : Dudi Ridwan, S.Pd.I

=====

Waler pertarosan-pertarosan di handap ieu, ku jawaban anu singket.

  1. Tulis dina aksara sunda, kecap dihandap ieu!

    1. Abdi sakola

    2. Di Tauhidul Afkar

  2. Tulisan aksara dihandap ieu, upami dilatenkeun mah nyaeta ….?

  3. Ari anu disebut Dongeng teh nyaeta….?

  4. Dongeng ngabogaan ciri-ciri. Sebutkeun ciri-ciri dongeng anu hidep apal!

  5. Ari dongeng ngabogaan papasingan. Sebutkeun 3 rupa dongeng anu hide papal!

  6. Ari anu disebut sisindiran teh nyaeta ….?

  7. Sebutkeun babagian tina sisindiran anu hide papal!

  8. Perhatikeun wawangsalan di handap ieu!

Imah ngambang di sagara,

ulah kapalang nya bela.

Ari wangsalna tina conto diluhur, nyaeta ….

  1. Sebutkeun 3 pupuh sunda anu hidep apal!

  2. Ngilik eusina, sisindiran teh aya sesebred, aya silihasih, aya piwuruk. Jieun ku hidep sisindiran nu eusina piwuruk kana getol diajar!

=================================

Jawaban

  1. a. abdi – sakola [] b. di Tauhidul Afkar  []

  2. a. Tauhidul Afkar sakola abdi b. Abdi calik di kelas 10

  3. Dongeng nyaeta carita anu pondok, sarta eusina/sabagian eusina ngandung perkawis perkawis nu teu asup uteuk (pamohalan)

  4. 1. ngagunakeun alur nu basajan

2. carita na singket jeung unggut gancang

3. sipat inohong teu diuraikeun sacara rinci

4. di tulis siga pancaritaan sacara lisan

5. aya talatah dina caritana

6. carita nu diangkat teh teu asup uteuk

  1. 1. Parabel: dongeng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma dawam. 

  1. Fabel: Dongeng sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae tiasa nyarios jeung ngagunakeun uteuk pikiran.

  2. Legenda: Legenda sok disebut oge dongeng sasakala, nya eta dongeng anu nyaritakeun mimiti muasalna kajadian hiji tempat,barang,sasatoan,kabiasaan,atawa tutuwuhan 

  3. Sage: Dongeng anu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah 

  4. Mite: Dongeng anu eusina raket patalina jeung keperacayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkawis perkawis anu sipat na gaib.

  1. Sisindiran nyaeta omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol.

  2. (1) rarakitan; 

(2) paparikan, jeung 

(3) wawangsalan.

  1. Kapal –cai.

  2. (1) Maskumambang [dikandung], (2) Mijil [lahir], (3) Sinom [anom], (4) Kinanti [dianti-anti hirup di dunya], (5) Asmarandana [Mibogoh], (6) Gambuh [sapuk kulawarga], (7) Dangdanggula [suka bungah kumelendang], (8) Durma [Derma, mere maweh], (9) Pangkur [mungkur nebihan dunya], (10) Magatru [megat ruh, pupus], (11) Pucung [pocong, dikafanan], (12) Gurisa [do’a], (13) Wirangrong [kaisinan], (14) Balakbak [ocon], (15) Jurudemung (16) Ladrang (17) Lambang.

  3. Tangkal jengkol ngajalajar

Deukeut sumur nini uneh

Masing getol dialajar

Meungpeung umur ngora keneh


PENILAIAN TENGAH SEMESTER

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas : 11

Guru Mata Pelajaran : Dudi Ridwan, S.Pd.I

=====

Waler pertarosan-pertarosan di handap ieu, ku jawaban anu singket.

  1. Sebutkeun 3 rupa pakeman basa nu hide papal!

  2. Tuliskeun 3 contoh babasan jeung hartina!

  3. Naon anu disebut babasan teh?

  4. Naon arti hartina babasan dihandap ieu!

    1. Ngagel curuk

    2. Bengkok tikoro

    3. Panjang umur

  5. Sebutkeun babagian paribasa jeung jieun contona!

  6. Ari nu disebut wawancara teh nyaeta….?

  7. Ari anu boga gawe sok ngawawancara disebutna nyaeta ….?

  8. Lamun hidep rek nyieun warta, kudu nyoko kana rumusna, nyaeta ….?

  9. Naon ari anu disebut warta?

  10. Sebutkeun 4 rupa wawancara nu hide papal!

===============================

Jawaban:

  1. (1) Babasan, (2) Paribasa (3) Kekecapan

  2. Pait daging (kuatan), Hampang birit (daekan), Buntut kasiran (pedit)

  3. Babasan nyaeta kecap nu mangrupa siloka, atawa kiasan nu harti lolobana ngagambarkeun sifat atawa kabiasaan hiji jalma.

  4. a. teu hasil, b. teu kabagean kadaharan c. kontan datang mangsa diomongkeun.

  5. (1) pangjurung laku,  conto: kudu boga saku dua, kudu nete taraje nincak hambalan.

(2) Panyaraman, conto: ulah kumeok memeh dipacok, ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan.

(3) wawaran luang. conto: buburuh nyatu diupah beas; umur gagaduhan, banda sasampiran.

  1. Wawancara teh nyaeta: hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun samemehna.

  2. Wartawan

  3. 5w + 1h (what, where, when, who, why, how)

  4. Warta nyaeta informasi anyar atawa informasi anu ngeunaan hiji kajadian boh dipidangkeunana ngaliwatan media citak, elektronik, boh tatalepa sacara lisan.

  5. (1)wawancara pribadi, (2) wawancara berita, (3) wawancara ka jalma loba, (4) wawancara dadakan.

=====

PENILAIAN TENGAH SEMESTER

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas : 12

Guru Mata Pelajaran : Dudi Ridwan, S.Pd.I

=====

Waler pertarosan-pertarosan di handap ieu, ku jawaban anu singket.

  1. Ari anu disebut carita babad teh nyaeta ….?

  2. Sebutkeun unsur-unsur anu aya dina carita babad!

  3. Ari kecap drama teh eta asalna tina bahasa ….?

  4. Drama kabagi kana 4 bagian dumasar kana cara mintonkeunana. Sebutkeun ku hidep hiji-hijina!

  5. Pagelaran drama nu ngolah rupa-rupa humor nu pinuh ku pikaseurieun, ngilik sifatna disebut drama ….?

  6. Sebutkeun babagian drama dumasar kana sifat-sifatna!

  7. Dina drama aya bagian nu raket saperti pasemon. Ari pasemon teh nyaeta ….?

  8. Naon ari anu disebut klofon dina carita babad?

  9. Sebutkeun 2 hal nu kudu tetep dipertahankeun dina nyieun ringkeusan!

  10. Ari carita pantun teh nyaeta …..?

====

  1. Carita anu eusina ngandung unsur sajarah, atawa sajarah anu dibumbuan ku unsur carita.

  2. (1) Jejer atawa tema

  1. Amanat

  2. Panokohan

  3. Latar/setting

  4. Alur/plot

  1. Yunani

  2. Drama Rakyat, (2)Drama Modern [tunil], (3) Drama klasik, (4) Gending karasmen

  3. Drama komedi

  4. (1) Drama tragedi pikasediheun, (2) komedi pikaseurieun, (3) melodrama nu ngolah bathin, (4) Farse, carita lawak, jenaka nu pikalucueun.

  5. Pasemon teh, semu atawa paroman nu ngagambarkeun rasa hate dina beungeut

  6. Klofon nyaeta minangka panutup atawa pamungkas carita.

  7. Mampuh maham eusina, jeung (2) mampu nyusun deui ide-ideuna.

  8. Carita pantun nyaeta salah sahiji seni buhun anu ditembangkeun sakaligus dipirig ku kacapi.

Kamis, 15 Oktober 2020

Waditra Tradisional Degung Sunda

Alat-alat yang Digunakan dalam Gamelan Degung

 https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEgbjNKtMtscwbsKvUy9uNtfytxGT1SYVxK_rUQNTiapVJfnCP3k6onW-iV8EByCu5Izytf9IBdtsZZlfS8F0yrMwBdSIhIgJiWP3bi1trPeEqnbE9nwUtc6URdxJNyBX4OjP8qrwrWC-qtY/s1600/index.jpg

Istilah waditra hususna dina degung jeung umumna dina karawitan sunda nyaéta istilah anu dipaké keur nunjukeun alat-alat nu dipaké dina kagiatan kasenian. Istilah dina musik intrument. (Kubarsah, 2005: 101)

1. Bonang

Bonang, nyaéta waditra nu aya penclonan, dijieun tina bahan logam perunggu nu dipaénkeun ku cara di takol. Wanda waditra bonang méh sarua siga goong, ngan ukuran penclon bonang leuwih leutik deui tibatan goong. Bonang asalna tina kecap bo = bobo atawa sare, nang = benang. Lamun ditilik ku cara pamasanganana, penclon-penclon bonang ditunda di luhur rénténgan benang-benang. Kukituna, unggal penclon bonang ditunda siga anu keur saré (ditangkubkeun) diluhureun benang-benang. Kitu deui siga kaayana mimiti, ngan dina kaayaan ayeuna benang-benang éta diganti ku tali-tali nu dijieun tina kaén atawa plastik.

a) Bahan jeung Rancang Bangun

1) Penclon Bonang  Penclon bonang nu jadi sumber sora dijieun tina bahan logam perunggu atawa beusi. Bonang anu alus dijieun tina logam perunggu. Ngaran-ngaran bonang sarua jeung ngaran-ngaran babagian tina goong.
2) Ancak Bonang Ancak atawa limahan bonang dijieun tina awijeung benangbenang. Iimahan dijeun sakumaha rupa nepika penclon-penclon bonang bisa ditempatkeun luyu jeung kaayaan. Penclon-penclon diteundeun dina rentengan benang.

b) Ngaran-ngaran Bagian Bonang

1. Soko nyaeta awi nu miboga fungsi jadi suku panahan waditra.
2. Benang tali nyaeta tali-tali nu biboga punggi panahan penclon.
3. Papalayu nyaeta bagian tina hareup jeung tukang waditra.
4. Pongpok nyaeta tungtung pangkalna ancak.
5. Palipid nyaeta bilahan awi di luhur pongpok, keur panghalang penclon-penclon.

c) Cara Maénkeunana

Pikeun maenkeun bonang, digunakeun alat panakol nu dijieun tina awi nu dibuleudkeun jeung di bungkus ku kaen anu dililit ku benang-benang. Kadua alat takol eta dicekel ku leungeun kenca jeung katuhu. Alat takol di tabeuhkeun dina bagian tengah penclon bonang, keur meunangkeun sora nu gancang. d) Struktur jeung Fungsi Lobana penclon dina alat musik bonang biasana 14 nepika 16 siki, di mimitian ku nada 1 (da) nepika nada pangluhurna 1 (da) pangrendahna aya 3 oktaf.Ieu penclon-penclon di susun dina luhureun panyangga, kucara nempatkeun penclon anu leutik (nada pangluhurna) dijuru sabeulah katuhu pamaén, ngentep seureuh nepika penclon panggedéna (nada handap) di juru sabeulah kénca. Ieu hal disaluyukeun jeung runtuyan laras (tangga nada) degung. Bonang miboga fungsi jadi mélodi pokok nu mangrupa indung tina sakabéh alat musik séjénna. Pangkat (intro) lagu degung dimimitian ku ieu waditra. (Kubarsah, 2005, h. 89).

2. Jengglong

Jengglong nyaéta waditra aya penclonan nu dijieun tina perunggu, kuningan atawa beusi nu diameterna 30-40 cm. Dina salahsahiji ancak atawa kakanco aya 6 kromong. Penclon dina alat musik jumlahna aya 6 siki nu aya tina nada 5 (la) nepika 5 (la) di handapna (1 oktaf) ku wilayah nada nu leuwih handap tina bonang. Penclon-penclon digantungkeun dina panahan nu wangunna tihang jeung gantungan. Jenglong miboga fungsi jadi balungganinggendring (bass, panyangga lagu) nyaéta pikeun negeskeun melodi bonang, (Kubarsah, 2005: 93). 

3. Saron

Saron nyaéta waditra nu cara maénkeunna téh ditakol, ngawengku 7 atawa 14 bilah nu dijieun tina bahan logam perunggu, cara nakolna téh tangtuna waé ngagunakeun alat takol. Saron nyaéta jenis waditra nu kaasup kana perangkat gamelan. Kecap Saron nyaéta metatesis (pagantina hurup hirup jeung hurup paéh) tina kecap saron nu miboga harti sora nu kenceng atawa bedas (Basa Jawa Tengah). Jadi, saron nyaéta waditra nu sorana bedas. a) Nakol Bilah Saron Pikeun nyadakeun nada-nada saron di gunakeun panakol nu disebut panakol saron. Panakol saron dijieun tina bahan kayu nu bentukna mirip pisanjeung palu. Panakol saron dicekel ku leungeun katuhu.  b) Nengkep (Neken Bilah Nada) Nengkep nyaéta neken bilah-bilah saron, sangkan nada nu ditakol teu lila teuing ngageter. Neken bilah saron ngagunakeun ramo tengah beulah kenca. c) Struktur jeung Fungsi Jumlah wilahan dina cecempres nyaéta 14 siki, disusun di luhur panyangga nu dimimitian  nada 2 (mi) pangluhurna di ujung beulah katuhu pamaen, nepi ka nada 5 (la) panghandapna diujung beulah kenca pamaen.Cecempres tugasna pikeun rithem (patokan nada) nu negeskeun melodi Bonang, nu ditakol ku pola nu konstan. Jumlah wilahan dina peking sarua jeung cecempres, tapi nada-nada peking boga ambitus (wilayah nada) nu leuwih luhur tibatan cecempres (biasana antara sakempyung: kira-kira 1 kwint nepi ka saoktaf). Tugas peking béda jeung cecemprés, nyaéta salaku pamirig mélodi. Nalika jenglong jeung cecempres ditakol tandak (konstan nurutkeun ketukan), peking bakal leuwih katingali improvisasi, peking biasa disebut ogé pamanis dina lagu (Kubarsah, 2005, h. 85).

4. Suling

Suling nyaéta jenis waditra nu dipaénkeun ku cara ditiup. Suling dijieun tina awi nu dibolongan. Suling digunakeun pikeun mawakeun mélodi lagu, atawa mirig vokal (tembang jeung kawih) atawa pikeun dipaénkeun ku sorangan. 

a) Bahan jeung Rancang Bangun

Jenis awinu alus dijadikeun suling nyaéta awi tamiang nu umurna geus kolot. Pikeun milih bahan suling nu alus (cara tradisional), nyaéta awi nu geus kolot dikeeum di wahangan salila saminggu, tuluy diteundeun dina tempat nu panas. Lamun éta awi téh teu rusak berarti awi éta kualitasna alus, tuluy éta awi dipotong nurutkeun aturan nu diperlukeun. Misalna pikeun suling tembang Sunda Cianjuran antara 60 nepi ka 68 cm. Saterusna awi dibolongan sangkan bisa di tiup jeung nu pamungkas nyaéta nyieun liang nada.

b) Cara Niup Suling

Umumna cara niup suling kabagi kana 3 cara, nyaétaniup ku cara lalaunan atawa lembut pikeun nyadakeun nada-nada rendah. Niup sedeng pikeun nyadakeun nada-nada nu sedeng. Niup keras pikeun nyadakeun nada-nada nu luhur.

c) Nutup Liang

Pikeun suling nu bolongna genep, diperlukeun genep ramo nyaéta 3 ramo leungeun kenca pikeun diteundeun dina bagian bolong suling luhur, jeung 3 ramo leungeun katuhu diteundeun dina bagian liang sorahandap.Ka genep ramo leungeun téh digunakeun pikeun nutup jeung muka sakabeh liang sora suling.

d) Ngaran-ngaran

Bagian Suling Sirah Suling. Sumber nyaéta iket sirah nu nutupan jeung ngabentuk liang tiup. Awak nyaéta batang suling. Liang sora nyaéta liang-liang nu ditutupan ku ramo. Congo nyaéta ujung tina batang suling (Kubarsah, 2005: 38).

5. Kendang

Kendang nyaéta jenis waditra nu dijieun tina kayu jeung kulit, nu dipaenkeun ku cara di tepuk. Fungsina pikeun ngatur irama lagu. Kendang kaasup kana perangkat gamelan. Dumasar kana ukuranna aya 3 jenis waditra gendang Sunda, nyaéta : 1) Kendang Gede, dipaké dina gendang Penca nu gunana pikeun mirig pencak silat.  2) Kendang Gending atau sedeng, biasa dipaké dina pintonan wayang, kacapian jeung sajabana.  3) Kulanter nyaéta gendang nuukuranna leutik. Ieu gendang pungsina pikeun nambahanvariasi tabeuhan gendang sedeng, sabab dina nabeuhna kulanter téh teu leupas tina kendang sedeng.

a) Bahan jeung Rancang Bangun

Awak kendang -> salaku résonator dijieun tina bahan kayu nu ngarana Kuluwung.
Bem Kendang -> nyaéta bagian liang gedé nu ditutupan lambaran kulit nu posisina dibagian handap, sedengkeun bidang kulit leutik disebut Kempyang nu aya diluhur kendang.
Wangkis -> nyaéta panutup liang kuluwung nu dijieun tina kulit sasatoan. Wangkis téh jadi sumber sora.
Rarawat -> nyaéta tali nu dijieunna tina rotan atawa kulit jangat pikeun menegangkan wangkis. Rarawat sok disebut siki bonteng atawa wijen.
Tali rawir -> nyaéta tali nu dijieun tina rotan atawa jangat pikeun nutupan biwir wangkis.
Wengku -> nyaéta buleudan rotan atawa awi nu dipasang di tungtung sisi kendang pikeun ngagulung wangkis. Anting-anting nu dijieun tina bahan logam (beusi atawa perunggu) nu bentukna cingcin pikeun ngaitkeun tali kendang.
Nawa -> nyaéta liang hawa dina bagian awak kendang, tempat kaluarna hawa.
Rehal -> nyaéta standar kendang (ancak).
Simpay -> nyaéta cingcing tina kulit jangat pikeun mageuhan atawa ngenduran tali rarawat.

b) Cara Maénkeunana

Waditra gendang nu gede, di teundeun ku cara di sarékeun dina luhur rehal. Gendang leutik diteundeun di gigireun kenca atawa katuhu gendang nu gede. Cara maénkeunana gandang nyaéta ku cara di tepak ku dua dampal leungeun. Dampal leungeun sabeulah kenca miboga fungsi pikeun nepak bagean Bem, sedengkeun dampal leungeun katuhu nepak bagean. Sora-sora gendang di sadakeun ku cara : bagean-bagean Bem gendang diteken ku bunderan suku, pikeun ngahasilkeun rupa-rupa variasi sora teknik nakolna dilakukeun ku dampal leungeun jeung alat panakol gendang (Kubarsah, 2005, h. 72).

6. Goong

Goong nyaéta jenis waditra pukul nu ber-penclon, dijieun tina bahan logam perunggu. Disadakeun ku cara dipukul ku alat nu bisa ngahasilkeun sora. Sora goong fungsina pikeun panutup satiap ahir lagu. Ukuran goong téh panggedena lamun dibandingkeun jeung waditra sejen anu ber-penclon, saperti bonang, kenong, jenglong, jeung sajabana.

a) Bahan jeung Rancang Bangun

Goong Gantung ngawengku goong jeung tali nu ngagantungkeunna nu disebut kakanco. Goong wangunna buleud lonjong, aya penclonan, nu dijieun tina perunggu. Ukuran diameterna antara 90-105cm.

b) Ngaran-ngaran bagian Goong

1. Penclon, nyaéta hulu goong nu aya di tengah-tengah (titik pusat).
2. Raray, nyaéta beunget goong.
3. Manis raray, nyaéta bagian nu méré kaéndahan dina goong nu ngurilingan raray. 
4. Taktak, nyaéta bagéan nu ngurilingan manis raray salaku panguat awak.
5. Awak goong nu jangkungna antara 8-12 cm.
6. Lalambé, nyaéta biwir goong nu aya dihandap goong.

c) Cara Maénkeunana

Goong Gantung nu ditakol ku alat talu, ditakolna ka gigir. Alat panakol goong bentukna buleud dina bagian sirahna, dibungkus ku kaén. Éta alat téh dicekelan ku leungeun katuhu. Saenggeus kitu ditakolkeun kana penclong goong. Pikeun mondokan sora supaya teu panjang teuing, leungeun kenca dipaké pikeun nahan bagian tukang penclon.

d) Struktur jeung Fungsi

Goong miboga 2 penclon, nyaeta kempul (goong leutik) jeung goong (goong gedé) digantungkeun ku tali sacara pahareup-hareup dina ancakna. Kempul ayana di sabeulah kénca jeung gooang ayana di beulah katuhu. Ambitus nada goong handap pisan. Miboga fungsi jadi pangatur wiletan (birama) atawa jadi tanda ahir periode mélodi jeung panutup kalimah lagu. Saperti halna peking, waditra kendang jeung suling ogé mangrupa tambahan. Mimitina kendang dipaénkeun saperti dina lagu-lagu laras pélog/saléndro, ngan saukur jadi panyangga ketukan hungkul saperti dina oerkestra barat. Ngan maénkeun kendang dina lagu-lagu degung ayeuna leuwih pareatif, kitu oge dina maénkeun suling. Sangkilang ku timbre (warna sora) nu béda , ngan cicingna dina kaayaan anu sarua siga vocal (Kubarsah, 2005: 94).

e) Fungsi Alat-alat Musik
  • Jengglong = balunganing gending.
  • Suling = pembawa melodi.
  • Kendang = pengatur irama.
  • Saron = lilitan melodi.
  • Bonang = lilitan balunganing gending.
  • Gong = paganteb wilet.

Senin, 29 Juli 2019

BASA SUNDA -- VIDEO PHOTO MGMP




SILAHKAN DISCROL AZA MOUSE-NYA
UNTUK MELIHAT PHOTO-PHOTO DI DALAMNYA
SILAHKAN PERHATIKAN, MUNGKIN ADA YANG TIDAK KENAL.

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS ftf Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github googele GS v2 Gudang Gif Guru HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Ngoleksi Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id ome Ome.TV Onedrive Opis OSIS Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi PHBI photo Phyton PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Tsaqifah tulisan TV Nasional Usaha Vektor Video Video Player Video;Rara VideoPost vidio w3 WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub Zoom سلاح الدعوة
×
Judul