PENILAIAN TENGAH SEMESTER
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : 10
Guru Mata Pelajaran : Dudi Ridwan, S.Pd.I
=====
Waler pertarosan-pertarosan di handap ieu, ku jawaban anu singket.
Tulis dina aksara sunda, kecap dihandap ieu!
Abdi sakola
Di Tauhidul Afkar
Tulisan aksara dihandap ieu, upami dilatenkeun mah nyaeta ….?
Ari anu disebut Dongeng teh nyaeta….?
Dongeng ngabogaan ciri-ciri. Sebutkeun ciri-ciri dongeng anu hidep apal!
Ari dongeng ngabogaan papasingan. Sebutkeun 3 rupa dongeng anu hide papal!
Ari anu disebut sisindiran teh nyaeta ….?
Sebutkeun babagian tina sisindiran anu hide papal!
Perhatikeun wawangsalan di handap ieu!
Imah ngambang di sagara,
ulah kapalang nya bela.
Ari wangsalna tina conto diluhur, nyaeta ….
Sebutkeun 3 pupuh sunda anu hidep apal!
Ngilik eusina, sisindiran teh aya sesebred, aya silihasih, aya piwuruk. Jieun ku hidep sisindiran nu eusina piwuruk kana getol diajar!
=================================
Jawaban
a. abdi – sakola [] b. di Tauhidul Afkar []
a. Tauhidul Afkar sakola abdi b. Abdi calik di kelas 10
Dongeng nyaeta carita anu pondok, sarta eusina/sabagian eusina ngandung perkawis perkawis nu teu asup uteuk (pamohalan)
1. ngagunakeun alur nu basajan
2. carita na singket jeung unggut gancang
3. sipat inohong teu diuraikeun sacara rinci
4. di tulis siga pancaritaan sacara lisan
5. aya talatah dina caritana
6. carita nu diangkat teh teu asup uteuk
1. Parabel: dongeng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma dawam.
Fabel: Dongeng sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae tiasa nyarios jeung ngagunakeun uteuk pikiran.
Legenda: Legenda sok disebut oge dongeng sasakala, nya eta dongeng anu nyaritakeun mimiti muasalna kajadian hiji tempat,barang,sasatoan,kabiasaan,atawa tutuwuhan
Sage: Dongeng anu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah
Mite: Dongeng anu eusina raket patalina jeung keperacayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkawis perkawis anu sipat na gaib.
Sisindiran nyaeta omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol.
(1) rarakitan;
(2) paparikan, jeung
(3) wawangsalan.
Kapal –cai.
(1) Maskumambang [dikandung], (2) Mijil [lahir], (3) Sinom [anom], (4) Kinanti [dianti-anti hirup di dunya], (5) Asmarandana [Mibogoh], (6) Gambuh [sapuk kulawarga], (7) Dangdanggula [suka bungah kumelendang], (8) Durma [Derma, mere maweh], (9) Pangkur [mungkur nebihan dunya], (10) Magatru [megat ruh, pupus], (11) Pucung [pocong, dikafanan], (12) Gurisa [do’a], (13) Wirangrong [kaisinan], (14) Balakbak [ocon], (15) Jurudemung (16) Ladrang (17) Lambang.
Tangkal jengkol ngajalajar
Deukeut sumur nini uneh
Masing getol dialajar
Meungpeung umur ngora keneh
PENILAIAN TENGAH SEMESTER
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : 11
Guru Mata Pelajaran : Dudi Ridwan, S.Pd.I
=====
Waler pertarosan-pertarosan di handap ieu, ku jawaban anu singket.
Sebutkeun 3 rupa pakeman basa nu hide papal!
Tuliskeun 3 contoh babasan jeung hartina!
Naon anu disebut babasan teh?
Naon arti hartina babasan dihandap ieu!
Ngagel curuk
Bengkok tikoro
Panjang umur
Sebutkeun babagian paribasa jeung jieun contona!
Ari nu disebut wawancara teh nyaeta….?
Ari anu boga gawe sok ngawawancara disebutna nyaeta ….?
Lamun hidep rek nyieun warta, kudu nyoko kana rumusna, nyaeta ….?
Naon ari anu disebut warta?
Sebutkeun 4 rupa wawancara nu hide papal!
===============================
Jawaban:
(1) Babasan, (2) Paribasa (3) Kekecapan
Pait daging (kuatan), Hampang birit (daekan), Buntut kasiran (pedit)
Babasan nyaeta kecap nu mangrupa siloka, atawa kiasan nu harti lolobana ngagambarkeun sifat atawa kabiasaan hiji jalma.
a. teu hasil, b. teu kabagean kadaharan c. kontan datang mangsa diomongkeun.
(1) pangjurung laku, conto: kudu boga saku dua, kudu nete taraje nincak hambalan.
(2) Panyaraman, conto: ulah kumeok memeh dipacok, ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan.
(3) wawaran luang. conto: buburuh nyatu diupah beas; umur gagaduhan, banda sasampiran.
Wawancara teh nyaeta: hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun samemehna.
Wartawan
5w + 1h (what, where, when, who, why, how)
Warta nyaeta informasi anyar atawa informasi anu ngeunaan hiji kajadian boh dipidangkeunana ngaliwatan media citak, elektronik, boh tatalepa sacara lisan.
(1)wawancara pribadi, (2) wawancara berita, (3) wawancara ka jalma loba, (4) wawancara dadakan.
=====
PENILAIAN TENGAH SEMESTER
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : 12
Guru Mata Pelajaran : Dudi Ridwan, S.Pd.I
=====
Waler pertarosan-pertarosan di handap ieu, ku jawaban anu singket.
Ari anu disebut carita babad teh nyaeta ….?
Sebutkeun unsur-unsur anu aya dina carita babad!
Ari kecap drama teh eta asalna tina bahasa ….?
Drama kabagi kana 4 bagian dumasar kana cara mintonkeunana. Sebutkeun ku hidep hiji-hijina!
Pagelaran drama nu ngolah rupa-rupa humor nu pinuh ku pikaseurieun, ngilik sifatna disebut drama ….?
Sebutkeun babagian drama dumasar kana sifat-sifatna!
Dina drama aya bagian nu raket saperti pasemon. Ari pasemon teh nyaeta ….?
Naon ari anu disebut klofon dina carita babad?
Sebutkeun 2 hal nu kudu tetep dipertahankeun dina nyieun ringkeusan!
Ari carita pantun teh nyaeta …..?
====
Carita anu eusina ngandung unsur sajarah, atawa sajarah anu dibumbuan ku unsur carita.
(1) Jejer atawa tema
Amanat
Panokohan
Latar/setting
Alur/plot
Yunani
Drama Rakyat, (2)Drama Modern [tunil], (3) Drama klasik, (4) Gending karasmen
Drama komedi
(1) Drama tragedi pikasediheun, (2) komedi pikaseurieun, (3) melodrama nu ngolah bathin, (4) Farse, carita lawak, jenaka nu pikalucueun.
Pasemon teh, semu atawa paroman nu ngagambarkeun rasa hate dina beungeut
Klofon nyaeta minangka panutup atawa pamungkas carita.
Mampuh maham eusina, jeung (2) mampu nyusun deui ide-ideuna.
Carita pantun nyaeta salah sahiji seni buhun anu ditembangkeun sakaligus dipirig ku kacapi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar