DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Tampilkan postingan dengan label materi sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label materi sunda. Tampilkan semua postingan

Kamis, 22 Agustus 2019

Sisindiran

SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. 

Sisindiran teh mangrupa karya sastra wangun ugeran, lantaran kauger ku purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna dina sapalisan teh diwangun ku dalapan engang. Upama dipatalikeun jeung katerangan kamus di luhur, wangenan sisindiran teh bisa disebutkeun: karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula, diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.

Ari nu disebut purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); perenahna boh ngarendeng, ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pertikal (antar jajaran, antar padalisan).

Dina rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu murwakanti the maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari cangkangna mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu diteangan maksudna tea.

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2)paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitanjeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

RARAKITAN


Rarakitan teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu dipapandekeun jeung sipat rakit anu papak dina puhuna.


Purwakanti anu aya dina rarakitan, sarta mangrupa ciri anu ngabedakeun jeung paparikan, nyaeta purwakanti mindoan kawit, anu timbul lantaran aya kecap-akecap anu dipindo (dibalikeun) dina awal padalisan. Kulantaran purwakanti mindoan kawit teh antara cangkang jeung eusi, umumna dina rarakitan mah kaselang heula ku padalisan sejen, nepi siga nu pacorok


Contona:


Jauh-jauh manggul awi,

nyiar-nyiar pimerangeun.

Jauh-jauh neang abdi,

nyiar-nyiar pimelangeun

Cangkang:


Jauh-jauh manggul awi

nyiar-nyiar pimerangeun

Eusi:


Jauh-jauh neang abdi,

nyiar-nyiar pimelangeun

Rarakitan di luhur teh sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua cangkangna; padalisan katilu jeung kaopat eusina. 

Kecap anu aya dina awal padalisan cangkangna sarua (murwakanti) jeung kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi nyaeta jauh-jauh. Kitu deui kecap anu aya dina awal padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap anu aya dina awal padalisan kadua eusi nyaeta nyiar-nyiar.


Salian ti eta, purwakanti the aya dina tungtung padalisan deuih. Ieu oge murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap awi murwakanti jeung abdi, pimerangeun murwakanti jeung pimelangeun.


Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk jeung lulucon.


Rarakitan silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih, cinta atawa birahi.


Contona:


Mun teu tulus ka paseukna,

ka pancirna oge hade.

Mun teu tulus ka lanceukna,

ka adina oge hade.

Batur mah dibaju hideung,

kuring mah kabaya bae.

Batur mah dipikatineung,

kuring mah sangsara bae.

Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.


Contona:


Peupeujeuh ari ka Bandung,

ulah meuli hayam kate.

Peupeujeuh ari ka indung,

ulah nganyerikeun hate.

Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun urat.

Sing getol neangan elmu,

nu guna dunya aherat.

Rarakitan sesebred nyaeta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social, pamitan jeung salian ti eta.


Contona:


Majar maneh cengkeh koneng,

kulit peuteuy dina nyiru.

Majar maneh lengkeh koneng,

kulit beuteung mani nambru.

Sok haying nyaba ka Bandung,

sok haying nyaho nanjakna.

Sok haying nanya nu pundung,

sok haying nyaho nyentakna.

Unggal padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Kitu deui jumlah padalisan dina sapadana, rereana mah anu opat padalisan, sanajan aya nu leuwih ti opat padalisan oge. Tangtu bae jumlahna kudu jangkep saperti genep padalisan, dalapan padalisan jeung sajabana ti eta.

PAPARIKAN


Paparikan the asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti deukeut. Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.


Contona:


Boboko ragrag ti imah,

ninggang kana pileuiteun.

Nya bogoh ulah ka semah,

lamun anggang sok leungiteun

Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di dinya aya sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap boboko padeukeut sorana jeung kecap nya bogoh, kecap imah padeukeut sorana jeung kecap semah. Kitu deui padalisan kadua cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kadua eusi. Kecap ninggang padeukeut sorana jeung kecap anggang, kecap pileuiteun padeukeut sorana jeung kecap leungiteun. Umumna aya purwakanti laraswokas (purwakanti engang tungtung) anu kaselang heula siga pacorok.

Nilik kana eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.


Paparikan silihasih nyaeta paparikan anu eusina silihasih, cinta atawa birahi.


Contona:


Daun pulus dilulunan,

jojodog ti Tarikolot.

Sugan tulus lalaunan,

aya jodo pakokolot.

Baju hideung kancing tangan,

dikaput ku merang awi.

Nu hideung matak teunangan,

sing emut ka diri abdi.

Paparikan piwuruk nyaeta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.


Contona:


Lauk emas ngakan ganggeng,

disamberan ku japati.

Boga emas moal langgeng,

Teu cara boga pangarti.

Meuli kurupuk sadacin

diwadahan kana kalo

Nu dipupuk ku prihatin

eta diasih ku Alloh

Paparikan sesebred nyaeta paparikan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk saperti lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.


Contona:


Jeruk purut Cikaruncang,

jambu aer Wanayasa.

Camerut haying kabujang,

susu laer teu dirasa.

Piring katuruban sendok,

ngawadahan rujak huni.

Kuring ge baheula denok,

Ayeuna mah nini-nini

Umumna paparikan oge dina sapadana the diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Sabab aya sawatara paparikan anu geus popular tur dina sapadana henteu diwangun ku dalapan engang.


Contona:


Dengkleung dengkleung dengdek,

buah kopi raranggeuyan.

Ingkeun anu dewek,

ulah pati diheureuyan.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,

nyeredet hate ningali herang caina.


Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,

nyeredet hate ningali sorot socana.


Dina conto-conto diluhur, dina sapadana diwangun ku opat padalisan dina sapadana. Saenyana taya katangtuan kudu sabaraha padalisan dina sapadana paparikan teh, anu penting jumlahna jangkep bae. Iwal anu mangrupa dangding, biasana sapada cangkang sapada eusi.

WAWANGSALAN

Wawangsalan teh nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna the tara ditetelakeun, tapi kudu diteangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsal the sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi eta.


Tengetan geura contona dihandap ieu:


Teu beunang dihurang sawah,

teu beunang dipikameumeut.

Padalisan kahiji nyaeta sindir,. Ari padalisan kadua bagian eusi. Bagian sindir dina wawangsalan di luhur diwangun ku cangkang Teu beunang dihurang sawah jeung wangsal nyamuni dina eta cangkang nyaeta hurang sawah. Naon anu dijieun wangsalna? Bisa barang atawa hal. Kudu diteangan tina bagian eusi Teu beunang dipikameumeut. Wangsalna hurang sawah, moal salah anu dijieun wangsalna the sato siga hurang anu aya (remen kapanggih) di sawah. Dina bagian eusi aya kecap dipikameumeut. Sato naon anu siga hurang, ayana di sawah, sarta ngaranna murwakanti jeung kecap dipikameumeut? Jawabanana: simeut


Conto sejenna:


Reregan sabudeur imah,

Kasangsara siang wengi.

Naon ari reregan sabudeur imah the? Jawabanana atawa (barang) anu dijieun wangsalna kudu diteangan dina bagian eusi. Di dinya aya kecap kasangsara. Naon ari reregan sabudeur imah anu ngaranna murwakanti jeung kecap kasangsara? Jawabanana: kasang.


Upama nilik kana wangunna, wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan. Ari jumlah engang dina unggal padalisan dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan aya patalina jeung silihasih, cinta, atawa birahi.

Titenan geura sawatara conto dihandap ieu:


Belut sisit saba darat,

kapiraray siang wengi.

(oray)

Imah ngambang di sagara,

ulah kapalang nya bela.

(kapal cai)

Manuk tukung saba reuma,

uyuhan daek ka abdi.

(puyuh)


Teu beunang ditiwu leuweung,

teu beunang sipikasono.

(kaso)

Biantara

BIANTARA
Wangenan Biantara
Biantara nya eta nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji perkara, sipatna monologis, ukur
direspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon.

Tujuan Biantara:
  1. Informatif
  2. Persuasif jeung Instruktif
  3. Edukatif
  4. Entertaint
Materi Biantara:
  1. Bubuka
  2. Eusi
  3. Bahasan
  4. Kacindekan
Metode Biantara:
  • Metode Impromtu
  • Metode Ngapalkeun (memoriter)
  • Metode Naskah (manuscrip)
  • Metode ekstemporan
Guna Biantara:
  • - Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud.
  • - Ngaronjatkeun ajen diri
  • - Ngarojong Leadership
  • - Jadi puseur paniten masarakat, dihormat jeung dihargaan.
Wanda Biantara:
  1. Ceramah
  2. Pamapag/sambutan
  3. Pedaran/bahasan hiji pasualan
  4. Natar (up grading)
  5. Laporan
  6. Kampanyeu/propaganda
Tarekah Ngaronjatkeun Kamampuh Biantara
  • Diajar dina organisasi
  • Numuwuhkeun kawani tumanya
  • Ngaregepkeun ceramah ilmiah
  • Rea maca
TAHAPAN BIANTARA
  1. PERSIAPAN
    • Nangtukeun tujuan jeung topik
    • Ngawasa materi nu rek ditepikeun
    • Mikanyaho audience
    • Mikaweruh situasi jeung kondisi
    • Nyiapkeun fisik jeung mental
  2. TAHAP MIDANG
    • Muka omongan
    • Ngabiantarakeun eusi
    • Nutup biantara
Sumber: http://yuniawatinesatta.blogspot.com/2011/11/biantara.html

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS ftf Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github googele GS v2 Gudang Gif Guru HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id ome Ome.TV Onedrive Opis OSIS Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi PHBI photo Phyton PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Tsaqifah tulisan TV Nasional Usaha Vektor Video Video Player Video;Rara VideoPost vidio w3 WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub Zoom سلاح الدعوة
×
Judul