الدعاء "دخول
المرحاض او الحمام"
اَللّٰهُمَّ
إنِّي أَعُوذُ بِك من الْخُبْثِ وَالْخَبَائِثِ – وَاَسۡأَلُكَ مِنَ الطَّيِّبِيۡنَ
وَالطَّيِّبَاتِ
"Ya Alloh, abdi nyalindung ka Salira Ku Anjeun ti setan jaluna sareng setan bikangna, [*tambahan:] sareng abdi neda dipaparinan ti makhluk Gusti nu sarae ti golongan pamegetna sareng nu sarae ti golongan istrina"
الدعاء "الخروج
من المرحاض او الحمام"
غُفۡرَانَكَ
وَرِضۡوَانَكَ
"Ya Alloh, [Abdi nyuhunkeun, nu teu dibahasakeun. Da Gusti uninga jeung ieu mah rek maksa we...:] Pangapunten Gusti, sareng Karido Gusti!"
=====
*tambahan
Asup ka wc/toilet teh nyampak nu kotor-kotor, nu kedah diwasuh, tapi da keukeuh, wc/toilet aya di hiji ruangan anu urang aya di dinya. Ku Hal eta, sajabi ti nyalindung teh, nya teras nyuhunkeun. Upami nyalindung tina awon, maka nyuhunkeun mah tina saena.
Nu mana, toyyibin toyyibat?
Seueur....
_ Upami nyalindung ti setan, atuh nyuhunkeun malaikatna.
_ Upami nyalindung tina awon nu kotor-kotor,
ghoit nu dipodolkeun, pipis nu dikiihkeun.... atuh da tos di e-ekeun, sareng dipipiskeun teh lapar deui, halabhab deui. Ku do'a ieu, nyuhunkeun katuangan anu sarae (toyyibat) nu mana, anu masakna teh istri/bojo anu toyyibat.
_ Upami di wc/toilet, nu kotor-kotor nu peryogi diwasuh, atuh diluar wc/toilet mah kayaning di ruang tengah, di pawon, di enggon mah nu sararae nu ararendah.
====
**Ku ibarat anu singkat, ari calakan mah, ngarti tur surti**
Tidak ada komentar:
Posting Komentar