DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Kamis, 19 Desember 2019

Gaya Basa Dina Sunda

Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nya éta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. (Wikipédia)

Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.

Papasingan Gaya Basa di antarana:

  1. NGUPAMAKEUN (ngabandingkeun). Nilik wandana, aya dua rupa:
  1. Babandingan Kabaheulaan (kaasup kana basa pakeman)

Sawaréh make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas, j/siga, asa), sawaréh deui teu make kecap babandingan

Conto-conto nu make kecap babandingan:

–          Angkat cara macan teu nangan

–          Jiga bueuk meunang mabuk

–          Kawas kapuk kaibunan

–          Siga careuh bulan

–          Asa dina pangimpian

Nu geus teu make kecap babandingan

–          Pipina kadu sapasi

–          Ambekna sakulit bawang

–          Nyaliksik ka bubuk leutik

    1. Babandingan Jaman Ayeuna

–          Gancangna kawas pesawat jét

–          Kawas Roméo jeung Juliét

Sawaréhna deui tina basa serepan:

–          Babadamian téh manggih jalan buntu

–          Waktu téh sarua jeung duit

–          Angin subuh ngeharéwos

  1. MIJALMA (personifikasi) = Barang nu teu nyawaan atawa ogé sasatoan, diupamakeun boga polah kawas manusa (jalma). Contona:

–          Gunung siga milu nguyung, lebak siga milu susah

–          Sang Surya lumungsur ti marcapada

–          Bulan ngintip tina sela-sela méga

–          Sora tarawangsa ngabangingik katebak angin

  1. LALANDIHAN (métafora) = Nganganti sesebutan. Ieu aya dua rupa:

A. Pideudeuh (ngalandi nyebut pédah mikalucu). Contona:

– Srikandi           (awéwé nu wanian)

– Arjuna              (lalaki nu kasép)

– Si Gégép          (kiper nu hésé kaasupan gulna)

B. Ocon (ngalandi pikeun ngaheureuyan). Contona:

– Ujang Gembru            (budak nu gendut)

– Wayang Pangsisina     (gédé, tapi taya gawé)

– Bujangga Mikung       (nu kakara diajar ngarang)

4.         SINDIR ( alégori) = Omongan anu teu togmol, dibalibirkeun (teu poksang).

Contona: “Langkung saé nu ieu kanggo Euceu mah, nu kayas pikawayeun téh”

(maksudna mah: “Entong éta, pikeun potongan gateuw kitu mah”)

“ahhh da abdi mah cacah, sanés pangangung sapertos pangjenengan, atos wé damai”

(maksudna mah: teu wani maju ka hukum, da hukum mah  sok rajeun lolong ku pangkat-darajat)

5.         MOYOK (spot) = Nyawad, nyempad, nyepét, atawa ngawada, tapi teu ku kasar.

Aya tilu rupa:

A. Ngomong Dua (ironi):

“Profésor”                                    (nyebut ka budak nu dianggep bodo)

“Ajengan”                                    (moyok ka nu kakara santri tapi adigung)

“ Subuh-subuh teuing”                (nyebut ka nu datang kabeurangan)

B. Meupeuh Lemes (sarkasmeu)

Contona: “Mun hayang téréh dikubur, ulah mamawa tiwas kabatur!”

(ceuk pulisi ka supir nu ngajalankeun mobilna tarik teuing)

C. Ngomong seukeut (sinis) = Moyok nu leuwih rosa/jero teurakna. Sanajan, bisa jadi ari basana mah lemes. Contona:

“titingalan téh aya ucing bulu hiris (cacah/somah), sugan téh candramawat (turunan ménak/ningrat) sadayana”

“mangga wé sadérék nu salaku sarjana nu mingpin deui, da ari abdi mah aki-aki bodo taya kanyaho”

6.  KADALON (pleonasmeu)

Kadalon = tina kecap dalu = leuwih. Kadalon = leuwih makéna kecap (saenyana cukup sakali/sakecap, tapi dina susastra dileuwihan téh pikeun nambahan sari/ jadi mamanis basa). Contona:

Ngupat ngawada, naék ka luhur, turun ka handap, teuleum ka jero cai, ngomong ngawangkong, ningali ku panon, déngé ku ceuli, jsb.

7. RARAHULAN (hiperbul/hiperbola)

Di dieu mah nu leuwih téh lain kecapna, tapi ungkarana (sagala digedékeun).

Contona: Digawé satengah paéh, dehemna saga gélédég, hulu dijieun suku, jsb.

Dina sastra Pantun kacida digegedékeunana:

Kumisna mani ngajebug sagedé sapu injuk. Kumis pacorok jeung janggot, sok matak mintul baliung, matak rompang karia kujang.

Bulu irung digelungan siga bangbara ngaliang. Bulu kélék dilélépé siga nu nyoréndang koja. Bulu taktak digulungan siga nu manggul heurap

8. NGASOR (litotés)

Sabalikna tina rarahulan, ngasor mah sagala dileutikkeun, dihandapkeun (sakapeung dipaké pikeun ngahandapkeun diri/handap asor). Contona:

Tuangna gé karo uyahteu aya naon-naon

Calik heula ka saung butut

Hatur lumayansasieureun sabeunyeureun.

Émutan cek abdi nu bodo, asa piraku…………

9. RAGUMAN (syneodoche)

= anu loba dihijikeun, atawa sabalikna, nu hiji/sawaréh dianggap kabéh

Aya dua rupa:

  1. Hurunan (totem pro parte) = nyebut sakumna, padahal nyatana ngan saurang, sahiji, sawaréh, atawa sabagian. Contona:

–          cau téh geus arasak dina tangkalna

–          mahasiswa Sunda keur ngiluan pasanggiri dangding

–          Indonesia keur pertandingan silat jeung Thailand

  1. Tunggalan (pars pro toto) = nyebut sabagian pikeun sajumlahna/sakabéhna.

–          Si Amud ti isuk mula teu katingali irungna

–          Jatah BLT pikeun sasirah téh saratus lima puluh rébu

–          “alatan cilaka kamari sukuna téh potong, jadi dibawa ka rumahsakit!”

10. RAUTAN (euphemisme) = iketan ungkara anu diganti ku nu leuwih halon, pédah karasana cohag upama diucapkeun sahinasna. Contona:

– Badé ka pengker heula/badé ka cai heula.    (hayang kiih/kahampangan)

– Asep Irama teu awas socana (lolong)

– Saéna dilereskeun deui (lepat)

– “sareng anjeuna mah nyarios téh kedah rada tarik, margi anjeuna kirag ngadangu”   (torék)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS ftf Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github googele GS v2 Gudang Gif Guru HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Ngoleksi Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id ome Ome.TV Onedrive Opis OSIS Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi PHBI photo Phyton PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Trik Tsaqifah tulisan TV Nasional Usaha Vektor Video Video Player Video;Edit Video;Rara VideoPost vidio w3 WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub Zoom سلاح الدعوة
×
Judul