DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Selasa, 09 April 2024

Mushaf Ridwan | MURI _ 2 _Al-Baqoroh

Surat ke-2. QS. Al-Baqarah (Sapi Betina) 286 ayat:

بِسۡمِ اللّٰهِ الرَّحۡمٰنِ الرَّحِيۡمِ

الٓمّٓۚ
1. Alif Lam Mim

ذٰلِكَ الۡكِتٰبُ لَا رَيۡبَ ۛ فِيۡهِ ۛ ھُدًى لِّلۡمُتَّقِيۡنَ
2. Kitab (Al-Qur'an) ieu teu aya karaguan dilebetna; pituduh pikeun maranehna nu taraqwa,

الَّذِيۡنَ يُؤۡمِنُوۡنَ بِالۡغَيۡبِ وَ يُـقِيۡمُوۡنَ الصَّلٰوةَ وَ مِمَّا رَزَقۡنٰھُمۡ يُنۡفِقُوۡنَ
3. (nyaeta) maranehna nu iman kana alam ghaib, ngalaksanakeun sholat, jeung ngainfakeun sabagian rezeki anu ku Kami geus dibikeun ka maranehna.

وَ الَّذِيۡنَ يُؤۡمِنُوۡنَ بِمَآ اُنۡزِلَ اِلَيۡكَ وَمَآ اُنۡزِلَ مِنۡ قَبۡلِكَ ۚ وَبِالۡاٰخِرَةِ ھُمۡ يُوۡقِنُوۡنَ
4. jeung maranehna nu iman kana (Al-Qur'an) nu dilungsurkeun ka anjeun (hey nabi) jeung iman kana kitab-kitab nu dilungsurkeun samemeh anjeun, jeung maranehna yakin kana ayana akherat. (iman kanu lungsur saba’da anjeun).

اُولٰٓٮِٕكَ عَلٰى هُدًى مِّنۡ رَّبِّهِمۡ‌ وَاُولٰٓٮِٕكَ هُمُ الۡمُفۡلِحُوۡنَ‏
5. Marenehnalah nu menang pituduh ti Pangerana, jeung maranehnalah jalma-jalma nu aruntung.
=========================================tadarus 2
اِنَّ الَّذِيۡنَ كَفَرُوۡا سَوَآءٌ عَلَيۡهِمۡ ءَاَنۡذَرۡتَهُمۡ اَمۡ لَمۡ تُنۡذِرۡهُمۡ لَا يُؤۡمِنُوۡنَ‏
6. Saestuna jalma-jalma kafir, sarua bae pikeun maranehna, Anjeun (hey nabi) mere pepeling atanapi henteu, maranehna moal ariman.

خَتَمَ اللّٰهُ عَلَىٰ قُلُوۡبِهِمۡ وَعَلٰى سَمۡعِهِمۡ‌ؕ وَعَلٰىٓ اَبۡصَارِهِمۡ غِشَاوَةٌ وَّلَهُمۡ عَذَابٌ عَظِيۡمٌ
7. Alloh parantos ngonci hate jeung pangdenge maranehna, panenjo maranehna geus katutup, jeung maranehna bakal meunang adzab nu beurat.

وَمِنَ النَّاسِ مَنۡ يَّقُوۡلُ اٰمَنَّا بِاللّٰهِ وَبِالۡيَوۡمِ الۡاٰخِرِ وَمَا هُمۡ بِمُؤۡمِنِيۡنَ‌ۘ‏
8. Jeung diantara manusa aya nu nyarita, “kami iman ka Alloh jeung poe akhir", padahal maranehna teh teu ariman.

يُخٰدِعُوۡنَ اللّٰهَ وَالَّذِيۡنَ اٰمَنُوۡا ‌ۚ وَمَا يَخۡدَعُوۡنَ اِلَّاۤ اَنۡفُسَهُمۡ وَمَا يَشۡعُرُوۡنَؕ
9. Maranehna nipu Alloh jeung nipu jalma-jalam nu ariman, padahal maranehna teu nipu kajaba nipu diri sorangan ngan teu saladar.

فِىۡ قُلُوۡبِهِمۡ مَّرَضٌۙ فَزَادَهُمُ اللّٰهُ مَرَضًا ‌ۚ وَّلَهُمۡ عَذَابٌ اَلِيۡمٌۙۢ بِمَا كَانُوۡا يَكۡذِبُوۡنَ‏
10. Dina hate maranehna aya panyakit, terus nambahan Alloh kana panyakitna, jeung pikeun maranehna adzab nu pedih ku sabab maranehna ngabarohong.

وَاِذَا قِيۡلَ لَهُمۡ لَا تُفۡسِدُوۡا فِىۡ الۡاَرۡضِۙ قَالُوۡاۤ اِنَّمَا نَحۡنُ مُصۡلِحُوۡنَ
11. Jeung lamun dicaritakeun ka maranehna, “Tong nyieun karuksakan di bumi!” maranehna ngajawab, “justru kami mah jalma-jalma anu migawe kaalusan”.

اَلَاۤ اِنَّهُمۡ هُمُ الۡمُفۡسِدُوۡنَ وَلٰـكِنۡ لَّا يَشۡعُرُوۡنَ
12. Ingetkeun, saestuna maranehna nu nyieun karuksakan, ngan bae teu saladar.

وَاِذَا قِيۡلَ لَهُمۡ اٰمِنُوۡا كَمَاۤ اٰمَنَ النَّاسُ قَالُوۡاۤ اَنُؤۡمِنُ كَمَاۤ اٰمَنَ السُّفَهَآءُ‌ ؕ اَلَاۤ اِنَّهُمۡ هُمُ السُّفَهَآءُ وَلٰـكِنۡ لَّا يَعۡلَمُوۡنَ
13. Jeung lamun dicaritakeun ka maranehna, “Cing atuh iman, sapertikeun manusa nu sejen geus ariman!” maranehna ngajawab, “Naha kami kudu iman sapertikeun jalma-jalma nu sapeh [barodo]?. Sing inget, saestuna mah maranehna nu barodo [nu sapeh] teh, ngan bae maranehna teu apaleun.

وَاِذَا لَقُوۡا الَّذِيۡنَ اٰمَنُوۡا قَالُوۡاۤ اٰمَنَّا ۖۚ وَاِذَا خَلَوۡا اِلٰى شَيٰطِيۡنِهِمۡۙ قَالُوۡاۤ اِنَّا مَعَكُمۡۙ اِنَّمَا نَحۡنُ مُسۡتَهۡزِءُوۡنَ
14. Jeung lamun maranehna papanggih jeung jalma ariman, maranehna nyarita, “Kami iman”. Tetapina lamun maranehna balik ka setan-setanna (jalma-jalma nu garoreng laku), maranehna nyarita, “Kami jeung aranjeun, kami mah mung sakadar ngolok-ngolok.

اَللّٰهُ يَسۡتَهۡزِئُ بِهِمۡ وَيَمُدُّهُمۡ فِىۡ طُغۡيَانِهِمۡ يَعۡمَهُوۡنَ‏
15. Alloh nu ngolok-ngolok maranehna jeung ngantep maranehna terombang-ambing dina kasesatan.

اُولٰٓٮِٕكَ الَّذِيۡنَ اشۡتَرَوُا الضَّلٰلَةَ بِالۡهُدٰى فَمَا رَبِحَتۡ تِّجَارَتُهُمۡ وَمَا كَانُوۡا مُهۡتَدِيۡنَ‏
16. Maranehna teh nu meuli kasesatan ku pitunjuk. Maka dadagangan maranehna moal aruntung jeung moal meunang pitunjuk.
=========================================tadarus 3

مَثَلُهُمۡ كَمَثَلِ الَّذِى اسۡتَوۡقَدَ نَارًا ‌ۚ فَلَمَّاۤ اَضَآءَتۡ مَا حَوۡلَهٗ ذَهَبَ اللّٰهُ بِنُوۡرِهِمۡ وَتَرَكَهُمۡ فِىۡ ظُلُمٰتٍ لَّا يُبۡصِرُوۡنَ
17. Pangumpamaan maranehna sapertikeun jalma-jalam nu ngahurungkeun seuneu, mangsana geus nyaangan itu seuneu ka sakurilingna, tuluy Alloh ngaleungitkeun cahayana jeung ngantep Alloh ka maranehna dina kaayaan poek teu nararenjo.

صُمٌّۢ بُكۡمٌ عُمۡىٌ فَهُمۡ لَا يَرۡجِعُوۡنَ ۙ‏
18. Maranehna torek, bonge, lolong; nepika teu bisa baralik.

اَوۡ كَصَيِّبٍ مِّنَ السَّمَآءِ فِيۡهِ ظُلُمٰتٌ وَّرَعۡدٌ وَّبَرۡقٌ‌ ۚ يَجۡعَلُوۡنَ اَصَابِعَهُمۡ فِىۡۤ اٰذَانِهِمۡ مِّنَ الصَّوَاعِقِ حَذَرَ الۡمَوۡتِ‌ؕ وَاللّٰهُ مُحِيۡطٌ‌ۢ بِالۡكٰفِرِيۡنَ
19. Atawa sapertikeun (jalma anu) kahujanan nu ngageyer ti langit, nu dibarengan ku poek, guludug jeung gelap. Maranehna nutupan ceuli ku ramo-ramona, (ngahindar tina) sora guludug karna sieun maot. Allah ngaliput jelema-jelema anu kafir.

يَكَادُ الۡبَرۡقُ يَخۡطَفُ اَبۡصَارَهُمۡ‌ؕ كُلَّمَاۤ اَضَآءَ لَهُمۡ مَّشَوۡا فِيۡهِ وَاِذَاۤ اَظۡلَمَ عَلَيۡهِمۡ قَامُوۡا‌ؕ وَلَوۡ شَآءَ اللّٰهُ لَذَهَبَ بِسَمۡعِهِمۡ وَاَبۡصَارِهِمۡ‌ؕ اِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَىۡءٍ قَدِيۡرٌ
20. Ampir-ampiran itu gelap nyamber kana panenjo maranehna. Satiap kali (eta gelap) nyaangan, maranehna laleumpang. Jeung lamun poek, maranehna areureun. Seug lamun Alloh kongang, dileungitkeun da, pangdenge jeung panenjo maranehna teh. Estu, Alloh Mahakawasa kana sagala perkara.
=========================================tadarus 4

يٰۤاَيُّهَا النَّاسُ اعۡبُدُوۡا رَبَّكُمُ الَّذِىۡ خَلَقَكُمۡ وَالَّذِيۡنَ مِنۡ قَبۡلِكُمۡ لَعَلَّكُمۡ تَتَّقُوۡنَ ۙ ‏

21. Hei manusa! Sok ibadah ka Pangeran anjeun nu geus nyiptakeun aranjeun jeung jalma-jalma samemeh aranjeun, sangkan aranjeun taraqwa.

الَّذِىۡ جَعَلَ لَـكُمُ الۡاَرۡضَ فِرَاشًا وَّالسَّمَآءَ بِنَآءً وَّاَنۡزَلَ مِنَ السَّمَآءِ مَآءً فَاَخۡرَجَ بِهٖ مِنَ الثَّمَرٰتِ رِزۡقًا لَّـكُمۡ‌ۚ فَلَا تَجۡعَلُوۡا لِلّٰهِ اَنۡدَادًا وَّاَنۡـتُمۡ تَعۡلَمُوۡنَ

22. (Mantena-Alloh) nu geus ngajadikeun pikeun aranjeun, bumi amparannana, jeung langit bangunanana; Jeung (Mantena-Alloh) nu ngalungsurkeun hujan ti langit, maka tuluy kaluar ku sabab eta cai teh (hujan) bubuahan nu jadi rezeki pikeun aranjeun. Maka poma ulah ngajadikeun aranjeun kabeh babandingan pikeun Alloh, bari aranjeun teh arapal.

وَاِنۡ کُنۡتُمۡ فِىۡ رَيۡبٍ مِّمَّا نَزَّلۡنَا عَلٰى عَبۡدِنَا فَاۡتُوۡا بِسُوۡرَةٍ مِّنۡ مِّثۡلِهٖ وَادۡعُوۡا شُهَدَآءَكُمۡ مِّنۡ دُوۡنِ اللّٰهِ اِنۡ كُنۡتُمۡ صٰدِقِيۡنَ‏

23. Jeung lamun aranjeun ragu kana naon anu diturunkeun ka hamba kami (nu narima harewos, percaya ka Alloh, ngaku nabi, kapuji ku kitu –Muhammad--), maka sok datangkeun/jieun hiji surat tina misilna/pantarna. Jig ajak panolong-panolong salian Alloh. Lamun tea anjeun balener.

فَاِنۡ لَّمۡ تَفۡعَلُوۡا وَلَنۡ تَفۡعَلُوۡا فَاتَّقُوۡا النَّارَ الَّتِىۡ وَقُوۡدُهَا النَّاسُ وَالۡحِجَارَةُ  ۖۚ اُعِدَّتۡ لِلۡكٰفِرِيۡنَ

24. Lamun aranjeun teu bisa migawe (teu bisa nyieun), [semu ngaharewos:] jeung da aranjeun moal pisan bisa migawe (moal, moal bisa nyieun, moal) , maka sing sieun kana naraka anu suluhna eta naraka teh manusa jeung batu. Dicawiskeun (naraka) pikeun jelema-jelema kafir.

=========================================tadarus 5



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS ftf Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github googele GS v2 Gudang Gif Guru HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Ngoleksi Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id ome Ome.TV Onedrive Opis OSIS Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi PHBI photo Phyton PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Tsaqifah tulisan TV Nasional Usaha Vektor Video Video Player Video;Rara VideoPost vidio w3 WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub Zoom سلاح الدعوة
×
Judul