Trang-trang Kolentrang
Trang trang kolentrang
Si londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan
####################
Tongtolang Nangka
Tongtolang nangka
Kawinan Bapa
Poe Salasa
Teu beja-beja
duh aduh bapa
ulah ngadua
anak geus rea
banda teu boga
aduh aduh si bapa
nganyeunyeuri ka ema
bapa mah suka-suka
jeung ngora
####################
Tokecang
Tokecang tokecang
bala gendir tosblong
Angeun kacang
sapariuk kosong
Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik cina
Aya istri jangkung alit
karangan dina pipina
####################
Tilir
Tilir endong celentong
sae asa jagong
anjing diudag bagong
lumpat ngeplos ka kolong
####################
Sur Ser
Sur ser sur ser
Angeun aing acan asak
Disuluhan ku kaliki
Kaliki beunang meulahan
Meulahan ku peso raut
Dug dug dug bro sambel laja, dug dug bro sambel laja …
Sur ser sur ser
Asak-asak angeun aing
Disuluhan ku taropong
Taropong tamiang sono
Dug dug dug bro sambel bojong, dug dug bro sambel bojong …
####################
Slep dur
Slep dur, slep dur,
Dilas dipan dipan debur,
Kahijina kaduana Katiluna kaopatna,
Kalimana kagenepna,
Katujuhna nu pandeuri
####################
Paciwit-ciwit lutung
Paciwit-ciwit lutung,
Si lutung pindah ka tungtung
Paciwit-ciwit lutung,
Si lutung pindah ka luhur
####################
Oray-orayan
Oray-orayan
Luar leor ka sawah
Entong kasawah
Parena keur sedeng beukah
Oray-orayanLuar leor ka kebonEntong ka kebonDi kebon loba nu ngangon
Mending ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi?
Anu mandina pandeuri
Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungka laut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon
dipandeuri kokok koook..... || Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . . blos!
Panoongan: https://www.anakbisa.com/kb/oray-orayan/
####################
Larkili
1. Larkili lar kacapi
Nu nabeuh arja
Disindenan ku ceu Iti
Estu matak kelar ati
2. Pa cili peuting ngimpi
Jumeneng raja
Beurat beunghar sugih mukti
Diugung di pusti-pusti
3. Larkili lar kacapi
Nu nabeuh arja
Direbaban ku Mang Wira
Ngareunah teu kira-kira
4. Pa Cili peuting ngimpi
Jumeneng raja
Ni’matna teu kira-kira
Disembah ku sanagara
5. Larkili lar kacapi
Nu nabeuh arja
Dikawihan ku Ceu Anah
Estu matak kelar manah
6. Pa Cili peuting ngimpi
Jumeneng raja
Hate matak suka bungah
Dihormat disarembah
7. Larkili lar kacapi
Nu nabeuh Arja
Diketukan, dikenongan
Dikempulan digoongan
8. Pa Cilik peuting ngimpi
Jumeneng raja
Pinanggih jeung kasenangan
Kanugrahan, kaagungan
####################
Cis kacang buncis
Cis kacang buncis nyengcle
Di anggo lati inem
Nu geulis ancla-encle
Jeung aluman alimen
Cis kacang buncis nyengcle
Di anggo lati kuda
Nu geulis tembong pingping
Keun wae keur kaula
####################
Tidak ada komentar:
Posting Komentar