1, 2, 3, 4, 5 ... Promosikan diri di surga
============
1. Mangsana nampi dangu tanpa tininggalan,
Yakin sareng Alloh-na nu ngagaduhan sifat - Kaunuhu Mutakalliman.
2. Mangsana nampi dangu tanpa tininggalan,
Yakin sareng Alloh-na nu ngadawuhkeun yen:
"teu pati-pati ngajak bicara ka basyar,
sopo? -Alloh, kecuali bentukna wahyu,
atanapi -ti sakungeun hijab,
atanapi -ngutus utusan,
anu mana eta -ti satukangeun hijab, sareng - ngutus utusan teh.....
maka -yuuhiya- (ngawahyukeun)
kalawan idzinNA
kana naon bae perkara anu karep Alloh.
Satemenna Alloh maha luhur ('aliy) tur maha wicaksana (hakiim).
========================
ti Alloh mah, Illa wahyan -(anging wahyu)-
الا وَحيًا
(وحي - يحى - وحاء ووحيا)
ti salian Alloh mah [tegesna makhluk], maka yuuhiya -[iihaa]
يُوحِي
(اَوحَى - يُوحِي - ايحاء)
3. Mangsana nampi dangu tanpa tininggalan,
Yakin sareng Alloh-na nu ngadawuhkeun yen:
"lamun tea Alloh apal yen di maranehna (makhluk nu disabudeureun) aya kaalusanana,
maka Alloh bakal mere denge......."
[[ jeung lamun dibere denge, -nu entos-entos mah- malengos jeung ngabalieur]]
>
>
>
ku nampi dangu tanpa tininggalan,
nampi dietang sae,
mugia bae, abdi teu kagolong....
anu tawalla (malengos),
sareng teu kagolong anu mu'ridl (ngabalieur).
4. Mangsana nampi dangu tanpa tininggalan,
Yakin sareng Alloh-na nu ngadawuhkeun yen:
"lamun seug kami nurunkeun malaikat,
jeung ngajadikeun ngomong, saha-saha nu mararaot,
jeung ngumpulkeun ka maranehna (manusa)
naon bae perkara anu madep.
moal percaya -moal iman- itu manusa... tapi ketang .....
[[kajaba lamun karep Alloh,
ngan bae kalolobaan-nana (manusa) barodo, teu nyarahoeun.]]
>
>
>
ku nampi dangu tanpa tininggalan,
nampi dilungsuran malaikat,
nampi diobrolan kunu tos maraot,
nampi kana mayun naon bae nu abdi di mahsyarkeun,
..... nampi abdi kana KAREPna Gusti,
(ku abdi iman ka Gusti, ku abdi percanten ka Gusti)
..... abdi teu kalebet anu bodo, nu teu nyaho
Nuhun gusti, abdi dilebetkeun kanu teu bodo,
Nuhun gusti, abdi dilebetkeun ka golongan anu nyaho.
5. Mangsana nampi dangu tanpa tininggalan,
Yakin sareng Alloh-na,
saterasna kusabab yakin sareng Allohna, maka....
promosikeun diri di surga.
اسكن انا وزوجتي الجنة
وجنتك اللهم ربى عرضها السماوات والارض
سرنا فيها ليالي واياما آمنين
نتبوأ منها حيث نشاء
وكلنا فيها رغدا حيث شئنا
اِنّا نحن اصحاب الجنة
اليوم فى شغل فاكهين
نحن وازواجنا فى ظلل على الأرائك متكئين
بُوِّئنا غرفا من الجنة
سماء وارضا
بلدا بلادا
مدينة مدنا
قرية آمنة مطمئنة
وقرى محصنة
تجرى من تحتها الأنهار
نحن وازواجنا فيها خالدون
دُمنا ابدا امدا سرمدا
لايمسنا فيها نصب
ولايمسنا فيها لغوب
لنا فيها فاكهة
ولنا ما ادعونا
من طعام الجنة - كنا آكلين
ومن سندس واستبرق متلبسين
ومن حور عين متزوجين
ومن لبن وعسل مصفى شاربين
باكواب واباريق وكأس من مهين
دعوىـنا فيها سبحان الله
وتحيتنا فيها سلام --- سلام الله
وآخر دعوىـنا --- الحمد لله - رب العالمين .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar