Selasa, 24 Desember 2019
Kamis, 19 Desember 2019
Gaya Basa Dina Sunda
Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nya éta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. (Wikipédia)
Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.
Papasingan Gaya Basa di antarana:
- NGUPAMAKEUN (ngabandingkeun). Nilik wandana, aya dua rupa:
- Babandingan Kabaheulaan (kaasup kana basa pakeman)
Sawaréh make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas, j/siga, asa), sawaréh deui teu make kecap babandingan
Conto-conto nu make kecap babandingan:
– Angkat cara macan teu nangan
– Jiga bueuk meunang mabuk
– Kawas kapuk kaibunan
– Siga careuh bulan
– Asa dina pangimpian
Nu geus teu make kecap babandingan
– Pipina kadu sapasi
– Ambekna sakulit bawang
– Nyaliksik ka bubuk leutik
- Babandingan Jaman Ayeuna
– Gancangna kawas pesawat jét
– Kawas Roméo jeung Juliét
Sawaréhna deui tina basa serepan:
– Babadamian téh manggih jalan buntu
– Waktu téh sarua jeung duit
– Angin subuh ngeharéwos
- MIJALMA (personifikasi) = Barang nu teu nyawaan atawa ogé sasatoan, diupamakeun boga polah kawas manusa (jalma). Contona:
– Gunung siga milu nguyung, lebak siga milu susah
– Sang Surya lumungsur ti marcapada
– Bulan ngintip tina sela-sela méga
– Sora tarawangsa ngabangingik katebak angin
- LALANDIHAN (métafora) = Nganganti sesebutan. Ieu aya dua rupa:
A. Pideudeuh (ngalandi nyebut pédah mikalucu). Contona:
– Srikandi (awéwé nu wanian)
– Arjuna (lalaki nu kasép)
– Si Gégép (kiper nu hésé kaasupan gulna)
B. Ocon (ngalandi pikeun ngaheureuyan). Contona:
– Ujang Gembru (budak nu gendut)
– Wayang Pangsisina (gédé, tapi taya gawé)
– Bujangga Mikung (nu kakara diajar ngarang)
4. SINDIR ( alégori) = Omongan anu teu togmol, dibalibirkeun (teu poksang).
Contona: “Langkung saé nu ieu kanggo Euceu mah, nu kayas pikawayeun téh”
(maksudna mah: “Entong éta, pikeun potongan gateuw kitu mah”)
“ahhh da abdi mah cacah, sanés pangangung sapertos pangjenengan, atos wé damai”
(maksudna mah: teu wani maju ka hukum, da hukum mah sok rajeun lolong ku pangkat-darajat)
5. MOYOK (spot) = Nyawad, nyempad, nyepét, atawa ngawada, tapi teu ku kasar.
Aya tilu rupa:
A. Ngomong Dua (ironi):
“Profésor” (nyebut ka budak nu dianggep bodo)
“Ajengan” (moyok ka nu kakara santri tapi adigung)
“ Subuh-subuh teuing” (nyebut ka nu datang kabeurangan)
B. Meupeuh Lemes (sarkasmeu)
Contona: “Mun hayang téréh dikubur, ulah mamawa tiwas kabatur!”
(ceuk pulisi ka supir nu ngajalankeun mobilna tarik teuing)
C. Ngomong seukeut (sinis) = Moyok nu leuwih rosa/jero teurakna. Sanajan, bisa jadi ari basana mah lemes. Contona:
“titingalan téh aya ucing bulu hiris (cacah/somah), sugan téh candramawat (turunan ménak/ningrat) sadayana”
“mangga wé sadérék nu salaku sarjana nu mingpin deui, da ari abdi mah aki-aki bodo taya kanyaho”
6. KADALON (pleonasmeu)
Kadalon = tina kecap dalu = leuwih. Kadalon = leuwih makéna kecap (saenyana cukup sakali/sakecap, tapi dina susastra dileuwihan téh pikeun nambahan sari/ jadi mamanis basa). Contona:
Ngupat ngawada, naék ka luhur, turun ka handap, teuleum ka jero cai, ngomong ngawangkong, ningali ku panon, déngé ku ceuli, jsb.
7. RARAHULAN (hiperbul/hiperbola)
Di dieu mah nu leuwih téh lain kecapna, tapi ungkarana (sagala digedékeun).
Contona: Digawé satengah paéh, dehemna saga gélédég, hulu dijieun suku, jsb.
Dina sastra Pantun kacida digegedékeunana:
Kumisna mani ngajebug sagedé sapu injuk. Kumis pacorok jeung janggot, sok matak mintul baliung, matak rompang karia kujang.
Bulu irung digelungan siga bangbara ngaliang. Bulu kélék dilélépé siga nu nyoréndang koja. Bulu taktak digulungan siga nu manggul heurap
8. NGASOR (litotés)
Sabalikna tina rarahulan, ngasor mah sagala dileutikkeun, dihandapkeun (sakapeung dipaké pikeun ngahandapkeun diri/handap asor). Contona:
Tuangna gé karo uyah, teu aya naon-naon
Calik heula ka saung butut
Hatur lumayan, sasieureun sabeunyeureun.
Émutan cek abdi nu bodo, asa piraku…………
9. RAGUMAN (syneodoche)
= anu loba dihijikeun, atawa sabalikna, nu hiji/sawaréh dianggap kabéh
Aya dua rupa:
- Hurunan (totem pro parte) = nyebut sakumna, padahal nyatana ngan saurang, sahiji, sawaréh, atawa sabagian. Contona:
– cau téh geus arasak dina tangkalna
– mahasiswa Sunda keur ngiluan pasanggiri dangding
– Indonesia keur pertandingan silat jeung Thailand
- Tunggalan (pars pro toto) = nyebut sabagian pikeun sajumlahna/sakabéhna.
– Si Amud ti isuk mula teu katingali irungna
– Jatah BLT pikeun sasirah téh saratus lima puluh rébu
– “alatan cilaka kamari sukuna téh potong, jadi dibawa ka rumahsakit!”
10. RAUTAN (euphemisme) = iketan ungkara anu diganti ku nu leuwih halon, pédah karasana cohag upama diucapkeun sahinasna. Contona:
– Badé ka pengker heula/badé ka cai heula. (hayang kiih/kahampangan)
– Asep Irama teu awas socana (lolong)
– Saéna dilereskeun deui (lepat)
– “sareng anjeuna mah nyarios téh kedah rada tarik, margi anjeuna kirag ngadangu” (torék)
Sabtu, 14 Desember 2019
Kusikapi Sikapmu - Pernikahan Dini
#KuSikapmu #NikahDini
Bagaimana sikapmu kepada orang lain, begitulah sikap orang lain terhadapmu.
Bagaimana kamu menimbang untuk orang lain, maka begitulah orang lain akan menimbang untukmu
Dalam Taurot dituliskan.....
Siapa (orangtua) yang punya anak 12 tahun dan tidak segera menikahkannya (bila memang tidak dapat menahan diri) kemudian terjerumus dosa, maka dosalah pula orang tua tersebut.
M.A.N
Senin, 09 Desember 2019
Surat jeung Pasualan
Posting Populer
-
Produk Go ogle Untuk semua Untuk bisnis Untuk developer Ikuti kami Detail Produk aaaa Android Android Auto Asisten Google ...
-
PPKM 2024 Penilaian Kinerja Kepala Madrasah (PKKM) adalah proses pengumpulan, pengolahan, analisis, dan interpretasi data tentang kualitas...
-
Duridwangurunatafkar _ Offidocs Audacity >>> bUKU sAKU SAKOLA PRIBADI
-
Donlot CDx7_64 Silahkan kunjungi link ini: Download CorelDraw X7 Full Version Gratis v17.1 (PC) (yasir252.com) | https://www.yasir252.com/...
-
Daftar Nama Provinsi di Indonesia 2024 Nanggroe Aceh Darussalam (Ibu Kota Banda Aceh) Sumatera Utara (Ibu Kota Medan) Sumatera Selatan (Ibu ...
-
https://www.nextiva.com/ Dapatkan Nextiva 20% Off + Gratis VoIP Phone* Jangan lewatkan! Produk Solusi Mengapa Nextiva H...
-
Cara Membuat Google Drive dan Fungsinya Untuk bisa menyimpan dan membagikan file dengan mudah lewat google Drive, tentunya Anda harus menget...
-
WINDOWS XP ARTICLES It's ancient but will never die Most Popular Articles How to Add Holidays to Your Outlook Calendar How to Fix a ...
-
BAB I: INTERAKSI KERUANGAN DALAM KEHIDUPAN DI NEGARA-NEGARA ASEAN BAB II: PENGARUH INTERAKSI SOSIAL TERHADAP KEHIDUPAN SOSIAL DAN KEBANGSAAN...
-
Untuk anak-anak MTs. Tauhidul Afkar Kelas 8 secara keseluruhan, materi ajar untuk tahun 2018/2019 di tampilkan di halaman: Klik di link ...
DRcjgLink
Duridwan TeA Google Arsip
Tampil Ful Skrin
Tampilan penuh layar
Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.
Materi artikel