Lentong Nyaéta pakakas kalimah atawa alat sintaksis
nu mangrupa pola robahna nada jeung tekenan nu binarung jeung randegan
waktu ngucapkeun kalimah katut babagianana; pola méré tekenan binarung
jeung turun atawa naékna nada nu dipungkas ku randegan.[1]
Lentong kaasup unsur prosodi atawa supraségméntal, tegesna unsur anu aya di luareun basa tulis, ayana dina lisan.[2]
Nu kaasup kana lentong nyaéta: dangka, tekenan, randegan, wirahma, jeung nada.[1]
- Dangka nyaéta jangka waktu atawa kuantitas; panjang pondokna sora diucapkeun; lila sakeudeungna sora diucapkeun.[1] Dangka ilaharna aya dina kecap ku cara ngedalkeun salah sahiji engangna leuwih panjang.[1]
- Tekenan nyaéta aksén, tanda diakritis.[1] Anu dimaksud randegan nyaéta eureunna sora waktu nyarita luyu jeung kakuatan engapan, bisa panjang (pungkas), bisa sakeudeung (sedeng).[1]
- Nada nyaéta foném supraségméntal anu mangrupa geteran sora.[1]
Ahli Basa Sunda urang Walanda, Sierk Coolsma nétélakeun yén urang Sunda nyaritana téh laun tur rintih, lentongna anéh, sada ngalagu jeung loba embatanana.[3] Saterusna inyana nerangkeun kieu: Umumna, engang kadua ti ahir anu sok dibédaskeun atawa diteken téh, iwal upama engang kadua ti ahir téa disilabikeun (inti engangna) vokal [e], e pepet.[3] dina kecap nu pandéna kitu mah tekenan téh dina engang ahir.[3]
Lentong nanya béda jeung lentong ngajawab, kitu deui jeung lentong nitah.[3] Malah lentong budak teu sarua jeung lentong kolot.[3] Atuh lentong nyi mojang teu sarua deuih jeung lentong ki bujang.[3]