DO’A SHOLAT WITIR
سُبُّوۡحٌ قُدُّوۡسٌ رَبُّنَا وَرَبُّ الۡـمَلۤئِكَةِ وَالرُّوۡحِ
سُبۡحَانَ اللهِ وَالۡـحَمۡدُ لِلّٰهِ وَلَاۤ اِلٰهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ
اَكۡبَرُ وَلَاحَوۡلَ وَلاَ قُوَّةَ اِلاَّ بِاللهِ الۡعَلِيِّ الۡعَظِيۡمِ
Alloh anu maha suci
Anu ngurus langit bumi
Moal ruksak jeung ngaruksak
Jeung moal bisa diruksak
Gusti, Salira Ku Anjeun moal ruksak
كُلُّ مَنۡ عَلَيۡهَا فَانٍ ()
وَيَبۡقَىٰ وَجۡهُ رَبِّكَ ذُو الۡجَلَالِ وَالۡإِكۡرَامِ ()
Salira Gusti maha hirup moal ruksak kakeunaan ku maot
Salira Gusti maha kawasa, maha kuat moal ruksak
kakeunaan ku lemah sareng apes
Gusti, Salira Ku Anjeun moal ngaruksak
ذٰلِكَ بِمَا قَدَّمَتۡ أَيۡدِيكُمۡ وَأَنَّ اللهَ لَيۡسَ بِظَلامٍ
لِلۡعَبِيدِ ()
مَنۡ عَمِلَ صَالِحًا فَلِنَفۡسِهِ ۖ وَمَنۡ أَسَاءَ فَعَلَيۡهَا ۗ وَمَا
رَبُّكَ بِظَلَّامٍ لِّلۡعَبِيدِ ()
تِلْكَ آيَاتُ اللَّهِ نَتْلُوهَا عَلَيْكَ بِالْحَقِّ ۗ وَمَا اللَّهُ
يُرِيدُ ظُلْمًا لِّلْعَالَمِينَ ()
وَوَجَدُوا مَا عَمِلُوا حَاضِرًا ۗ وَلَا يَظْلِمُ رَبُّكَ أَحَدًا ()
Salira Gusti moal ngaruksak, moal dholim ka makhlukna. Makhlukna ruksak da bongan dlolim ka
dirina, aniaya kasorangannana. Anapon hirup tungtungna maot. Maot lain hiji
karuksakan, da gening aya nu maot dirizkian.
وَلاَ تَحْسَبَنَّ الَّذِينَ قُتِلُواْ فِي سَبِيلِ اللّهِ أَمْوَاتًا بَلْ أَحْيَاء
عِندَ رَبِّهِمْ يُرْزَقُون
Gusti, Salira Ku Anjeun moal bisa diruksak
وَأَنَّا ظَنَنَّا أَن لَّن نُّعۡجِزَ اللَّهَ فِي الۡأَرۡضِ وَلَن
نُّعۡجِزَهُ هَرَبًا ()
Salira Gusti moal nepika kuatna jadi
lemah, kawasana jadi apes.
Moal bisa diruksak ku saha bae makhlukna, boh kunu cicing dipalemburan,
nu bisa lumpat satungtung indung sukuna, boh kunu luluncatan abur-aburan, nu bisa lumpat satungtung
deuleuna.
Gusti…. Alloh Anu Agung….
Boh bilih dina diri aya rasa,
asa bisa jeung kawasa.
Ku kitu oge kasebat, dlolim, aniaya, lepat.
Mangsa dlolim ka diri, aniaya ka sorangannana,
Nampi conto kumaha munajatna,
رَبَّنَا ظَلَمۡنَا أَنفُسَنَا وَإِن لَّمۡ تَغۡفِرۡ لَنَا وَتَرۡحَمۡنَا
لَنَكُونَنَّ مِنَ الۡخَاسِرِينَ
=====
Mangsana sadar, diri tasbeh ka
Gusti, taya Pangeran kajabi Gusti, Abdi balik ka Gusti, Abdi Iman, Abdi pasrah
ka Salira Gusti
سُبۡحَانَكَ لَا اِلٰهَ اِلَّا اَنۡتَ تُبۡتُ اِلَيۡكَ وَاَنَا اَوَّلُ الۡمُسۡلِمِيۡنَ
Bilih bisi diri asa suci, hade gawe alus laku
Ku kitu boa tiba, umaing ngarasa mulya, adigung, adiguna.
Mung bae diri satekah polah nebihan, ku emut kana dawuhan
وَلَا تَمۡشِ فِي الۡأَرۡضِ مَرَحًا ۖ إِنَّكَ لَن تَخۡرِقَ الۡأَرۡضَ وَلَن
تَبۡلُغَ الۡجِبَالَ طُولًا (*)
Tong lumampah nepak dada
Sombong, gumede, jeung takaburna
[Hey manusa]... Anjeun moal bisa
Ngabongkar-adat nu aya, nu nyampak
luhureun bumina
[Hey manusa]... Anjeun moal bisa
Ngunggulan gunung dina jangkungna.
====
Ya Alloh,
Abdi teu tiasa ngabongkar adat dunya, da enya kituna
Abdi moal tiasa jangkung ngunggulan gunung, najan cukul di puncakna.
Ya Alloh,
Abdi nu tina mani diciptakeun
Hirupna abdi, Salira Ku Anjeun anu
naqdirkeun
Gampilkeun jalan, nyorang amanat
sorangan
Sorangan nyorang amanat, gampilkeun
jalan
مِنۡ أَيِّ شَيۡءٍ خَلَقَهُ (*) مِن نُّطۡفَةٍ خَلَقَهُ فَقَدَّرَهُ (*) ثُمَّ
السَّبِيلَ يَسَّرَهُ (*)
اَللّٰهُمَّ الۡطُفۡ بِنَا فِى تَيۡسِيۡرِ كُلِّ عَسِيۡرٍ - فَإنَّ تَيۡسِيۡرَ
كُلِّ عَسِيۡرٍ عَلَيۡكَ يَسِيۡرٌ
وَنَسۡأَلُكَ الۡيُسۡرَ وَالۡـمُعَافَاةَ فِى الدِّيۡنِ وَالدُّنۡيَا
وَالۡآخِرَةِ
======================================================
Tidak ada komentar:
Posting Komentar