Oh muhun, nu kamari tea...
Boh bilih nampi dangu sora tanpa tininggalan, maka....
1. Tong reuwas
2. Tong nyentak upami aya nu nyentak.
3. Tong teu percaya (maksadna, nu kadangu teh payunan sadayana....)
=====
Mangsana nampi dangu, maka
1. Sing yakin ka Alloh
Alloh anu uninga kana sagala rupina (ان الله على بكل شيئ عليم)
Alloh anu kawasa kana sagala rupina (ان الله على كل شيئ قدير)
Alloh anu uninga kana sagala rupi naon anu diciptakeun (ان الله بكل خلق عليم)
Alloh anu janten WAKIL (nu urang tawakkul) kana sanes kanten sugrianing perkara nu aya (ان الله على كل شئي وكيل)
2. Sing yakin ka diri yen Ta'awwud (اعوذ بالله ) urang katampi ku Alloh.
3. Sing yakin salian Alloh, eta teh kabeh oge 'ALAM
Ari 'ALAM teh nyaeta sagala rupa perkara salian Alloh.
العالم هو كل ما سوى الله
Malaikat, eta 'alam anu diciptakeun tina nur (cahaya).
Setan, eta 'alam anu diciptakeun tina nar (seuneu).
Manusa, eta 'alam anu diciptakeun tina taneuh, terasna tina mani (saripati taneuh).
========
Mangsana nampi dangu, maka
1. Muntang ka Alloh, (sagala rupi tingkah, cantelkeun ka Alloh, ku nyebat Alloh, Asmaul Husna, atanapi Sifat 20na)
2. Tong nyebat IBLIS, (kajabi ngadangu anu nu nyebat, dipaparin dangu -perkara/piwarang awon-, dipaparin kolebat dina soca, dipaparin hieung dina ceupil)
Maka keretegkeun dina manah (kalam khofi, gerentes).... "hadza yaumu waqtil ma'luum......"
3. Tong nyebat SETAN, (kajabi ngadangu anu nu nyebat, dipaparin dangu -perkara/piwarang awon-, dipaparin kolebat dina soca, dipaparin hieung dina ceupil)
Maka keretegkeun dina manah (kalam khofi, gerentes).... "Ya Alloh, inii barii-un minhu, minasy-syaiton, min amrihis-suu. Wa inni akhofukallohumma robbi, Ya Syadiidul 'Iqob"
=========
Mangsana nampi dangu, maka
1. Muntang ka Alloh,
2. Sebatan nu sae, tampi....... (Harewos: "Jang soranganeun, tong cacarios ka sasaha.... kajabi Haol sareng Quwwah Alloh, aya mangsana pek bejakeun")
Anjeun malaikat! (TAMPI)
Anjeun nabi! (TAMPI)... nampi abdi nubuwwah, mung moal ngarobih amal. Bade nyumput dinu caang. (Moal murtad ngareset amal ti NOL deui, Kanca, sobat, ti hiji deui. Bade ngajalankeun nu tos aya, abdi lahir ti umat ieu, abdi amal nu ieu umat.)
Anjeun rosul! (TAMPI)... (selang tahunan saba'da nubuwah.... atanapi duka atuh, kumaha we, da Alloh nu kawasa)... nampi abdi risalah, mung ku sakamampuhan abdi ngajalankeun sunnah nu tos aya.
3. Sebatan nu sae, tolak..... (Harewos: gerenteskeun kalam khofi anu leuleuy "Alim ah, Sudddiiii (bari intonasi guyon) kawas nyebut 'Sudddiii' ka babaturan).
Anjeun Alloh (TOLAK) baca ayat tauhid, Al-Ikhlas, saayat, atanapi sasurat, atanapi naon bae anu luyu....
Anjeun Putra Alloh ( TOLAK ) baca ayat tauhid, Al-Ikhlas, saayat, atanapi sasurat, atanapi naon bae anu luyu....
Anjeun IBLIS (TOLAK) -leuleuy- .... alim ah, sakampuan abdi sakamampuan moal putus asa.
Anjeun SETAN (TOLAK) -leuleuy- .... enak saja, abdi teu miwarang fakhsya, sareng suu.... sakamampuhan abdi, miwarang sae, ta'awwun 'alal-birri wat-taqwa.
Sing andalemi ngawaleran, (ngeretegkeun, ngageresteskeun basa... ku kalam khofi), mangsana bade nembalan sora nu tanpa rupa.
CAG.
Laa haula wala quwwata illa billah.
Hadzanalloh wa iyyakum ajma'iin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar