DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Minggu, 16 Juni 2024

Lirik Lagu Sunda Kang Ibing - Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang

Lirik Lagu Sunda Kang Ibing - Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang
[OMEANEUN]

(Narasi)
Panginten manah urang cumarita, “teungteuingeun bet cicingeun padahal urang téh seug saling bumela”. Mugia urang sing surti, kapan urang teh moal sirna ku panguji. Kapeurih sing jadi peurah ulah pundung kusakitu, ngan basa urang saling reret naha hate teh bet sumeredet, cisoca nu ngeclak ipis lalaunan mapay damis. Ciibun nyalangkrung da langit keur mendung halimun katineung ngarangkul langit haleungheum.

(Kang……)
Halimun nyalangkrung, da langit keur mendung. Duuh, panutan ati geulis teuing katumbiri

(Teh…….)
Halimun katineung na langit keur ceudeum. Duuh, panutan rasa lebar temen eta cisoca.
Cisoca nu maseuhan damis, kadeudeuh geuning beuki pageuh

(Kang…….)
Salira ngeclakeun cisoca, hate akang samagaha

(Admin)
Ngarenda lamunan nganyam implengan, teu karasa jog anjog ka mangsa urang ngabungbang…

(Teh….)
Ngabungbang urang ngabungbang, ngabungbang ngumbar kamelang
Dilangit bulan nyaangan bentang nu sedih ngiceupan.
Ngabungbang urang ngabungbang, dilangit bulan impian
Nahate asih ngusapan diaping bentang kaheman

(Kang…..)
Urang ngabungbang sawengi jeput, neuteup bulan nu teu weleh imut. Peuting ieu langit bengras langit smansalingga, bentang baranang dilangit sarakan urang. Urang ngabungbang nungguan beurang harepan
Bray geura beurang, bray geura caang,
Bat pek ngolebat balebat sing kebat liwat.

(Teh…….)
Kahayang téh pajar geura ngalangkang. Pek balebat pek ngolebat kebat liwat
Mawa beja jeung harepan, duh pajar geura bray beurang
Jol geura beurang alam bray geura caang
Bat pek ngolebat balebat geura ngolebat

(Admin)
Mangsa bulan nyusup ditundung ku indung suku ngabungbang lekasan mapag balebat Beulah wetan, wanci carangcang tihang urang kedah santika ngiring lumpat bari diaping kujagabaya. Urang lumpat nanjak mudun ditungtun ku angin gunung, lebah mumunggang, basa nu sanes nanjak mudun Teh…… mah geuning kakantun ngahunjar dina amparan jukut datar. Kunaon Teh……? Cek Kang…… bari nyampeurkeun, ieu sampean tijalikeuh kang waler Teh…… . Kang……. ngasongkeun leungeun, Teh…… cengkat bari muntang, geus tong lumpat mending ge leumpang, cek Kang……, Teh…… teu mumpang bari angger nyepengan panangan, mapah gigireun Kang……. Harita kawani sumping teuing timendi nekad datang teuing timana, mangsa urang leumpang ngarendeng duaan Kang……. ngedalkeun angen-angen nu geus lawas disidem wakca ka Teh…….. balaka yen neundeun tineung nyimpen kadeudeuh manawi suwung mangandeuh. Harita najan Teh…… teu ngawaler ku kedal lisan, Kang….. yakin yen asih téh teu nogencang. Rema karaos pageuh na mangsa pakeupeul leungeun. Basa pareng lengkah ngarandeg duaan nyelang ngundeur deudeuh amprok teuteup, raray tanggah sumerah. Sakedapan teuteup geugeut beuki deukeut, les ngiles lelembutan kumalayang acining batin gumulung ngumbar kaheman, sakuriling sepi jempling simpe kaheumpikan dangding. Dina dahan tangkal kihujan cangkurileung enteup ngagareuwahkeun. Teh….. nyiwit bari ngaharewos halon “ah akang mah bangor”, harita Kang….. nembe emut najan rineh pan Teh…… téh calon keneh. Cangkurileung ngageleber hiber kalandeuhkeun, cek dina hate harita, jung manuk geura hiber mawa beja, bejakeun ka sarerea yen ieu teh pupujaning ati pigedengeun jaga mun aing jadi alumni. Bejakeun, bentang nu peuting tadi ngiceupan kiwari ngancik na ati bentang mimitran ayeuna aing nu boga….

(Kang…..)
Eulis, kembang impian….kembang di taman akang
Eulis, kembang kamelang….kembang na hate akang

(Teh…….)
Akang, bentang impian….bentang dilangit abdi
Akang, bentang harepan….bentang na hate abdi

(Kang…..)
Deudeuh eulis salira kagungan saha, titip asih dina hate anu wening

(Teh…..)
Deudeuh engkang salira panutan rasa, nitip asih dina ati anu wening.

(Admin)
Dirungrum diayun gandrung ditimang melang hariwang, 
kembang asih beuki ligar disiram cai katresnan ati, 
rema mangsa nuntun waktu manjangan mangsa mimitran kahayang mah teras tepang, 
sungkan pisah najan salengkah. 
Tapi dalah dikumaha keur geugeut nganteur katineung jol kanyataan urang kudu miang ti Sumedang, 
teu bisa mungpang najan dibarengan ku longkewang kapaksa kedah ngantunkeun mimitran. 
Basa urang ninggalkeun Sumedang, 
langit hurung dipulas layung lebah Cadas Pangeran hate sumoreang, 
pileuleuyan langit Sumedang…

(Teh……)
Pileuleuyan langit, langit Sumedang [aslina subang]
Layung ngajurung panutan, najan sono najan melang
Wayahna urang paanggang

(Kang…..)
Pileuleuyan geulis, kota Sumedang
Najan deukeut deudeuh geugeut
Wayahna urang paanggang

(Narasi)
Dilangit Sumedang layung keur mayung basa awaking mulang ka ieu rohangan
Teuteup kadeudeuh ngundeur katineung gupay jeung imut urang duaan.
Datang ka ieu rohangan dipapag beja, 
cenah salira kenging nugraha dileler janten diah permata pitaloka. 
Kasono waktos paamprok beuki pageuh dianteur kareueus, 
ratu galuh nukapungkur purbasari nu bihari 
pan ayeuna salira buktosna,
ratu ayu bentang mimitran 
ratu kalbu diri akang. 

Asa cikeneh urang tepang teu 
karaos geulis mimitran manjing lekasan
mun panon poe geus lingsir ninggalkeun tapak kaliwat
mulas katineung na hate nu lawas nerap ngagurat.

(Teh…….)
Mun panon poe geus lingsir, ninggalkeun tapak kaliwat
Mulas katineung na hate, isukan moal tandang, da mimitran geus lekasan

nyumponan

Tipeuting sok teu geunah teuing, tibeurang pinuh kawaas
Sedih lucu geus kalakon, ngareka minuhan rasa
Nu langgeng nerap ngagurat ngeusian tulisan hirup



()
kleung angkleung sagara ombak-ombakan
teuneung ludeung sangsara ge babarengan


=====================================
(Narasi)
Basa urang tepang di ieu rohangan pada-pada ngedalkeun ucap pangbagea, “wilujeng sumping di smansalingga82”. 
Bari hate mah cumarita urang sareng ngundeur katineung. 

Degung ngungkung luhur panggung wirahma hegar mapag salira, 
dina lolongkrang haleuang tembang hate urang nyarita sewang-sewangan, 
mimitran nu geus lekasan urang sambung ku lalakon cinta urang…

Cag, 
teundeun di handeuleum hieum 
tunda dihanjuang siang 
ingkeun teundeun sampeur tineung 
palias rek ka tampian.

=======

Pamungkas bisi aya nukasebit najan teu kasebat mugi agung cukup lumur mugia jembar pangampura. Ieu carita rekaan biheung jeung boa, najan boa deukeut kana enya. 
Bentang ngiceupan dilangit kamelang, bulan ngempray di langit mimitran, salempay kawaas nyampay di DAMAS.

Sumber:

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan AKGTK Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Alfa Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audacity Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink drSoftaculous Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS Flickr ftf ftp Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github Goguru googele Gosiswawi GS v2 Gudang Gif GuMeng Guru Hotmail HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan Inlislite ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM KSM_24 kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Mvs Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Ngoleksi Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id Offidocs ome Ome.TV omeaeun Onedrive Opis OpisTeA Oracle OSIS Outlook Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi perpus Perpusdig PHBI photo Phyton Pintarkem PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead s.idku Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Trik Tsaqifah tulisan TV Nasional Twitter Usaha Vektor Video Video Player Video;Edit Video;Rara VideoPost vidio w3s WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WorldBank WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub ZIP Zoom سلاح الدعوة
×
Judul