DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Selasa, 17 September 2024

MUMUQODIMAHAN

MUQODIMAH-MUQODIMAH BASA SUNDA

===

#1

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ كَانَ بِعِبَادِهِ خَبِيْرًا بَصِيْرًا، تَبَارَكَ الَّذِيْ جَعَلَ فِي السَّمَاءِ بُرُوْجًا وَجَعَلَ فِيْهَا سِرَاجًا وَقَمَرًا مُنِيْرًا. أَشْهَدُ اَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وأََشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وُرَسُولُهُ الَّذِيْ بَعَثَهُ بِالْحَقِّ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا، وَدَاعِيَا إِلَى الْحَقِّ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا. أَمَّا بَعْدُ؛

Teu aya kecap nu pantes ku urang ucapkeun, iwal ti manjatkeun puji sinareng sukur ka allah swt. Puja anu ngajantenkeun panghias rasa ti mimiti urang muka kana ieu acara, mangga urang sanggakeun ka allah swt, nyatana allah azza wa jalla.

Puji anu ngajantenkeun panghias ati ti mimiti urang ngaji, mangga urang sanggakeun ka allah nu maha suci, nyatana allah rabbul izzati. Rasa syukur anu ngajantenkeun panolak takabur, ti mimiti urang kumpul mangga urang sanggakeun ka allah nu maha luhur, nyatana allah rabbul gofur.

Dimana nu parantos masihan ka urang sadayana mang pirang-pirang kanikmatan ka urang sadayana, lamun ceunah lautan dijadikeun tinta, tatangkalan di jadikeun péna-na pasti ka nikmatan ti allah moal réngsé di ucapkeun moal beres di tuliskeun.

وَإِنْ تَعُدُّوا نِعْمَةَ اللَّهِ لَا تُحْصُوهَا إِنَّ اللَّهَ لَغَفُورٌ رَحِيمٌ
“Jeung lamun urang etang-etang ka nikmatan tiAllah, niscaya urang bakalan moal tiasa nangtukeun jumlahna. Saenyana Allah bener-bener Maha Pangampun tur Maha Panya’ah.” (QS. An Nahl: 18).

Anu mugi-mugi ku wasilahna urang nu kempel dina ieu tempat, sing di jadikeun sebab pertama di hampurana dosa urang ku nu maha kawasa, anu kaduana mugi-mugi ku wasilahna urang kempel dina ieu tempat, allah swt ngahampura kana dosa urang.

Nu ka tiluna mugi-mugi ku wasilahna urang kempel dina ieu tempat, allah swt ngaluruskeun kana masing-masing permaksadan. Contona; (Ka nu tacan gaduh kabogoh, sing enggal gaduh kabogoh). Hehe (tiasa di rubah ku masing-masing permaksadan nyalira).

Ogé teu hilap solawat sinareng salam mugia tetep ka curah limpahkeun ka jungjunan urang sadayana, pamingpin ti jaman jahiliah nuju ka jaman islamiyah, pamingpin anu parantos nyandak umatna ti jaman naék kuda nepi ka naék avanza, nyatana habibana wasyafi’ana wamaulana muhammad S.A.W.

Teu hilap ogé ka para kaluargina, para sohabatna, ti sohabat amsharin katut ka sohabat muhajirin, ogé mugia solawat sinareng salamna dugi ka urang sadayana salaku umatna… Amin ya allah ya rabbal alamin.

#2

Menit nu pa ciwit-ciwit, jam anu pa antay-antay jeung poé nu pagéyé-géyé, di susul ku minggu nu pa tumbu-tumbu, di téang ku bulan nu paanjang-anjang, bari di tungtun ku taun nu pa untun-untun.

Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puja sinareng puji syukur ka dzat Alloh anu maha ghofur, nu mika bendu ka jalma nu kufur jeung takabur, mikangewa ka jalma nu sok dzolim ka dulur, nepi ka ancur lebur sapertos sangu nu geus jadi bubur.

Teu hilap sholawat sinareng salam ogé pamugia sapapaosna di limpah curahkeun ka junjungan urang sadaya nyaéta habibana wa nabiyana kangjeng nabi Muhammad S.A.W, katut ka kuwargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna, tur ka urang sadaya salaku umatna.


#3

Tatandang nu bakal midang balebat mangsa miang cunduk waktu nu rahayu, nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa waluya malati ligarna ati.

Kembang tanjung nu gumulung pameungkeut cangreud ka deudeuh, pakait patali asih pasini rintih ngahiji jangji nyata geugeut layeut laki rabi sareng pamugi di anti-anti nyakseni dina ieu walimah.

Puja nu kahiji nu ngajadikeun mimiti ngaji ,anu jadi panghias ati nu ngagalura di haté lalaki nu teu weleh ka impi-impi di siang wengi, hayu urang sanggakeun ka dzat ilahi robbi.

Puji nu kadua nu biasa jadi bubuka dina mimiti carita Anu jadi panghias rasa nu ngagalura dina dada nu keur di landa asmara hayu urang sanggakeun ka Alloh aza wazalla.

Solawat sinareng rohmat mugia teu pegat-pegat ka nabi nu kagungan syafa’at tur rangeteng ku mukjizat, teladan sakabeh umat, jabatana nu langkung kahormat ti batan camat, langkung keren ti batan presiden, yaktos habibana kangjeng nabi agung Muhammad SAW.


#4

الحمد لله ربّ العالمين

Allah nu maparinan mangpirang-pirang nikmat, sareng maparinan kasehatan ka urang sadaya. Urang nu jadi salaku umatna, ulah hilap ieu sukur téh sanes mung wungkul kecap pangbaéa atanapi pambukaan mukadimah.

Tapi ieu leres tina ati sanubari urang sadayana, urang téh sukur ka gusti Alloh SWT nu mapaparinan raga nu sakieu sempurnana, da upami henteu sampurna mah bujeng-bujeng jalan-jalan, di bumi ogé pasti ngan ukur kokorondangan. Sareng Allah nyiptakeun urang téh maksadna:

وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَاْلإِنْسَ إِلاَّ لِيَعْبُدُونِ

“Teu samata-mata kami nyiptakeun jin jeung manusa kajaba kudu ibadah ka Kami (Allah)”. (Surah Adz-Dzariyat Ayat 56)

Silaturahim sapertos ayeuna kie téh mangrupi ibadah ogé, nu mangrupikeun sunnah ti Rasulullah SAW.

مَنْ سَرَّهُ أَنْ يُبْسَطَ عَلَيْهِ رِزْقُهُ أَوْ يُنْسَأَ فِي أَثَرِهِ فَلْيَصِلْ رَحِمَهُ

“Sing saha baé jalmi nu hoyong di seueurkeun rejekina, dipanjangkeun yuswana, nya kedah silaturahim”.

Salajengnya sholawat sinareng salam ogé mugia di dugikeun ka junjungan urang sadaya, kanjeng Nabi Muhammad SAW. Anjeuna nu mangrupi panyebab utami lantaran urang tiasa ibadah ieu téh, atuh upami teu aya Rosul saha nu rék masihan conto kana ibadah?

Da jalmi ayeuna mah, moal aya nu kenging wahyu deui, tangtos bohong upami aya nu ngaku-ngaku kenging wahyu kitu téh. Jadi ibadah urang téh nyonto ka Kanjeng Rosul Nabi Muhammad SAW.

وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا كَافَّةً لِلنَّاسِ بَشِيرًا وَنَذِيرًا وَلَٰكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ

“Kami (Alloh) ngutus ka anjeun Muhammad, supados ngabejakeun ayana kabar anu pikareuseupeun sareng kabar nu pikasieuneun”.

Jadi kanggo jalmi-jalmi anu taqwa ka allah maranehana bakal menang Surga, sareng ngingetkeun ka jalmi-jalmi nu kafir nu reseup pisan nyieun dosa yén di akherat aya siksa Naraka.

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

Teu hilap nu di pikahormat bapa… (Eusi ku nyalira)
Nu di pikahormat bapa… (Eusi ku nyalira)
Nu di pikahormat bapa… (Eusi ku nyalira)


Sumber Panoongan: Mukadimah Bahasa Sunda Lucu Dalam Pembukaan Pidato Buhun (basasunda.com)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan AKGTK Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Alfa Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audacity Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink drSoftaculous Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS Flickr ftf ftp Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github Goguru googele Gosiswawi GS v2 Gudang Gif GuMeng Guru Hotmail HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan Inlislite ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM KSM_24 kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Mvs Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Ngoleksi Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id Offidocs ome Ome.TV omeaeun Onedrive Opis OpisTeA Oracle OSIS Outlook Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi perpus Perpusdig PHBI photo Phyton Pintarkem PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead s.idku Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Trik Tsaqifah tulisan TV Nasional Twitter Usaha Vektor Video Video Player Video;Edit Video;Rara VideoPost vidio w3s WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WorldBank WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub ZIP Zoom سلاح الدعوة
×
Judul