PENILAIAN AKHIR TAHUN
SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR
TAHUN PELAJARAN 2021 2022
MAPEL : BAHASA SUNDA
KELAS/JURUSAN : X / (IPA/IPS/BAHASA)
GURU : DUDI RIDWAN, S.Pd.I
1.
Hihi wangunan komunikasi
dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan
nu geus ditangtukeun samemehna.
A. Wawancara
B. Berita
C. Warta
D. Kawih
E. Sajak
2. Perhatoskeun pernyataan-pernyataan di handap ieu!
(1)
Nataharkeun strategi-strategi
nu jadi pedoman wawancara
(2)
Ngalaksanakeun wawancara nu
eusina aya Sasadu, Naros identitas, Pertarosan inti, ngahaturkeun nuhun, pamit.
(3)
Ngukur hasil boh berita
atanapi deskripsi
(4)
Wawancara ka pribadi, ka
jalma loba sareng dadakan.
(5)
Wawancara ka pasar GSP,
pasar Cipanas, Panas Cigombong
Nu kalebet rupa-rupa
wawancara aya dina pernyataan anu ka ....
A. (4)
B. (3)
C. (2)
D. (1)
E. (5)
3. Salah sahiji nu kalebet persiapan teknis dina mayunan wawancara
nyaeta .... kajabi ....
A. Nyiapkeun alat perekam
B. Alat komunikasi
C. Alat tulis
D. Nyayogikeun kaca soca
E. Teu aya waleran nu leres
4. Perhatoskeun conto wawancara di handap ieu!
(---) Nepangkeun abdi
Ridwan, leres Bapak teh Kades Desa Sukanagalih? hapunten seja tumaros!
(++) Sumuhun. Oh,
sumangga.
(---) Ari
panglinggihan teh di mana?
(++) di Legokringgit
(---) Ari Bapak, sateuacan
janten kades Sukanagalih, damel kana naon?
(++) Sateuacan abdi
janten kades mah, sim kuring damel di Ka-RT-an.
(..........)
Dina conto di luhur,
aya nu ngawawancara, aya anu diwawancara. Ari anu ngawawancara teh nyaeta ....
A. Sukanagalih
B. Kades
C. Ridwan
D. Ka-RT-an
E. Legokringgit
5. Kecap sasadu nu aya dina conto wawancara soal no.
4, nyaeta kecap ....
A. Di Legokringgit
B. Di Ka-RT-an
C. Oh, sumangga
D. Damel kana naon?
E. Hapunten, abdi bade tumaros!
6. Ari bagian-bagian dina warta aya anu disebat Headline, nyaeta
....
A. Eusi warta
B. Inti warta
C. Tanggal warta
D. Judul warta
E. Anu ngawartakeun
7. Perhatoskeun conto warta di handap ieu!
(Bandung, 17/12/2010)
Wayang golék kiwari geus loba robahna, loba inovasi nu geus dilakukeun. Nu
ngalakukeun inovasi dina wayang diantarana nya éta dalang Asep Sunandar
Sunarya. Inovasi dina wayang téh aya nu panuju aya nu nolak.
Nurutkeun Asep Sunandar Sunarya, pikeun néangan bahan
carita bisa tina sababaraha jalan. Bisa tina Koran, berita, bisa ogé tina
kaayaan sapopoé. Wayang téh mangrupa alat pikeun nepikeun sagala hal ka masyarakat,
ku sabab kitu dalang sakuduna terus ngalakukeun inovasi. Inovasi dina wayang
ogé dilakukeun sangkan wayang ku masyarakat teu ditaringalkeun.
Dina unsur warta aya what jeung who. Tina warta di
luhur nu kagolong unsur warta ‘who’ nyaeta ....
A. Wayang golék kiwari geus loba robahna
B. Asep Sunandar Sunarya ngalakukeun inovasi
C. Inovasi dina wayang teh aya nu panuju aya nu nolak
D. Alat pikeun nepikeun sagala hal ka masyarakat
E. Bisa tina koran, berita, bisa oge tina kaayaan sapopoe
8. Ari wayang golek, sakumaha diwartakeun diluhur, eta teh dijieun
tina bahan....
A. Cai
B. Seuneu
C. Beusi
D. Kai
E. Batu
9. Ari anu ngulinkeun wayang disebutna ....
A. Alok
B. Sinden
C. Artis
D. Biduwan
E. Dalang
10. Ari wayang golek mangsana dipaenkeun ku dalang, sok ditancebkeun
dina ....
A. Gebok cau
B. Barangbang kalapa
C. Bak cai
D. Ruhak pameuleuman
E. Kai balokan nu teuas
11. Tokoh wayang nu
rarayna beureum, waosna ukur hiji, nyaeta ….
A. Semar
B. Dewala
C. Gareng
D. Cepot
E. Bima
12. Ari musik nu mirig kana tarian wayang golek nyaeta ….
A. Keconcong
B. Seriosa
C. Jaipongan
D. Jazz
E. Rege
13. Omongan kasar
di kulawarga si Semar, biasana sok kaluar ti ….
A. Semar
B. Dewala
C. Gareng
D. Cepot
E. Bima
14. Ari tokoh wayang
nu rupana monyet nyaeta ….
A. Hanoman
B. Arjuna
C. Gatotgaca
D. Semar
E. Dewala
15. Ari ciri khas
nu aya dina dedeg pangadeg si Dewala nyaeta ….
A. Jambul dina
mastakana
B. Irung panjang
C. Sirah botak
D. Hideung awakna
E. Teu aya waleran
nu leres
BAB 6 ..... CARITA BABAD
16. Wanda carita anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana
jeung sajarah diistilahkeun ku ngaran ....
A. Pupuh
B. Babad
C. Ronggeng
D. Pantun
E. Drama
17. Dina carita babad atanapi carita lianna sok aya disebut-sebut
ngaran jalma. Hal sapertos kieu, ngilik unsur instrinsik mah kagolong ....
A. Panokohan
B. Latar
C. Alur
D. Jejer
E. Amanat
18. Dina carita babad aya tilu unsur utama. Nu eusina sanduk-sanduk
atanapi nyuhunkeun widi ka Nu Maha Kawasa sareng ka para karuhun. Ari anu kieu
eusina disebatna ....
A. Alofon
B. Klofon
C. Telepon
D. Teflon
E. Demplon
19. Perhatoskeun ieu sempalan wawacan Babad Galuh!
Pangkur
Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna
maké kawali, jiga nu
reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan,
disandingkeun calikna deukeut ka ratu,
kocap Ajar Patih
datang, geus aya payuneun gusti.
.......
Sinom
Cing ayeuna geura buka, ku kami sing
katingali, barang brak dibarukaan,
kawali henteu kapanggih, enggeus leungit
tanpa lebih, kantun beuteung Ujung
nyemplu, lajeng reuneuh sayaktosna, héran
kabéh nu ningali, tambah-tambah
ratu bendu sarta
wirang.
Ari anu didangdanan
beuteungna make kawali teh nyaeta ....
A. Ajar Patih
B. Ratu Galuh
C. Nyai Ujung Sekarjingga
D. Reuneuh Nyemplu
E. Eunggeus leungit tanpa lebih
20. Ari kawali teh pakakas atanapi parabot dapur nu gunana pikeun
....
A. Ngarendos
B. Diuk nagog
C. Ngagoreng
D. Nyaangan dapur
E. Ngeureutan
21. Kawali nu aya dina carita babad di luhur teh jadi hiji ngaran
tempat nu aya di wewengkon ....
A. Ciamis
B. Cilacap
C. Cianjur
D. Garut
E. Bogor
22. Perhatoskeun sempalan Babad Panjalu di handap ieu!
Prabu Borosngora téh
salah sahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nyaéta Raden Aria Kuning sareng
Radén Aria Kancana. Nalika ngarasa meujeuhna écag ngeureunan palay, marén muru
ngabagawan, anjeun na milih Radén Aria Kuning pikeun nuluykeun, manjangkeun
lalakon Panjalu. Sang Prabu mungkur tatan-tatan ngabagawan miang ka Jampang
kalih kulawarga, kalebet Radén Aria Kancana.
Raden Aria Kuning
jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijaksana. Panjalu tingtrim
kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep palay ngabedahkeun Situ Léngkong,
tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu
Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu
Borosngora laju ngutus Raden Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna.
Prabu Borosngora teh Raja ....
A. Situ Lengkong
B. Jampang
C. Panjalu
D. Aria Kuning
E. Aria Kancana
23. Pancakaki Prabu Borosngora ka Raden Aria Kuning teh nyaeta ....
A. Nini
B. Bibi
C. Aki
D. Rama
E. Indung
24. Pancakaki Raden Aria Kuning keur ka Aria Kancana teh nyaeta ....
A. Mamang
B. Alo
C. Ua
D. Incu
E. Lanceuk
25. Raden Aria Kuning mingpin rahayatna kalayan ....
A. Tingtrim
B. Wijaksana
C. Ngabagawan
D. Tatan-tatan
E. Ngeureunan Palay
26. Perhatoskeun silsilah
keluarga di handap ieu!
(1) Asep nikah ka
Onah
(2) Gaduh putra
tilu, (1-) Esin, (2-) Ika, sareng (3-) Oshin
(3) Esin nikah ka
Sumargono
(4) Ika nikah
sareng Lamsijan
Ari Lamsijan Ka Esin eta disebatna ….
A. Rai lambut
B. Alo
C. Mamang
D. Toa
E. incu
BAB 7 ..... AKSARA SUNDA
27.
tulisan ieu
dibacana ....
A.
SMA PLUs tauhidul afkar
B. Cibadak Pesantren
C. Irfan Ilmi, S.Pdi.
D. Jalan Hancet
E. Cibadak girang
28. tulisan sunda ieu upami dibaca
nyaeta ....
A. Wa Qa La Ha Ma Ka Xa Ra Sa
B. Wa Qa La Ha Ma ka xa ra sa
C. Ta ya Ca Pa Va Fa Pa
D. Da Nya Ba Nga Ja Ga Na dtsa
E. Gi Ma Na Te Lat
Te rus?
29. Aki hidep
namina Rohman. Ku aksara sunda ngalagena janten ….
30. Sajak teh salah
sawios sastra sunda anu direka dina wangun basa ugeran atanapi nu sok disebat
.....
A. Dongeng
B. Drama
C. Puisi
D. Novel
E. Carpon
31. Bahasa sunda tradisional baheula sok katelahna bahasa .....
A. Buhun
B. Jadul
C. Ortodok
D. Kuno
E. Anyar
32. Puisi teh rupa-rupa, diantarana aya puisi anu dipakena ku
barudak, nyaeta ....
A. Jangjawokan
B. Kakawihan
C. Jampi
D. Singlar
E. Jampe
33. Puisi sunda anu sok dipake dina kagamaan, kayaning ngantosan
sholat. Puisi nu dipakena nyaeta sa’ir .....
A. Hihinaan
B. Wawangsalan
C. Pupujian
D. Sawer
E. Sisindiran
34. Cara maca sajak sangkan beunang rasana, aya sababaraha cara,
nyaeta ku ....
A. Digorowokeun
B. Digalantangkeun
C. Dihariringkeun
D. Dilenyepan ku hate
E. Waleran leres sadayana
35. Perhatoskeun sajak di handap ieu!
Di bulan Nini keur anteng
ngentrung ninun kaén poléng
awak Nini mani bongkok
balas terus baé ninun
meureun geus rebuan
taun.
Nini nu aya di bulan
ceuk urang Sunda mah nyaeta ....
A. Nini lamsijan
B. Nini Kabayan
C. Nini Bagenit
D. Nini Lampir
E. Nini Anteh
36. Dina sajak di luhur aya kecap ninun, nyaeta ....
A. Nyieun bata
B. Nyieun coet
C. Nyieun kenteng
D. Nyieun bedog
E. Nyieun kaen
37. Ari kecap ‘bongkok’ dina sajak di luhur
nyaeta ....
A. Sirahna semu dengdek
B. Panonna sipit
C. Biwirna jebleh
D. Ceulina rebing
E. Awakna semu dongko
38. Ari bulan teh katinggalna buled sampurna (bulan purnama) dina
tiap-tiap sasih teh kaping ....
A. 14
B. 1
C. 10
D. 28
E. Teu aya kaping nu leres
39. Ari kecap ‘bulan
alaeun’, maksudnya nyaeta ….
A. Bulan tos
cakeut ka bumi
B. Bulan geus
kolot
C. Bulan geus
seungit
D. Bulan ka opat
ngandungna hiji istri
E. Bulan ka
salapan istri nu ngandung
40. Ari jalmi nu
karek borojol dijurukeun disebatna ….
A. Piyik
B. Burayak
C. Cingok
D. Orok
E. Ciak
Selamat mengerjakan!