DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

Rabu, 08 Juni 2022

PAT S2 | SUNDA SMA X | RENCANA SOAL

 

PENILAIAN AKHIR TAHUN

SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR

TAHUN PELAJARAN  2021 2022

MAPEL : BAHASA SUNDA

KELAS/JURUSAN : X / (IPA/IPS/BAHASA)

GURU : DUDI RIDWAN, S.Pd.I

1.       Hihi wangunan komunikasi dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun samemehna.

A.      Wawancara

B.      Berita

C.      Warta

D.      Kawih

E.       Sajak

2.       Perhatoskeun pernyataan-pernyataan di handap ieu!

(1)   Nataharkeun strategi-strategi nu jadi pedoman wawancara

(2)   Ngalaksanakeun wawancara nu eusina aya Sasadu, Naros identitas, Pertarosan inti, ngahaturkeun nuhun, pamit.

(3)   Ngukur hasil boh berita atanapi deskripsi

(4)   Wawancara ka pribadi, ka jalma loba sareng dadakan.

(5)   Wawancara ka pasar GSP, pasar Cipanas, Panas Cigombong

Nu kalebet rupa-rupa wawancara aya dina pernyataan anu ka ....     

A.      (4)

B.      (3)

C.      (2)

D.      (1)

E.       (5)

3.       Salah sahiji nu kalebet persiapan teknis dina mayunan wawancara nyaeta .... kajabi ....

A.      Nyiapkeun alat perekam

B.      Alat komunikasi

C.      Alat tulis

D.      Nyayogikeun kaca soca

E.       Teu aya waleran nu leres

4.       Perhatoskeun conto wawancara di handap ieu!

(---) Nepangkeun abdi Ridwan, leres Bapak teh Kades Desa Sukanagalih? hapunten seja tumaros!

(++) Sumuhun. Oh, sumangga.

(---) Ari panglinggihan teh di mana?

(++) di Legokringgit

(---) Ari Bapak, sateuacan janten kades Sukanagalih, damel kana naon?

(++) Sateuacan abdi janten kades mah, sim kuring damel di Ka-RT-an.

(..........)

Dina conto di luhur, aya nu ngawawancara, aya anu diwawancara. Ari anu ngawawancara teh nyaeta ....

A.      Sukanagalih

B.      Kades

C.      Ridwan

D.      Ka-RT-an

E.       Legokringgit

5.       Kecap sasadu nu aya dina conto wawancara soal no. 4, nyaeta kecap ....

A.      Di Legokringgit

B.      Di Ka-RT-an

C.      Oh, sumangga

D.      Damel kana naon?

E.       Hapunten, abdi bade tumaros!

6.       Ari bagian-bagian dina warta aya anu disebat Headline, nyaeta ....

A.      Eusi warta

B.      Inti warta

C.      Tanggal warta

D.      Judul warta

E.       Anu ngawartakeun

7.       Perhatoskeun conto warta di handap ieu!

(Bandung, 17/12/2010) Wayang golék kiwari geus loba robahna, loba inovasi nu geus dilakukeun. Nu ngalakukeun inovasi dina wayang diantarana nya éta dalang Asep Sunandar Sunarya. Inovasi dina wayang téh aya nu panuju aya nu nolak.

Nurutkeun Asep Sunandar Sunarya, pikeun néangan bahan carita bisa tina sababaraha jalan. Bisa tina Koran, berita, bisa ogé tina kaayaan sapopoé. Wayang téh mangrupa alat pikeun nepikeun sagala hal ka masyarakat, ku sabab kitu dalang sakuduna terus ngalakukeun inovasi. Inovasi dina wayang ogé dilakukeun sangkan wayang ku masyarakat teu ditaringalkeun.

Dina unsur warta aya what jeung who. Tina warta di luhur nu kagolong unsur warta ‘who’ nyaeta ....

A.      Wayang golék kiwari geus loba robahna

B.      Asep Sunandar Sunarya ngalakukeun inovasi

C.      Inovasi dina wayang teh aya nu panuju aya nu nolak

D.      Alat pikeun nepikeun sagala hal ka masyarakat

E.       Bisa tina koran, berita, bisa oge tina kaayaan sapopoe

8.       Ari wayang golek, sakumaha diwartakeun diluhur, eta teh dijieun tina bahan....

A.      Cai

B.      Seuneu

C.      Beusi

D.      Kai

E.       Batu

9.       Ari anu ngulinkeun wayang disebutna ....

A.      Alok

B.      Sinden

C.      Artis

D.      Biduwan

E.       Dalang

10.   Ari wayang golek mangsana dipaenkeun ku dalang, sok ditancebkeun dina ....

A.      Gebok cau

B.      Barangbang kalapa

C.      Bak cai

D.      Ruhak pameuleuman

E.       Kai balokan nu teuas

11.   Tokoh wayang nu rarayna beureum, waosna ukur hiji, nyaeta ….

A.      Semar

B.      Dewala

C.      Gareng

D.      Cepot

E.       Bima

12.   Ari musik nu mirig kana tarian wayang golek nyaeta ….

A.      Keconcong

B.      Seriosa

C.      Jaipongan

D.      Jazz

E.       Rege

13.   Omongan kasar di kulawarga si Semar, biasana sok kaluar ti ….

A.      Semar

B.      Dewala

C.      Gareng

D.      Cepot

E.       Bima

14.   Ari tokoh wayang nu rupana monyet nyaeta ….

A.      Hanoman

B.      Arjuna

C.      Gatotgaca

D.      Semar

E.       Dewala

15.   Ari ciri khas nu aya dina dedeg pangadeg si Dewala nyaeta ….

A.      Jambul dina mastakana

B.      Irung panjang

C.      Sirah botak

D.      Hideung awakna

E.       Teu aya waleran nu leres

BAB 6 ..... CARITA BABAD

16.   Wanda carita anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah diistilahkeun ku ngaran ....

A.      Pupuh

B.      Babad

C.      Ronggeng

D.      Pantun

E.       Drama

17.   Dina carita babad atanapi carita lianna sok aya disebut-sebut ngaran jalma. Hal sapertos kieu, ngilik unsur instrinsik mah kagolong ....

A.      Panokohan

B.      Latar

C.      Alur

D.      Jejer

E.       Amanat

18.   Dina carita babad aya tilu unsur utama. Nu eusina sanduk-sanduk atanapi nyuhunkeun widi ka Nu Maha Kawasa sareng ka para karuhun. Ari anu kieu eusina disebatna ....

A.      Alofon

B.      Klofon

C.      Telepon

D.      Teflon

E.       Demplon

19.   Perhatoskeun ieu sempalan wawacan Babad Galuh!

Pangkur

Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna maké kawali, jiga nu

reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan, disandingkeun calikna deukeut ka ratu,

kocap Ajar Patih datang, geus aya payuneun gusti.

.......

 

Sinom

Cing ayeuna geura buka, ku kami sing katingali, barang brak dibarukaan,

kawali henteu kapanggih, enggeus leungit tanpa lebih, kantun beuteung Ujung

nyemplu, lajeng reuneuh sayaktosna, héran kabéh nu ningali, tambah-tambah

ratu bendu sarta wirang.

 

Ari anu didangdanan beuteungna make kawali teh nyaeta ....

A.      Ajar Patih

B.      Ratu Galuh

C.      Nyai Ujung Sekarjingga

D.      Reuneuh Nyemplu

E.       Eunggeus leungit tanpa lebih

20.   Ari kawali teh pakakas atanapi parabot dapur nu gunana pikeun ....

A.      Ngarendos

B.      Diuk nagog

C.      Ngagoreng

D.      Nyaangan dapur

E.       Ngeureutan

21.   Kawali nu aya dina carita babad di luhur teh jadi hiji ngaran tempat nu aya di wewengkon ....

A.      Ciamis

B.      Cilacap

C.      Cianjur

D.      Garut

E.       Bogor

22.   Perhatoskeun sempalan Babad Panjalu di handap ieu!

Prabu Borosngora téh salah sahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nyaéta Raden Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana. Nalika ngarasa meujeuhna écag ngeureunan palay, marén muru ngabagawan, anjeun na milih Radén Aria Kuning pikeun nuluykeun, manjangkeun lalakon Panjalu. Sang Prabu mungkur tatan-tatan ngabagawan miang ka Jampang kalih kulawarga, kalebet Radén Aria Kancana.

Raden Aria Kuning jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijaksana. Panjalu tingtrim kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep palay ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Raden Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna.

Prabu Borosngora teh Raja ....

A.      Situ Lengkong

B.      Jampang

C.      Panjalu

D.      Aria Kuning

E.       Aria Kancana

23.   Pancakaki Prabu Borosngora ka Raden Aria Kuning teh nyaeta ....

A.      Nini

B.      Bibi

C.      Aki

D.      Rama

E.       Indung

24.   Pancakaki Raden Aria Kuning keur ka Aria Kancana teh nyaeta ....

A.      Mamang

B.      Alo

C.      Ua

D.      Incu

E.       Lanceuk

25.   Raden Aria Kuning mingpin rahayatna kalayan ....

A.      Tingtrim

B.      Wijaksana

C.      Ngabagawan

D.      Tatan-tatan

E.       Ngeureunan Palay

26.   Perhatoskeun silsilah keluarga di handap ieu!

(1)   Asep nikah ka Onah

(2)   Gaduh putra tilu, (1-) Esin, (2-) Ika, sareng (3-) Oshin

(3)   Esin nikah ka Sumargono

(4)   Ika nikah sareng Lamsijan

Ari Lamsijan Ka Esin eta disebatna ….

A.      Rai lambut

B.      Alo

C.      Mamang

D.      Toa

E.       incu

BAB 7 ..... AKSARA SUNDA

27.    tulisan ieu dibacana ....

 

A.      SMA PLUs tauhidul afkar

B.      Cibadak Pesantren

C.      Irfan Ilmi, S.Pdi.

D.      Jalan Hancet

E.       Cibadak girang

28.   tulisan sunda ieu upami dibaca nyaeta ....

A.      Wa Qa La Ha Ma Ka Xa Ra Sa

B.      Wa Qa La Ha Ma ka xa ra sa

C.      Ta ya Ca Pa Va Fa Pa

D.      Da Nya Ba Nga Ja Ga Na dtsa

E.       Gi Ma Na Te Lat Te rus?

29.   Aki hidep namina Rohman. Ku aksara sunda ngalagena janten ….

30.   Sajak teh salah sawios sastra sunda anu direka dina wangun basa ugeran atanapi nu sok disebat .....

A.      Dongeng

B.      Drama

C.      Puisi

D.      Novel

E.       Carpon

31.   Bahasa sunda tradisional baheula sok katelahna bahasa .....

A.      Buhun

B.      Jadul

C.      Ortodok

D.      Kuno

E.       Anyar

32.   Puisi teh rupa-rupa, diantarana aya puisi anu dipakena ku barudak, nyaeta ....

A.      Jangjawokan

B.      Kakawihan

C.      Jampi

D.      Singlar

E.       Jampe

33.   Puisi sunda anu sok dipake dina kagamaan, kayaning ngantosan sholat. Puisi nu dipakena nyaeta sa’ir .....

A.      Hihinaan

B.      Wawangsalan

C.      Pupujian

D.      Sawer

E.       Sisindiran

34.   Cara maca sajak sangkan beunang rasana, aya sababaraha cara, nyaeta ku ....

A.      Digorowokeun

B.      Digalantangkeun

C.      Dihariringkeun

D.      Dilenyepan ku hate

E.       Waleran leres sadayana

35.   Perhatoskeun sajak di handap ieu!

Di bulan Nini keur anteng

ngentrung ninun kaén poléng

awak Nini mani bongkok

balas terus baé ninun

meureun geus rebuan taun.

Nini nu aya di bulan ceuk urang Sunda mah nyaeta ....

A.      Nini lamsijan

B.      Nini Kabayan

C.      Nini Bagenit

D.      Nini Lampir

E.       Nini Anteh

36.   Dina sajak di luhur aya kecap ninun, nyaeta ....

A.      Nyieun bata

B.      Nyieun coet

C.      Nyieun kenteng

D.      Nyieun bedog

E.       Nyieun kaen

37.   Ari kecap bongkok dina sajak di luhur nyaeta ....

A.      Sirahna semu dengdek

B.      Panonna sipit

C.      Biwirna jebleh

D.      Ceulina rebing

E.       Awakna semu dongko

38.   Ari bulan teh katinggalna buled sampurna (bulan purnama) dina tiap-tiap sasih teh  kaping ....

A.      14

B.      1

C.      10

D.      28

E.       Teu aya kaping nu leres

39.   Ari kecap ‘bulan alaeun’, maksudnya nyaeta ….

A.      Bulan tos cakeut ka bumi

B.      Bulan geus kolot

C.      Bulan geus seungit

D.      Bulan ka opat ngandungna hiji istri

E.       Bulan ka salapan istri nu ngandung

40.   Ari jalmi nu karek borojol dijurukeun disebatna ….

A.      Piyik

B.      Burayak

C.      Cingok

D.      Orok

E.       Ciak

Selamat mengerjakan!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS ftf Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github googele GS v2 Gudang Gif Guru HP HUDHUD ATTWITERI humor iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan link lirik sunda LKSATA Logo Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Mushaf Sunda Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Ngoleksi Nikah Nonton Nubuwwah Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id ome Ome.TV Onedrive Opis OSIS Pakakas Pamilarian PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi PHBI photo Phyton PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead Safari Santif Sanusi segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA TimTeAmahsolid tips n trick Trik Tsaqifah tulisan TV Nasional Usaha Vektor Video Video Player Video;Edit Video;Rara VideoPost vidio w3 WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub Zoom سلاح الدعوة
×
Judul