4. jeung maranehna nu iman kana (Al-Qur'an) nu dilungsurkeun ka anjeun (hey nabi) jeung iman kana kitab-kitab nu dilungsurkeun samemeh anjeun, jeung maranehna yakin kana ayana akherat. (iman kanu lungsur saba’da anjeun).
13. Jeung lamun dicaritakeun ka maranehna, “Cing atuh iman, sapertikeun manusa nu sejen geus ariman!” maranehna ngajawab, “Naha kami kudu iman sapertikeun jalma-jalma nu sapeh [barodo]?. Sing inget, saestuna mah maranehna nu barodo [nu sapeh] teh, ngan bae maranehna teu apaleun.
14. Jeung lamun maranehna papanggih jeung jalma ariman, maranehna nyarita, “Kami iman”. Tetapina lamun maranehna balik ka setan-setanna (jalma-jalma nu garoreng laku), maranehna nyarita, “Kami jeung aranjeun, kami mah mung sakadar ngolok-ngolok.
17. Pangumpamaan maranehna sapertikeun jalma-jalam nu ngahurungkeun seuneu, mangsana geus nyaangan itu seuneu ka sakurilingna, tuluy Alloh ngaleungitkeun cahayana jeung ngantep Alloh ka maranehna dina kaayaan poek teu nararenjo.
صُمٌّۢ بُكۡمٌ عُمۡىٌ فَهُمۡ لَا يَرۡجِعُوۡنَ ۙ
18. Maranehna torek, bonge, lolong; nepika teu bisa baralik.
19. Atawa sapertikeun (jalma anu) kahujanan nu ngageyer ti langit, nu dibarengan ku poek, guludug jeung gelap. Maranehna nutupan ceuli ku ramo-ramona, (ngahindar tina) sora guludug karna sieun maot. Allah ngaliput jelema-jelema anu kafir.
20. Ampir-ampiran itu gelap nyamber kana panenjo maranehna. Satiap kali (eta gelap) nyaangan, maranehna laleumpang. Jeung lamun poek, maranehna areureun. Seug lamun Alloh kongang, dileungitkeun da, pangdenge jeung panenjo maranehna teh. Estu, Alloh Mahakawasa kana sagala perkara.
22. (Mantena-Alloh) nu geus ngajadikeun pikeun aranjeun, bumi amparannana,
jeung langit bangunanana; Jeung (Mantena-Alloh) nu ngalungsurkeun hujan ti
langit, maka tuluy kaluar ku sabab eta cai teh (hujan) bubuahan nu jadi rezeki pikeun
aranjeun. Maka poma ulah ngajadikeun aranjeun kabeh babandingan pikeun Alloh,
bari aranjeun teh arapal.
23. Jeung lamun aranjeun ragu kana naon anu diturunkeun ka hamba kami (nu narima harewos,
percaya ka Alloh, ngaku nabi, kapuji ku kitu –Muhammad--), maka sok
datangkeun/jieun hiji surat tina misilna/pantarna. Jig ajak panolong-panolong
salian Alloh. Lamun tea anjeun balener.
24. Lamun aranjeun teu bisa migawe (teu
bisa nyieun), [semu ngaharewos:] jeung da aranjeun moal pisan bisa migawe (moal, moal bisa nyieun,
moal) , maka sing sieun kana naraka anu suluhna eta naraka teh manusa jeung
batu. Dicawiskeun (naraka) pikeun jelema-jelema kafir.
25. Jeung tepikeun (ku anjeun) ka jalma-jalma anu ariman jeung kanu migawe
amal sholeh yen pikeun maranehna surga/sawarga anu ngocor ti sahandapeunnana pirang-pirang
wahangan. Saban kali dirizkian ku mangrupa buah-buahan ti surga/sawarga,
maranehna ngarucap: “ieu teh rezeki anu dibikeun ka arurang ti samemehna”;
jeung maranehna geus dibere nu sararupa. Jeung pikeun maranehna di
surga/sawarga teh pasangan-pasangan (pamajikan-pamajikan) anu saruci. Maranehna
lalanggeng di jero surga/sawarga.
26. Saestuna Alloh TWT teu era nyieum paumpamaan naon bae, kaya reungit jeung nu saluhureunana (rasa basa sunda: leuwih leutik). Anapon
jalma-jalma anu ariman mah arapaleun yen eta teh haq ti Pangeran maranehna
(Alloh TWT). Anapon ari anu kalafir mah ngararomong: “Naon karepna/maksudna Alloh ku
ieu paumpamaan?” ku ieu perkara teh loba nyesatkeun, jeung loba oge anu menang
hidayah. Teu jadi sesat ku ieu perkara kajaba jelema-jelema anu farasek.
27. (nyaeta anu farasek teh) jelema-jelema anu ngudar janji
Alloh sanggeus dikuatkeunana, jeung
megatkeun naon-naon perkara anu Alloh TWTParantos miwarang
nyambungkeunnana, jeung nyieun karuksakan di luhur bumi. Nu kitu teh maranehna
anu rarugi.
28. Kumaha bet aranjeun make kufur ka Alloh?! Sok padahal aranjeun teh teu
harirup, tuluy dihirupkeun, -geus kitu- tuluy dimaotkeun, tuluy dihirupkeun
deui. Tuluy weh aranjeun teh dibaralikeun deui ka Mantena Alloh TWT.
29. Mantena Alloh TWT. Anu
Nyiptakeun pikeun aranjeun teh naon-naon anu aya di luhur bumi, sakabehna. Terasna
Alloh ngaropea langit, Alloh TWTngaropea langit jadi 7
(tujuh) lapis. Jeung deui, Alloh uninga kana sagala rupa perkara.
30. Dan (ingatlah) ketika Tuhanmu berfirman kepada para malaikat, "Aku
hendak menjadikan khalifah di bumi." Mereka berkata, "Apakah Engkau
hendak menjadikan orang yang merusak dan menumpahkan darah di sana, sedangkan
kami bertasbih memuji-Mu dan menyucikan nama-Mu?" Dia berfirman,
"Sungguh, Aku mengetahui apa yang tidak kamu ketahui."
“Sing emut dina mangsa Alloh ngandika ka para malaikat: “Kaula rek
ngajadikeun kholifah di bumi”. Para malaikat nyarios: “Naha Salira Ku Anjeun
bade ngadamel di ditu (di bumi) saha-saha anu ngaruksak sareng ngocorkeun
darah? Sementawis abdi sadaya nyucikeun ku muji Salira Ku Anjeun sareng ngamurnikeun.”
Ngandika –deui- Alloh: “Satemena Kaula maha uninga kana naon-naon anu aranjeun
teu arapal”.
31. Dan Dia ajarkan kepada Adam nama-nama (benda) semuanya, kemudian Dia
perlihatkan kepada para malaikat, seraya berfirman, "Sebutkan kepada-Ku
nama semua (benda) ini, jika kamu yang benar!"
Sareng ngawurukanan Alloh TWT ka (nabi) Adam, kana
sanes kanten perkara. Teras nyogrogkeun Alloh TWT kana eta (-sanes kanten
perkara-) ka para malaikat, teras [Alloh TWT] ngandika: “bejakeun ka
kaula! Ngaran-ngaran ieu kabeh, lamun anjeun balener ”.
32. Mereka menjawab, "Mahasuci Engkau, tidak ada yang kami ketahui selain
apa yang telah Engkau ajarkan kepada kami. Sungguh, Engkaulah Yang Maha
Mengetahui, Mahabijaksana."
Aranjeunna (para malaikat) ngawaler: “Maha suci Salira Ku Anjeun, teu aya
katerang lintang ti naon perkara anu Salira Ku Anjeun ngawurukanan”. Saentuna,
Salira Ku Anjeun maha uninga tur bijaksana/wicaksana.
33. Dia (Allah) berfirman, "Wahai Adam! Beritahukanlah kepada mereka
nama-nama itu!" Setelah dia (Adam) menyebutkan nama-namanya, Dia
berfirman, "Bukankah telah Aku katakan kepadamu, bahwa Aku mengetahui
rahasia langit dan bumi, dan Aku mengetahui apa yang kamu nyatakan dan apa yang
kamu sembunyikan?"
Mantenna [Alloh TWT] ngandika: “Dam?! [Hey Adam], wartosan ku anjeun ka para malaikat,
ngaran-ngaran itu kabeh [sanes kanten perkara]”---{Singkat carita}---
Ngadawuh Alloh: “Naha kaula can ngucapkeun ka aranjeun [hey malaikat?] yen
satemena Kaula leuwih apal kana kagaiban langit jeung bumi”. ---{nada
dihandapkeun, ngaheos semu ngaharewos}--- “Jeung Kaula apal kana naon
perkara nu aranjeun nembongkeun, jeung naon-naon nu aranjeun nyumputkeun”.
============Ngalihkeun basa, kaselang ku mantosan bojo ==========
34. Dan (ingatlah) ketika Kami berfirman kepada para malaikat, "Sujudlah
kamu kepada Adam!" Maka mereka pun sujud kecuali Iblis. Ia menolak dan
menyombongkan diri, dan ia termasuk golongan yang kafir.
Jeung dina nalika kami ngandika ka malaikat: “Sarujud aranjeun!” maka tuluy
malaikat sarujud iwal iblis. Si ontohod [iblis] nolak jeung gumede, jadi weh
kaasup ti golongan anu kafir.
35. Dan Kami berfirman, "Wahai Adam! Tinggallah engkau dan istrimu di
dalam surga, dan makanlah dengan nikmat (berbagai makanan) yang ada di sana
sesukamu. (Tetapi) janganlah kamu dekati pohon ini, nanti kamu termasuk
orang-orang yang zhalim!"
Jeung Kami ngandika: “Dam! (Hey Adam), cicing anjeun [enya anjeun!] jeung
pamajikan anjeun di surga/sawarga, jeung pek dahar sing nikmat anjeun ti dinya sakahayang
anjeun. [jeung] kade poma ulah ngadeukeutan aranjeun duaan kana ieu tangkal. [Nyingsieunan,
semu ngaharewos:] engke anjeun bisi kaasup jelema dlolim, keh.”
36. Lalu setan memperdayakan keduanya dari surga sehingga keduanya dikeluarkan
dari (segala kenikmatan) ketika keduanya di sana (surga). Dan Kami berfirman,
"Turunlah kamu! Sebagian kamu menjadi musuh bagi yang lain. Dan bagi kamu
ada tempat tinggal dan kesenangan di bumi sampai waktu yang ditentukan."
[eeh...] terusna, nyoledatkeun lampah, setan ka maranehna duaan ti dinya.
Maka kaluar duanana tina perkara nu aranjeuna duaan aya di dinya (nikmat jeung
surga) jeung kami ngandika: “turun aranjeun, sapalih anjeun ka sapalihna deui
eta lawan (musuh). Jeung pikeun aranjeun di bumi aya tempat cicing jeung papaes
nepika waktu anu ditangtukeun ”.
37. Kemudian Adam menerima beberapa kalimat dari Tuhannya, lalu Dia pun
menerima tobatnya. Sungguh, Allah Maha Penerima tobat, Maha Penyayang.
Maka teras nampi Adam [as] ti Pangeranana kalimat-kalimat, mangka maparin
tobat [Robna] ka anjeuna. Satemenna Robna (Alloh TWT) eta tukang narima tobat
tur mikaasih.
38. Kami berfirman, "Turunlah kamu semua dari surga! Kemudian jika
benar-benar datang petunjuk-Ku kepadamu, maka barangsiapa mengikuti
petunjuk-Ku, tidak ada rasa takut pada mereka dan mereka tidak bersedih
hati."
Kami ngandika: “ngajangkor aranjeun kabeh ti surga!” maka lamun teu datang
ti KAULA pituduh??!!! (enya atuh, teuing kumaha -lentong nanya nu teu aya
jawabanna.- ngan kieu....:) maka sing saha turut kana pituduh KULA, maka teu aya kasieun keur
maranehna jeung henteu maranehna bakal saredih.
39. Adapun orang-orang yang kafir dan mendustakan ayat-ayat Kami, mereka itu
penghuni neraka. Mereka kekal di dalamnya.
Anapon ari jelema-jelema anu kalafir jeung ngabohongkeun kana ayat-ayat
KAMI, -tah nu kitu teh- panghuni-panghuni naraka. Maranehna dina narakana
lalanggeung.
Rengse spoiler
=======Pitutur kangge urang tina sajarah Adam (as) teras di
handap ieu mah pitutur kangge urang tina sajarah Bani Isroil =======
40. Wahai Bani Israil! Ingatlah nikmat-Ku yang telah Aku berikan kepadamu. Dan
penuhilah janjimu kepada-Ku, niscaya Aku penuhi janji-Ku kepadamu, dan takutlah
kepada-Ku saja.
Hey bani isroil! Sok coba sebutkeun nikmat KAULA nu geus dijadikan nikmat
pikeun aranjeun!, jeung nyarumponan aranjeun kana janji (ahdu -sanes
wa’du, janji nu lain sumpah- naon anu diucapkeun, sok atuh laksanakeun).
Maka KAULA nyumponan oge kana ahdu -janji- (KAULA ka aranjeun). Jeung ka
KAULA wungkul anjeun kudu ngarasa sieun.
41. Dan berimanlah kamu kepada apa (Al-Qur'an) yang telah Aku turunkan yang
membenarkan apa (Taurat) yang ada pada kamu, dan janganlah kamu menjadi orang
yang pertama kafir kepadanya. Janganlah kamu jual ayat-ayat-Ku dengan harga murah,
dan bertakwalah hanya kepada-Ku.
Jeung pek ariman aranjeun kana perkara nu KAULA geus ngalungsurkeunana, nu
nasdeq/ngabenerkeun kana naon nu aya sarta aranjeun (tina tauhid). Jeung poma
anjeun ulah jadi nu pangheulana kalafir (teu narima) kana eta
perkara {nu dilungsurkeun (ka jelema nu narima tanpa tininggalan)}
Jeung poma ulah ngajual aranjeun kana ayat-ayat KAULA kalawan harga nu dimurah
mareh. Jeung ka KAULA wungkul aranjeun taqwa.
42. Dan janganlah kamu campuradukkan kebenaran dengan kebatilan dan (janganlah)
kamu sembunyikan kebenaran, sedangkan kamu mengetahuinya.
Jeung poma ulah nyampur-adukeun haq jeung batil, sahingga aranjeun kabeh
nyarumputkeun haq, bari aranjeun apal. (bari semu ngaharewos, “pan apal
aranjeun oge, haq mah kunu ditembrakeun, ditepikeun”)
44. Mengapa kamu menyuruh orang lain (mengerjakan) kebajikan, sedangkan kamu
melupakan dirimu sendiri, padahal kamu membaca Kitab (Taurat)? Tidakkah kamu
mengerti?
Naha aranjeun rek nitah kaalusan ka manusa-manusa nu sejen? Bari sedengkeun
aranjeun mohokeun diri kana awak sorangan, jeung sedengkeun aranjeun teh maraca
kana kitab. Naha atuh aranjeun teh tuluy teu ngararuteuk???.
45. Dan mohonlah pertolongan (kepada Allah) dengan sabar dan shalat. Dan
(shalat) itu sungguh berat, kecuali bagi orang-orang yang khusyuk,
Jeung sok menta tulung, (menta ‘aon/ma’unah lain nashru)
ku sabar jeung sholat. Jeung pastina eta teh bakal karasa beurat kajaba pikeun
jalmi-jalmi anu harusyu.
46. (yaitu) mereka yang yakin, bahwa mereka akan menemui Tuhannya, dan bahwa
mereka akan kembali kepada-Nya.
Nyaeta, jalmi-jalmi anu boga sangka kuat (nu ngajurung kana yakin)
yen maranehna bakal papendak sareng Robna. Jeung da, satemena maranehna ka
Robna bakal baralik teh.
======= pitutur 1=== dihandap ieu pitutur 2: =======
47. Wahai Bani Israil! Ingatlah nikmat-Ku yang telah Aku berikan kepadamu, dan
Aku telah melebihkan kamu dari semua umat yang lain di alam ini (pada masa
itu).
Hey, bani isroil? sebutkeun/ingetkeun ni’mat-ni’mat KAULA anu geus
dijadikeun ni’mat ku KAULA ka aranjeun. Jeung satemena KAULA geus ngunggulkeun
aranjeun ka sakabeh alam.
48. Dan takutlah kamu pada hari, (ketika) tidak seorang pun dapat membela orang
lain sedikit pun. Sedangkan syafaat dan tebusan apa pun darinya tidak diterima
dan mereka tidak akan ditolong.
Jeung poma kudu sieun aranjeun kana hiji poe, anu hiji awak-awakan teu bisa
mela ka awak-awak nu sejen; jeung deuih teu ditarima ti eta awak-awakan, syafa’atna;
jeung moal dialap ti eta awak-awakan, kaadilanana; jeung -pokona mah-
maranehna moal ditulungan -dina eta poe teh-.
49. Dan (ingatlah) ketika Kami menyelamatkan kamu dari (Fir‘aun dan)
pengikut-pengikut Fir‘aun. Mereka menimpakan siksaan yang sangat berat
kepadamu. Mereka menyembelih anak-anak laki-lakimu dan membiarkan hidup
anak-anak perempuanmu. Dan pada yang demikian itu merupakan cobaan yang besar
dari Tuhanmu.
Jeung (sing inget) tatkala disalametkeun aranjeun ti -si wewelek
kang- Fir’aun. Maranehna ngarogahala aranjeun, puncat-peuncit budak
bolon, ngera-ngera awewe aranjeun. (Bari ngaharewos) dinu kitu teh
aya bala/cocoba ti PANGERAN aranjeun anu gede.
50. Dan (ingatlah) ketika Kami membelah laut untukmu, sehingga kamu dapat Kami
selamatkan dan Kami tenggelamkan (Fir‘aun dan) pengikut-pengikut Fir‘aun,
sedang kamu menyaksikan.
Jeung (sing inget) tatkala meulah/misahkeun KAMI kana laut, maka
tuluy KAMI nyalametkeun aranjeun (bari rurat-reret ninggal roman nu
ngadenge, bisi kalah kabita, atawa cua kacida, ‘pan eunggeus kaliwat) jeung ngeremkeun -wadia balad- Fir’aun, bari
aranjeun kan ninggali (kana kitu teh).
51. Dan (ingatlah) ketika Kami menjanjikan kepada Musa empat puluh malam.
Kemudian kamu (Bani Israil) menjadikan (patung) anak sapi (sebagai sesembahan)
setelah (kepergian)nya, dan kamu (menjadi) orang yang zhalim.
Jeung (sing inget) tatkala KAMI ngajanjikeun ka Musa opat puluh
peuting, ehh... tuluy aranjeun (bani isroil) bet nyieun
patekong anak sapi ti saba’da kitu teh (inditna Musa). [bari
ngaheruk, mang hanjakalkeun], jeung -jadi weh- aranjeun teh darolim.
54. Dan (ingatlah) ketika Musa berkata kepada kaumnya, “Wahai kaumku! Kamu
benar-benar telah menzhalimi dirimu sendiri dengan menjadikan (patung) anak
sapi (sebagai sesembahan), karena itu bertobatlah kepada Penciptamu dan
bunuhlah dirimu. Itu lebih baik bagimu di sisi Penciptamu. Dia akan menerima
tobatmu. Sungguh, Dialah Yang Maha Penerima tobat, Maha Penyayang.
Jeung tatkala ngucap Musa ka qoumna: “Hey qoum kaula, satemena aranjeun
geus dlolim ka diri aranjeun ku ngajadikeun aranjeun kabeh kana patekong ‘ijel’
(anak sapi). Maka pek -ayeuna mah- tobat aranjeun ka Nu Nyiptakeun
aranjeun, sok maehan maneh (paehan diri sorangan). Nu kitu teh
leuwih alus pikeun aranjeun disandingeun PANGERAN Nu Nyiptakeun aranjeun, maka
bakal narima tobat MANTENNA ka aranjeun. Sayaktosna, ari PANGERAN aranjeun teh
eta Maha Nampi Kana Tobat tur Maha asih.”
55. Dan (ingatlah) ketika kamu berkata, "Wahai Musa! Kami tidak akan
beriman kepadamu sebelum kami melihat Allah dengan jelas," maka halilintar
menyambarmu, sedang kamu menyaksikan.
Jeung (sing inget) tatkala ngarucap/ngajawab aranjeun kabeh ka
Musa: “Hey Musa!, moal pisan ariman kita ka anjeun, sahingga kita ninggal Alloh
anu jelas/eces. [prolog Alloh TWT] maka tuluy nyamber ka araranjeun,
kilat/halilintar; bari aranjeun naringgal.”
57. Dan Kami menaungi kamu dengan awan, dan Kami menurunkan kepadamu mann dan
salwa. Makanlah (makanan) yang baik-baik dari rezeki yang telah Kami berikan
kepadamu. Mereka tidak menzhalimi Kami, tetapi justru merekalah yang menzhalimi
diri sendiri.
Jeung kami nyieun iuh-iuh ka aranjeun ku awan, jeung kami
nurunkeun/ngajadikeun manna jeung salwa; pek kadinyah dalahar
aranjeun tina perkara-perkara anu aralus, naon-naon anu geus ngarizkikeun KAMI
ka aranjeun. [harewos Alloh TWT, ka salian nu dikhitob,] jeung
henteu maranehna ngadlolim ka KAMI, balikta kabuktian maranehna teh ngadlolim
kana diri-diri maranehna sorangan.
58. Dan (ingatlah) ketika Kami berfirman, "Masuklah ke negeri ini
(Baitulmaqdis), maka makanlah dengan nikmat (berbagai makanan) yang ada di sana
sesukamu. Dan masukilah pintu gerbangnya sambil membungkuk, dan katakanlah,
"Bebaskanlah kami (dari dosa-dosa kami)," niscaya Kami ampuni
kesalahan-kesalahanmu. Dan Kami akan menambah (karunia) bagi orang-orang yang
berbuat kebaikan."
Jeung (sing inget) tatkala KAMI ngucap: “arasup aranjeun! Ka ieu
qoryah, maka pek dalahar aranjeun ti eta qoryah sakarep aranjeun kana
perkara-perkara anu ngawaregkeun, jeung pek arasup aranjeun ka pantona bari
sarujud, jeung arucapkeun ku aranjeun: ‘lubarkeun tina dosa’ maka KAMI bakal
ngahampura dosa/kasalahan aranjeun jeung KAMI bakal nambahan (ni’mat) kanu midamel
kasaean”.
59. Lalu orang-orang yang zhalim
mengganti perintah dengan (perintah lain) yang tidak diperintahkan kepada
mereka. Maka Kami turunkan malapetaka dari langit kepada orang-orang yang
zhalim itu, karena mereka (selalu) berbuat fasik.
Maka tuluy jalma-jalma anu darolim ngarobah caritaan ku caritaaan nu lain
dicaritakeun ka maranehna. Maka KAMI nurunkeun ka jelema-jelema nu darolim
kitu, petaka ti langit. kusabab perkara nu maranehna kabuktian migawe
kapasekan.
60. Dan (ingatlah) ketika Musa memohon air untuk kaumnya, lalu Kami berfirman,
"Pukullah batu itu dengan tongkatmu!" Maka memancarlah daripadanya
dua belas mata air. Setiap suku telah mengetahui tempat minumnya
(masing-masing). Makan dan minumlah dari rezeki (yang diberikan) Allah, dan
janganlah kamu melakukan kejahatan di bumi dengan berbuat kerusakan.
Jeung (sing inget) tatkala Musa nyuhunkeun panyiram/hujan pikeun
kaumna, maka KAMI ngucap [marentah] “gebug, ku iteuk anjeun itu
batu!” maka muncrat tina eta batu teh 12 (dua belas) cai-nyusu. Estu ararapal
masing-masing suku kana tempat nginumna sewang-sewangan. [pangwadian]
pek dalahar jeung ngarinum aranjeun tina rezeki Alloh. Poma aranjeun ulah
jararahat di bumi ku migawe karuksakan.
61. Dan (ingatlah), ketika kamu berkata, "Wahai Musa! Kami tidak tahan
hanya (makan) dengan satu macam makanan saja, maka mohonkanlah kepada Tuhanmu
untuk kami, agar Dia memberi kami apa yang ditumbuhkan bumi, seperti:
sayur-mayur, mentimun, bawang putih, kacang adas dan bawang merah." Dia
(Musa) menjawab, "Apakah kamu meminta sesuatu yang buruk sebagai ganti
dari sesuatu yang baik? Pergilah ke suatu kota, pasti kamu akan memperoleh apa
yang kamu minta." Kemudian mereka ditimpa kenistaan dan kemiskinan, dan
mereka (kembali) mendapat kemurkaan dari Allah. Hal itu (terjadi) karena mereka
mengingkari ayat-ayat Allah dan membunuh para nabi tanpa hak (alasan yang
benar). Yang demikian itu karena mereka durhaka dan melampaui batas.
Jeung (sing inget) tatkala ngarucap aranjeun ka Musa: “Hey musa!,
kami moal pisan bisa sabar kana katuangan anu sahiji/sarupa; maka ngadu’a
salira pikeun kita ka PANGERAN supaya ngaluarkeun pikeun kita tina tutuwuhan
bumi tina sayuranana, bontengna, bawang bodasna, kacang adas, jeng bawang
beureumna”; ngucap Musa: “Naha araranjeun rek ngaganti barang gotet tina
barang-barang nu alus?. indit aranjeun ka hiji kota, maka satemena pikeun
aranjeun [aya] naon anu aranjeun marenta.” Jeung -tuluy- maranehna kakenaan ku
kahinaan jeung kamiskinan, jadi weh maranehna kena bebendon Alloh kusabab
maranehna kalufur kana ayat-ayat Alloh, jeung marateni maranehna ka nabi-nabi
kalawan tanpa hak. Kitu teh, ku alatan mungpang jeung maranehna liwat batas.
62. Sesungguhnya orang-orang yang beriman, orang-orang Yahudi, orang-orang
Nasrani dan orang-orang Sabi'in, siapa saja (di antara mereka) yang beriman
kepada Allah dan hari akhir, dan melakukan kebajikan, mereka mendapat pahala
dari Tuhannya, tidak ada rasa takut pada mereka, dan mereka tidak bersedih
hati.
Sayaktosna jalmi-jalmi anu ariman sareng jalmi-jalmi anu yahudi, sareng
jalmi-jalmi anu nasrani, sareng jalmi-jalmi anu shobi’in [pundah-pindah
agamana sesuai waktu], anu iman ka Alloh sareng kana poe akhir sareng
midamel kasolehan, maka pikeun aranjeuna pahalana ti sandingeun pangeranana.
Sareng teu aya kasieun ka aranjeuna sareng teu aya kasedih.
63. Dan (ingatlah) ketika Kami mengambil janji kamu dan Kami angkat gunung
(Sinai) di atasmu (seraya berfirman), "Pegang teguhlah apa yang telah Kami
berikan kepadamu dan ingatlah apa yang ada di dalamnya, agar kamu
bertakwa."
Jeung (sing inget) tatkala kami ngalap janji aranjeun, jeung
kami ngangkat kana gunung tursinai, “Cokot (Cepeng pageuh) naon-naon anu KAMI
geus mikeun ka aranjeun kalawan kuat, jeung sing inget naon-naon anu aya
dijerona sangkan aranjeun taraqwa”.
64. Kemudian setelah itu kamu berpaling. Maka sekiranya bukan karena karunia
Allah dan rahmat-Nya kepadamu, pasti kamu termasuk orang yang rugi.
[Euleuh-euleuh] Tuluy tos kitu teh aranjeun malengos. [jamotrot miceun
pandangan atanapi mencrong nodong, duka ku leuleuy, duka ku sora bedas] “Lamun seug lain ku
kurnia Alloh ka aranjeun jeung rohmatna, estu aranjeun bakal rarugi.”
65. Dan sungguh, kamu telah mengetahui orang-orang yang melakukan pelanggaran
di antara kamu pada hari Sabat, lalu Kami katakan kepada mereka, "Jadilah
kamu kera yang hina!"
Jeung estu aranjeun arapal kanu liwat batas ti antara aranjeun ku
ngalanggar poe sabat, maka tuluy ngucap KAMI ka maranehna: “Jadi monyet siah!!!
hina kadituh!”
66. Maka Kami jadikan (yang demikian) itu peringatan bagi orang-orang pada masa
itu dan bagi mereka yang datang kemudian, serta menjadi pelajaran bagi
orang-orang yang bertakwa.
Maka KAMI ngajadikeun nu kitu teh ancaman pikeun nu aya harita jeung nu
bakal. Jeung jadi pituah/pelajaran pikeun jalma-jalma anu taraqwa.
67. Dan (ingatlah) ketika Musa berkata kepada kaumnya, "Allah
memerintahkan kamu agar menyembelih seekor sapi betina." Mereka bertanya,
"Apakah engkau akan menjadikan kami sebagai ejekan?" Dia (Musa)
menjawab, "Aku berlindung kepada Allah agar tidak termasuk orang-orang
yang bodoh."
Jeung (sing inget) tatkala nyarios Musa ka kaumna: “[yeuh...]
saestuna Alloh marentahkeun ka aranjeun sangkan meuncit sapi”, [Alloh –ngaharewos-
ngabejaan nu maca] maranehna ngarucap [ngawaler] “Naha anjeun
rek ngajadikeun kami ejekan?”. Musa nyarios [ngawaler] “Kaula
nyalindung ka Alloh tina yen jadi kaula ti golongan anu barodo”.
68. Mereka berkata, "Mohonkanlah kepada Tuhanmu untuk kami agar Dia
menjelaskan kepada kami tentang (sapi betina) itu." Dia (Musa) menjawab,
"Dia (Allah) berfirman, bahwa sapi betina itu tidak tua dan tidak muda,
(tetapi) pertengahan antara itu. Maka kerjakanlah apa yang diperintahkan
kepadamu."
Maranehna [kaum Musa] ngarucap: “ngagero/ngadu’a anjeun pikeun
kita ka PANGERAN anjeun: ‘naon sapi -peunciteun- teh?’”. Musa nyarios
[ngawaler] “saestuna PANGERAN ngandika: “Ari sapi teh, nyaeta sapi
bikang anu teu kolot teu ngora, tengah-tengah.” Sok piwage ku aranjeun naon-naon
anu aranjeun diparentah!.
69. Mereka berkata, "Mohonkanlah kepada Tuhanmu untuk kami agar Dia menjelaskan
kepada kami apa warnanya." Dia (Musa) menjawab, "Dia (Allah)
berfirman, bahwa (sapi) itu adalah sapi betina yang kuning tua warnanya, yang
menyenangkan orang-orang yang memandang(nya)."
Maranehna [kaum Musa] ngarucap [deui]: “ngagero/ngadu’a
anjeun pikeun kita ka PANGERAN anjeun sangkan mertelakeun ka kita, naon
warnana?”. Musa nyarios [ngawaler] “saestuna PANGERAN ngandika: “sabenerna
sapi teh, eta sapi anu koneng kolot nu mana warnana matak ngabungahkeun kanu
ninggali”.
70. Mereka berkata, "Mohonkanlah kepada Tuhanmu untuk kami agar Dia
menjelaskan kepada kami tentang (sapi betina) itu. (Karena) sesungguhnya sapi
itu belum jelas bagi kami, dan jika Allah menghendaki, niscaya kami mendapat
petunjuk."
Maranehna [kaum Musa] ngarucap [deui]: “ngagero/ngadu’a
anjeun pikeun kita ka PANGERAN anjeun sangkan mertelakeun ka kita, naon atuh
sapi [peunciteun] teh?, saestuna sapi teh saliru pikeun kita”. Saetuna
kita -insyaAlloh- yakti meunang pituduh.
71. Dia (Musa) menjawab, "Dia (Allah) berfirman, (sapi) itu adalah sapi
betina yang belum pernah dipakai untuk membajak tanah dan tidak (pula) untuk
mengairi tanaman, sehat, dan tanpa belang." Mereka berkata, "Sekarang
barulah engkau menerangkan (hal) yang sebenarnya." Lalu mereka
menyembelihnya, dan nyaris mereka tidak melaksanakan (perintah) itu.
Nyarios [ngawaler] Musa: “saestuna PANGERAN ngandika: “sabenerna
sapi teh, eta sapi nu teu can pernah dipake ngagaru sawah, can pernah dipake
nyaian/nyeboran pepelakan, beleger teu kacoceng di eta sapi teh”. Maranehna
ngucap: “tah... ayeuna mah anjeun bener-,bener kitu”. [Alloh kaya-kaya
ceungkat ngabejaan kanu maca] maka maranehna mareuncit weh. Ampir-ampiran
maranehna teu ngalaksanakeun.
72. Dan (ingatlah) ketika kamu membunuh seseorang, lalu kamu tuduh-menuduh
tentang itu. Tetapi Allah menyingkapkan apa yang kamu sembunyikan.
Jeung (sing inget) tatkala aranjeun nelasan hiji awak-awakan,
tuluy aranjeun silih tuduh di eta awak-awakan teh. Sareng [tapina] Alloh
ngaluarkeun naon-naon anu aranjeun nyarumputkeun.
73. Lalu Kami berfirman, "Pukullah (mayat) itu dengan bagian dari (sapi)
itu!" Demikianlah Allah menghidupkan (orang) yang telah mati, dan Dia
memperlihatkan kepadamu tanda-tanda (kekuasaan-Nya) agar kamu mengerti.
Maka KAMI ngandika: “gebugkeun ku aranjeun ka itu mayit teh ku sapalihna
itu [tulang] sapi. Nya kitu, Alloh ngahirupkeun kanu maot. Jeung Alloh
mintonkeun tanda-tanda [tanda yen Alloh teh aya] sangkan aranjeun
malikir”
74. Kemudian setelah itu hatimu menjadi keras, sehingga (hatimu) seperti batu,
bahkan lebih keras. Padahal dari batu-batu itu pasti ada sungai-sungai yang
(airnya) memancar daripadanya. Ada pula yang terbelah lalu keluarlah mata air
daripadanya. Dan ada pula yang meluncur jatuh karena takut kepada Allah. Dan
Allah tidaklah lengah terhadap apa yang kamu kerjakan.
Sanggeus kitu, [eh...kalahka...] teuas hate aranjeun. Maka itu hate jadi
kaya batu, bahkan leuwih teuas. [batu mah sanajan teuas] saestuna
tina batu mah yakti mancer tina eta batu wahangan. Jeung saestuna tina eta batu
lamun beulah kaluar cai. Jeung saestuna tina itu batu yakti aya nu ragrag tina
sabab sieun ku Alloh. Jeung ari Alloh mah moal poho tina naon perkara anu
aranjeun marigawena.
75. Maka apakah kamu (Muslimin) sangat mengharapkan mereka akan percaya
kepadamu, sedangkan segolongan dari mereka mendengar firman Allah, lalu mereka
mengubahnya setelah memahaminya, padahal mereka mengetahuinya?
[Alloh ngakhitob kanu ngadanguna, najan sorangan diitung loba jeung kaumna]
Maka naha aranjeun ngareupkeun yen
maranehna ariman ka aranjeun. Bari estu sapalih ti maranehna geus ngadenge kana
Kalam Alloh, terus maranehna ngarobah saeutik-saeutik [kaya
sahuruf-sahuruf] -eta kalam- tina saba’da asup akal jeung bari maranehna
nyarahoeun.
76. Dan apabila mereka berjumpa dengan orang-orang yang beriman, mereka
berkata, "Kami telah beriman." Tetapi apabila kembali kepada
sesamanya, mereka bertanya, "Apakah akan kamu ceritakan kepada mereka apa
yang telah diterangkan Allah kepadamu, sehingga mereka dapat menyanggah kamu di
hadapan Tuhanmu? Tidakkah kamu mengerti?"
Jeung dimana maranehna papanggih jeung anu ariman, maranehna ngucap: “Kami
iman.” Jeung dimana maranehna malengos ka sapalihna deui, maranehna ngucap: “naha
aranjeun ngobrolkeun perkara anu Alloh geus mukakeun ka aranjeun?” –boa ku
kitu teh, bakal ngaharujah itu mukmin ka aranjeun ku eta perkara di sandingeun Alloh. Naha aranjeun
teu marileng/malikir?.
78. Dan di antara mereka ada yang buta huruf, tidak memahami Kitab (Taurat),
kecuali hanya berangan-angan dan mereka hanya menduga-duga.
Jeung diantara maranehna aya nu ummi (teu bisa maca / teu ngarti bacaan)
teu apal kana kitab kajabi -ukur- muran-meureun. Jeung henteu maranehna ku kitu
(ku muran-meureun) teh, lintang ti ukur sungku sangka.
79. Maka celakalah orang-orang yang menulis kitab dengan tangan mereka
(sendiri), kemudian berkata, "Ini dari Allah," (dengan maksud) untuk
menjualnya dengan harga murah. Maka celakalah mereka, karena tulisan tangan
mereka, dan celakalah mereka karena apa yang mereka perbuat.
Mangka cilaka, pikeun jalma-jalma nu nulis kitab kitab leungeun-leungeunna
tuluy ngarucap: “ieu teh ti sandingeun Alloh” [ku ucapan kitu teh]
arek meuli kana harga anu saeutik [meuli dunya cul akherat]. Mangka cilaka pikeun
maranehna, tina sabab tulisan sorangan jeung pamolahna sorangan.
80. Dan mereka berkata, "Neraka tidak akan menyentuh kami, kecuali
be-berapa hari saja." Katakanlah, "Sudahkah kamu menerima janji dari
Allah, sehingga Allah tidak akan mengingkari janji-Nya, ataukah kamu mengatakan
tentang Allah, sesuatu yang tidak kamu ketahui?"
Jeung ngararucap maranehna: “moal ka kami mah, moal keuna naraka, kajaba
ukur sababaraha poe” [Bejakeun,] Ucapkeun ku anjeun... naha anjeun ngalap janji
sandingeun Alloh? (Sing ingeut) Alloh moal nyulayaan janjina [poma anjeun
oge oge sulaya, pan ngaku jeung Alloh]. Atawana anjeun ngaatas-namakeun
Alloh kana naon-naon perkara anu anjeun teu apal?.
81. Bukan demikian! Barangsiapa berbuat keburukan, dan dosanya telah
menenggelamkannya, maka mereka itu penghuni neraka. Mereka kekal di dalamnya.
Enya, teu kitueun, sing saha anu kasab goreng, terus kalimpudan dirina ku
kasalahannana sorangan, maka nu kitu teh pinarakaeun, [hak dungdung hak] bari
di dinya teh lalanggeun.
83. Dan (ingatlah) ketika Kami mengambil
janji dari Bani Israil, "Janganlah kamu menyembah selain Allah, dan
berbuat-baiklah kepada kedua orang tua, kerabat, anak-anak yatim, dan
orang-orang miskin. Dan bertuturkatalah yang baik kepada manusia, laksanakanlah
shalat dan tunaikanlah zakat." Tetapi kemudian kamu berpaling
(mengingkari), kecuali sebagian kecil dari kamu, dan kamu (masih menjadi)
pembangkang.
Jeung (sing inget) tatkala Kami ngalap/nyusul janji bani isroil,
poma ulah ibadah ka salian Alloh jeung sing alus kanu janten sepuh, ka karabat,
ka yatim, kanu mariskin. -oge deuih- ari umang-omong jeung manusa teh sing
alus. Jeung pek adegkeun solat, kaluarkeun zakat. [euuuuh...] kalahka
tuluy malalengos aranjeun bahkan ngabalieur, tapi ketang aya saeutik (nu
henteu).
84. Dan (ingatlah) ketika Kami mengambil
janji kamu, "Janganlah kamu menumpahkan darahmu (membunuh orang), dan
mengusir dirimu (saudara sebangsamu) dari kampung halamanmu." Kemudian
kamu berikrar dan bersaksi.
Jeung (sing inget) tatkala Kami ngalap/nyusul janji aranjeun, “Tong
ngalocorkeun geutih aranjeun!, jeung poma ulah ngalusir sorangan aranjeun, (ngusir
sasama nu pada-pada) ti lembur-lembur. (tuluy - sok padahal) anjeun
ikrar, jeung nyakseni. [yen itu batur teh dulur]”
85. Kemudian kamu (Bani Israil) membunuh
dirimu (sesamamu), dan mengusir segolongan dari kamu dari kampung halamannya.
Kamu saling membantu (menghadapi) mereka dalam kejahatan dan permusuhan. Dan
jika mereka datang kepadamu sebagai tawanan, kamu tebus mereka, padahal kamu
dilarang mengusir mereka. Apakah kamu beriman kepada sebagian Kitab (Taurat)
dan ingkar kepada sebagian (yang lain)? Maka tidak ada balasan (yang pantas)
bagi orang yang berbuat demikian di antara kamu selain kenistaan dalam
kehidupan dunia, dan pada hari Kiamat mereka dikembalikan kepada azab yang
paling berat. Dan Allah tidak lengah terhadap apa yang kamu kerjakan.
Tuluy aranjeun, -heueuh anjeun!- make bet maehan awak sorangan (ku
maehan batur teh) jeung ngalusir anjeun ka sawarehna ti imah-imahna. Aranjeun
make bet sili tembrakeun dosa jeung mumusuhan. Jeung lamun datang ka aranjeun
tawanan, anjeun make bet narebusna, sok padahal eta -nebus- teh teu
dimeunangkeun keur aranjeun. Naha anjeun teh iman kana sapalih kitab, jeung
kufur kana sapalihna deui?. Mangka teu aya balesan pikeun anu karitu kajaba
kahinaan di dunya. Jeung -jaga- dina poe akherat (dina akhir barangkalih) bakal
diadzab kalawan adzab anu banget. Jeung henteu ari Alloh eta poho kana naon anu
dipilampah ku aranjeun.
86. Mereka itulah orang-orang yang
membeli kehidupan dunia dengan (kehidupan) akhirat. Maka tidak akan diringankan
azabnya dan mereka tidak akan ditolong.
Nu kitu teh, jelema-jelema anu meuli dunya ngajual akherat. Maka teu
dientengkeun ti maranehna adab siksa, jeung henteu oge maranehna ditulungan.
87. Dan sungguh, Kami telah memberikan
Kitab (Taurat) kepada Musa, dan Kami susulkan setelahnya dengan rasul-rasul,
dan Kami telah berikan kepada Isa putra Maryam bukti-bukti kebenaran serta Kami
perkuat dia dengan Rohulkudus (Jibril). Mengapa setiap rasul yang datang
kepadamu (membawa) sesuatu (pelajaran) yang tidak kamu inginkan, kamu
menyombongkan diri, lalu sebagian kamu dustakan dan sebagian kamu bunuh?
Jeung estu kami geus mikeun ka musa, hiji kitab. Jeung nyusulkeun kami ti
saba’dana kalawan hiji utusan. Jeung geus mikeun kami ka isa putra maryam kana
bukti-bukti. Jeung kami ngancikkeun roh kudus; Naha satiap datang rosul/utusan
anu teu sapagodos jeun hate-hate aranjeun, aranjeun rek takabur? Aranjeun rek ngabohongkeun
sapalihna jeung maehna kanu sapalihna deui
88. Dan mereka berkata, "Hati kami
tertutup." Tidak! Allah telah melaknat mereka itu karena keingkaran
mereka, tetapi sedikit sekali mereka yang beriman.
Jeung maranehna ngaromong, “hate abdi katutup!” balikta ka
maranehna, Alloh ngalaknat kusabab kufurna. Mangka, -duh- saeutik pisan
maranehna ariman teh.
89. Dan setelah sampai kepada mereka
Kitab (Al-Qur'an) dari Allah yang membenarkan apa yang ada pada mereka
sedangkan sebelumnya mereka memohon kemenangan atas orang-orang kafir, ternyata
setelah sampai kepada mereka apa yang telah mereka ketahui itu, mereka
mengingkarinya. Maka laknat Allah bagi orang-orang yang ingkar.
[Jeung] tatkala darang ka maranehna kitab ti sandingeun Alloh, anu menerkeun kana naon
nu aya sarta maranehna (kitab nu aya) jeung sedengkeun maranehna
samemehna pernah menta pang meunangkeun tinu kalafir. [eeh] sanggeus
datang ka maranehna naon anu maranehna apal, kalahka kufur. Mangka ari laknat
Alloh eta teh jang anu kalufur.
90. Sangatlah buruk (perbuatan) mereka
menjual dirinya, dengan mengingkari apa yang diturunkan Allah, karena dengki
bahwa Allah menurunkan karunia-Nya kepada siapa yang Dia kehendaki di antara
hamba-hamba-Nya. Karena itulah mereka menanggung kemurkaan demi kemurkaan. Dan
kepada orang-orang kafir (ditimpakan) azab yang menghinakan.
Goreng pisan, naon-naon anu maranehna ngajual diri ku meuli kakufuran kana
naon perkara anu Alloh parantos ngalungsurkeun, [eta teh alatan]
dengki, naha Alloh make bet ngalungsurkeun fadlol/kurnia ka jalmi anu dikarepna
ti hambana. Maka kena manehna ku ambekan, ku benduan. Jeung eta pikeun anu
kalufur ari adzab anu hina.
91. Dan apabila dikatakan kepada mereka,
"Berimanlah kepada apa yang diturunkan Allah (Al-Qur'an)," mereka
menjawab, "Kami beriman kepada apa yang diturunkan kepada kami." Dan
mereka ingkar kepada apa yang setelahnya, padahal (Al-Qur'an) itu adalah yang
hak yang membenarkan apa yang ada pada mereka. Katakanlah (Muhammad),
"Mengapa kamu dahulu membunuh nabi-nabi Allah jika kamu orang-orang
beriman?"
Jeung dimana-mana ka maranehna diucapkeun: “Iman, anjeun! kana naon perkara
anu Alloh tos ngalungsurkeun.” Maranehna ngarucap: “Kami iman kana naon anu dilungsurkeun
ka kami” [harewos] jeung maranehna kalufur kanu satukangeunnana,
bari itu nu satukangeung teh -nya- haq, -nya- menerkeun kana perkara nu aya di
maranehna. [ngamotivasian] ucapkeun ku anjeun (bejakeun!) “mangka
kusabab naon atuh aranjeun make bet mateni nabi-nabi (nu meunang harewos -ti-) Alloh
ti samemehna, lamun tea mah anjeun ariman”.
92. Dan sungguh, Musa telah datang
kepadamu dengan bukti-bukti kebenaran, kemudian kamu mengambil (patung) anak
sapi (sebagai sesembahan) setelah (kepergian)nya, dan kamu (menjadi)
orang-orang zhalim.
Temen-temen (estu) geus datang ka aranjeun, Musa kalawan bukti-bukti
bebeneran, eh.... satuluyna anjeun kalahka bet ngajadikeun ‘ijel’ (patekong anak
sapi) -jadi sesembahan- ti sanggeungna musa teh. Anjeun teh dlolim weh.
93. Dan (ingatlah) ketika Kami mengambil
janji kamu dan Kami angkat gunung (Sinai) di atasmu (seraya berfirman),
"Pegang teguhlah apa yang Kami berikan kepadamu dan dengarkanlah!"
Mereka menjawab, "Kami mendengarkan tetapi kami tidak menaati." Dan
diresapkanlah ke dalam hati mereka itu (kecintaan menyembah patung) anak sapi
karena kekafiran mereka. Katakanlah, "Sangat buruk apa yang diperintahkan
oleh kepercayaanmu kepadamu jika kamu orang-orang beriman!"
Jeung (sing inget) tatkala KAMI nyampeur janji jeung KAMI
ngangkat gunung tur-sina diluhureun anjeun. [bari ngadawuh] “Cepeng
naon perkara anu datang ka aranjeun kalawan kuat jeung camkeun.” Maranehna ngarucap:
“ngareungeu kami, tapi nolak kami.” Jeung dicorog dina hate-hatena (resep) kana
patekong anak sapi kusabab kakufuranana. Ucapkeun/bejakeun ku anjeun, “emh,
emh, bisa-bisana kapercayaan anjeun make bet nitah kana kagorengan, (enya
nyeta...) lamun anjeun ariman (kitu soteh)”
94. Katakanlah (Muhammad), "Jika
negeri akhirat di sisi Allah, khusus untukmu saja bukan untuk orang lain, maka
mintalah kematian jika kamu orang yang benar."
Ucapkeun/bejakeun ku anjeun (nu meunang harewos bari yakin ka Alloh):
“Lamun tea pikeun anjeun teh Darul Akhiroh ti sandingeun Alloh, bari murni ti
salian manusa, maka pek ngarep-ngarep maot anjeun, lamun anjeun balener.”
95. Tetapi mereka tidak akan menginginkan
kematian itu sama sekali, karena dosa-dosa yang telah dilakukan tangan-tangan
mereka. Dan Allah Maha Mengetahui orang-orang zhalim.
Jeung da moal pisan ngarepkeun maot, moal; saeneng-eneng oge kusabab
perkara nu geus dilakukeun ku leungeun-leungeuna. [misah] Alloh maha
uninga kana kadloliman.
97. Katakanlah (Muhammad),
"Barangsiapa menjadi musuh Jibril, maka (ketahuilah) bahwa dialah yang
telah menurunkan (Al-Qur'an) ke dalam hatimu dengan izin Allah, membenarkan apa
(kitab-kitab) yang terdahulu, dan menjadi petunjuk serta berita gembira bagi orang-orang
beriman."
Carioskeun ku anjeun (hey nu
ngadangu, dipasih dangu kumargi direken aya kasaean, nu sae eta kapuji): “Sing
saha-saha anu ngamusuh ka jibril, maka sayaktosna jibril eta ngalungsurkeun -anu
nyelesep kana manah- anjeun kalawan izin Alloh. [anu mana anu lungsur teh]
eta ngabenerkeun pikeun perkara anu aya dipayuneun-nana, oge janten hidayah,
janten pangbibingah pikeun anu mukmin.”
98. Barangsiapa menjadi musuh Allah,
malaikat-malaikat-Nya, rasul-rasul-Nya, Jibril dan Mikail, maka sesungguhnya
Allah musuh bagi orang-orang kafir.
“Sing saha jalma anu teu wawuh ka
Alloh sareng ka Malaikatna, sareng ka rosul-rosulna, sareng ka jibril, ka
mikail, maka satemena Alloh –nganggap- teu wawuh kanu kalafir.”
100. Dan mengapa setiap kali mereka
mengikat janji, sekelompok mereka melanggarnya? Sedangkan sebagian besar mereka
tidak beriman.
“Jeung naraha, satiap maranehna
ngikat janji kana hiji perjanjian, maka ngalanggar sagolongan maranehna, [bahkan,
kalolobaan-nana mah ketang...] teu palercaya.”
101. Dan setelah datang kepada mereka
seorang Rasul (Muhammad) dari Allah yang membenarkan apa yang ada pada mereka,
sebagian dari orang-orang yang diberi Kitab (Taurat) melemparkan Kitab Allah
itu ke belakang (punggung), seakan-akan mereka tidak tahu.
“Jeung dina mangsa geus datang ka
maranehna hiji rosul di sandingeun Alloh, nu ngabenerkeun kana perkara nu aya
di maranehna. [eeh...] ngalanggar sagolongan maranehna”