==============
Tangtungan diri - Hendy Restu
Tangtungan diri lamokot pinuh ku dosa
Lir budah ngembat lautan
motah nu neunggaran karang
nafsu nu matak kalangsu
raga anu katempuhan
leupas tina kaimanan
udar tali kawajiban
teu ngukur kujur
nu hirup lali ka umur
gubragna meudal ka dunya
ngumbara rek bubuara
lain rek ngalajur nafsu
dosa nu mawa kalangsu
badan anu katempuhan
ngagugu ajakan setan
raksa diri raga nu teu walakaya
neda ampun ya robbi maha kawasa
mungguh raga teu payus lebet ka surga
Ampun ya robbi teu kiat seuneu naraka
nafsu setan nu ngumbar angkara murka
nyangsara badan jisim nu lali ka Gusti
owah gingsir nu muara dina rasa
lilir teu mungkir hirup nu pinuh ku dosa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar