DRgrtea

Medsos DRcjgrTeA

Media Sosial Duridwangurunatafkar

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

DRMenuNavigasiBar

menunavngampar

drcnavbar

Jumat, 06 Februari 2026

Nikahan | Contoh Biantara

Khutbah Nikah Pidato Bahasa Sunda Dina Acara Pertikahan

Ini merupakan teks lengkap Khutbah Nikah Pidato Bahasa Sunda Dina Acara Pertikahan dengan keindahan bahasa sastra basa sunda disertai sedikit dalil Al-Qur'an : 


Puji anu jadi pangais ati, Puja anu jadi panghias rasa, Puji urang sungkeun ka Gusti nu maha suci nyaeta Alloh Robbul Izzati, Puja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyaeta Alloh Azza Wazalla, anu mana nitih wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina, taqdir tetiasa dipungkir Qadar tetiasa di singular urang sadayana dina wengi nu ayeuna tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jenghok, pateupang wajah dina haflah mubarokah nu mudah-mudahan ieu riungan sing di janteunkeun ku Alloh, sing dicatetnkeun dina hiji kasaean kin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin……


Teu hilap solawat siraneung salam mugia sing dikocorkeun, dikucurkeun, oge di kecerkeun ka jungjunan urang sadayana anu pang nyongcolangna sa alam marca pada ya’ni Nabiyana Muhammad SAW. oge kulawargina, shoabatna tabi’in sareng tabi’atna tug dugi ka urang sadayana anu hadir dina ieu tempat mudah-mudahan kenging syafa’atna kin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin……


Para hadirin rohimakumulloh..!

Sateacana simkuring ngabahas masalah anu aya patula-patali, pakuat- pakait dugika pajeujeutna jeng masalah nikah mangga urang leuyeupan heula dauhan Alloh dina al-Qur’an anu unggelna :


وخلقنكم ازواجا

“jeng geus nyiptakeun kami ka maraneh kabeh barina sa jodo-sajodo”


Tegesnamah aya langit aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poek, aya jangkung aya pendek aya mancung aya pesek, nyakitu deui aya lalaki aya awewe. Intinamah Alloh nyiptakeun ka makhlukna teh pasang-pasangan, dua-dua. Bahkan mun urang saliksik organ tubuh urang oge namina teh dua-dua. Anu pang hanapna namina ku…ku..naek kaluhur namina ping…ping, tatangga ping-ping namina tit…tit naek deui kaluhur namina da…da…, tatangga da-da namina su..su… luhureun susu namina tak…tak… naek deui kaluhur namina pi…pi… tah ieu nu terahir (bari nunjuk kana tarang) namina nong…nong.. jadi atu tetela pisan yen Alloh nyiptakeun makhlukna teh sajodo-sajodo, pasang-pasangan, dua-dua, dugina ka nami-namina


Hadirin rohimakumulloh...!”

Lamun urang ngabahas nikah minimalna bakal aya opat pertarosan.

 Naon ngaran nikah..?

 Saha anu kudu nikah...?

 Kasaha kudu nikah,,,?

 Naon bae langkah-langkah saba’da nikah...?


Maka ieu pangaosan ku simkuring sababaraha bahasan

Bahasan ka hiji : naon ari ngaran nikah ? jawab : anu mana ngaran nikah teh mun ceuk bahasa santri ta’rif nikah, mun ceuk nu sakola mah definisi nikah ? Definisi ieu ka bagi dua :

1. Secara Ethimologi (lughowi)

2. Secara Terminologi (istilah)


Para hadirin rohimakumulloh....!”

Nikah secara Lughowi tos ka uninga kusadayana dina kitab-kitab fiqih nyaeta :

الاجتماع

“kadar-kadar kumpul”


Ngaran nikah secara istilah nyaeta : (فتح المعين : جلد ٣)



Tapi saur pamuda mah nikah teh singkatan tina Nun (Ni’mat) Kaf (Karasa) Ha (Haneut). Jadi atuh-atuh jadi nikah teh singkatan tina ni’mat karasa haneut. Tapi saur sepuh mah : Nun (Ni’mat)... kitu oge ceunah... cek bapana budak. Da anu sing jareuntul didieu oge tina hasilna tina nikmatna nikah, da niatmah da lain nyieun anak tapi nyieun enak. Lereus............!”


Sakumaha ceuk Qo’idah :

نعمة الدنيا ثلاثة فلتعتبر * لمس وقبلة وادخال الذّكر

“ Nikmat dunya sadayana aya tilu

Nyabak nyieun ngasupkeun anu bentelu “

Tapi eta nikmat nikah teh ngan dua rebo kadituna mah deudeieun.


Saba’da ni’mat timbul nu kadua nyaeta Kaf (Karohah) hartosna pikangewaeun, pikasebeleun da ningali pamajikan reuseup soteh ker panganten anyar, ningali pamajikan teh jiga Shopia Laurent, jiga Lidia Kandau, jiga Krisdayanti, tapi lamun geus bereset budak tilu beulas mah, komo lamun ker gendut, ningali pamajikan jiga buntelan, keur panganten anyar mah, ningali pamajikan teh di teuteup ti hareup sieup, disawang ti tukang lenjang ditilik ti gigir leunggik, tapi ges bereset budak tilu belas mah beda deui bahasana. Di teuteup ti hareup jiga keyeup, disawang ti tukang jiga hurang, ditilik ti gigir jiga langgir di ukur ti luhur jiga undur-undur, diragap ti hanap jiga hap-hap, tah ieu anu disebut Karohah teh tegesna pikangewaeun.

Salajeungna timbul nu katilu nyaeta Ha, ieu mah aya dua alternatif. Lamun nyanghareupan Karohah...lulus, maka Ha na teh hasanah teugeusna keluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah (keluarga anu didasaran ku cinta jeng kasih sayang), tapi lamun nyanghareupan Karophah hanteu lulus maka Ha na teh Hazanah (keluarga nu awet rajet) anu didasaran kurasa egois jeng emosi. Mudah-mudahan ieu panganten sing kalebeut keluwarga anu Mawadah Warohmah. Amiiin......!”

Para hadirin rohimakumulloh...!”

Bahasan kadua nyaeta saha anu kudu nikah teh? Waleranana pidawuh rosul :


“wahai para pemuda …sing saha jalma anu geus sanggup di antara anjeun kabeh kana mere nafkah(dzohir batin) maka pek geura nikah”


Dina ieu hadist, rosul ngahimbau ka para pemuda, anu geus asup masa fuber, mun ceuk bahasa Indiana mah beger eta mah rek si fery, si frengki, si jacky, kecuali aki-aki, anu geus sanggup nganafkahan dzohir jeng batin tegesna mah geus bisa maraban biwir luhur jeung handap maka pek geura narikah. Atuh pemuda anu ngan saukur rambut gondrong kerjaan nongkrong, bujal bodong hobi nampang tapi jajan ngutang, eta mah teu acan ka leubeut hadist Rosul anu bieu.

Bahasan katilu : ka saha kudu nikah teh? Walerannana nyaeta pidawuh Allah dina Al-Qur’an.

فانكحوا ماطاب اكم

“ Maka kudu narikah maraneh kabeh kanu di pikacinta ku maraneh kabeh”

Dina ieu ayat Alloh marentah nikah teh Alloh marentah nikah kanu di pikacinta lain kanu geulis, lamun Alloh marentah nikah kanu geulis, maka awewe anu peunteun 3 ½ keur saha? jeung lamun Alloh marentah nikah kudu kanu kasep simkuring saha layanna. Tapi perlu kita garis bawahi anu di maksud ku geulis didie teh lain geulis ceuk si Mamat anu di ukur ku syahwat, tapi geulis mungguh Agama nyaeta anu dan din dun (pinteur dan-dan) din (alus agamana) dun (alus dunyana) lain anu dat dit dut.(goring adat) dit (pedit) dut (siga badut samutut ari jeung hitut) ngan eta anu dan din dun teh langka pisan di zaman kiwari mah tapi euweuh-euweuh teing mah te kudu hese nu penting bageur, pinter, beunghar, keun bae geulis oge.

Bahasan ka opat : naon bae langkah-langkah saba’da nikah ? waleran nana dawuaha Alloh dina Al-Qur’an :

وعا سروهنّ بامعروف

“Perlakukeun istri-istri maraneh kabeh kalawan hade”

Tegesnamah salaki kudu bisa memperlakukeun istrina kalawan alus atuh salaki teh kudu apal kana haq jeng kawajiban nana, anu mana kawajibanna teh ngan aya opat :

 Ngimahan sing pageuh

 Makean anu weuteuh

 Maraban sing nepika seubeuh

 Ngendongan sing nepika reuneuh

Nya kitu deui, Istri sing apal kana hak jeung kawajibanna. Anumana kawajibanana sami aya opat diantarana masak, diwedak, nangkarak, ngadengkak. Tah insya Alloh, upami duanana tiasa ngalaksanakeun kana tugas jeng kawajiban, bakal terwujud keluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah nyaeta keluarga anu bahagia, keluarga anu didasaran ku cinta sareung kadeudeuh, cindekna mah ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, ka cai daraek ngaji, ka darat daraek sholat. Se ia se kata, se iring sejalan, runtut raut sauyunan dugika paketrok iteuk, bahkan dugika poe Qiyamah.


Para hadirin Rohimakumulloh…!”

Supaya ieu dua mempelai tetep renggenek dina sakinah Mawadah Warohmah sim kuring pesen :

• Sing yakin ieu jodo teh taqdir Alloh SWT. dihin pinasti anyar pinanggih ti barang saratus dua puluh dinteun anjeun aya dina patuangan ibu ku Alloh parantos di pastikeun yen jodo jang…… bakal nikah ka neng…. Sing yakin dina hate supaya urang bisa tumarima kana kapastian Alloh

• Kudu husnudzon (hade sangka ka Alloh), bahkan ku jodo anu ieu urang bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, ku jodo anu ieu urang bakal nyieun wasilah pikeun ngahontal Mardlotillah.

• Ieu aqad tikah teh sing jadi pertikahan anu pertama jeung anu terakhir, tegesna panungtungan masa pacaran, ti kawit ayeuna anjeun duaan lebet kana alam rimbitan, alam rumah tangga anu dibengkeut ku SSTB (Surat Tanda Tamat Bobogohn) sa ba’da nikah mah kudu bogoh nyaan.

• Ku aqad tikah indung bapa urang jadi nambahan nyaeta mitoha, dulur, lanceuk, adi, jeung anu liana

• Ku aqad tikah jadikeun sarana pikeun ibadah ka Alloh, ngabakti ka Alloh.


Para hadirin rohimakumulloh…!”

Rupina cariosan ti sim kuring di cekapkeun sakieu bae kirang langkungna mah nyuhukeun dihapunteun, bobot sapanon carang sa pakan, sasieureun sabeunyeuren mudah-mudahan aya guna sinareng manfa’atna.


sumber panoongan: https://www.aswanblog.com/2013/02/pidato-dina-acara-pertikahan.html

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

DRLabel

.NETdr 'Urwah ۝۞ دعاء الأوراد ۞۝ 1drive 2019 3Dwarehouse Abaib Academia AdminisGuru Adzan AKGTK Akrab 9497 AkselelatorDRc Aksioma Alfa Aljamal Anakku Android Apache API Aplikasi Aplikasi Online Aplikasiku aqidah aqo'id Arsiper Arudl ASPnet Atribusi Attaqwa Audacity Audio Aurod AutoCAD ba'da sholat Ba'diyah Babad Bahasa Indonesia Balaghoh Baleomol bangpol Banner basund Belajar.id Biantara bilibiliTV bing.com Biografi Bisikan Bisnis Blog blogku Bluestack BMTT Bola Dunia Boxmode BUKU C++ Caknun Canva Capcut CData Cerita Chanel Cijagong cmd Copast Coreldraw;Koreldrow cortang CPANEL cv Daftar Isi Daftar Tamu Dailymotion Dakwah Daring db515TB Dek@t Dikdasmen Diktat Do''a Domainesia dongeng Download DRctvone DRcVivaTV DRlink drMedsos drSamiraTeA drSoftaculous drSQL DRxampp DTD Duridwancijag duridwanMI E-Book Earth eDGe Edmodo Edwin eftepe ekstensi Emulated Epson eSDeKU Excel Facebook Fafa Belajar favicon FB FBwatch Fikih Film FKGN FKSS Flickr ftf ftp Gambar Gaweku GDexcel GDrive GDword Gif Giphy Github Goguru GooForm googele GooTeA GooWork Gosiswawi GS v2 Gudang Gif GuMeng Guru Hotmail HP HPpc HPrint HUDHUD ATTWITERI humor HVR iframe IHTT IIS IKBAL ikonku Ilham Ilmu Waris Imam Mahdi Iman imrithi imtihan Inlislite ips Ips siswa irkhash Ishol Israel Jackie Chan JadwalHirup Jendelatea Jerosimut Jurumiah Kaamengan Kaldik karuhun Kasintu Kasyif Kemdak Kenangan Kepesantrenan KHMZ Khutbah Idul Adha Khutbah Jum'at Kitab Koneng KlaudiAwan KMS KodeBlok Koding Komentarku konsorsium Kristen KSM KSM_24 kulsub Kumer Kutab Kuning Lalogin Laporan Laporan25 link lirik sunda Literasi LKSATA Logo lokalhost Lokasi LTNU Malaikat Mama Gelar mapel Mapel Plus marawis materi ajar materi ips materi sunda Mediafire Menu Mulai Messenger meta Metode Belajar MGMP MTS Mi.co.id Microsoft Mikrosoft Word MKKS MKSS MKT Modul MoU Movie MTs. Muhawarot Mushaf Sunda Mvs Nabi nadhom nahwu Nashoih Nasihat Pernikahan Nasrudin Hoja Nasyid NewTabTvSearch Ngablog ngaDOS Ngaji Pontren Nganet Ngaos ngaweb Ngimel Ngobrol Solat ngobrolgurutea ngoding Ngoleksi Nikah Nonton Nubuwwah NUID NUPTKku Nyekrip Nyitus OderPejKu Office office 2010 Office.co.id Offidocs ome Ome.TV omeaeun Onedrive Onlen Opis OpisTeA Oracle OSIS Outlook Pakakas Pamilarian Panulung PaperDropboxTeA PAS PAS S1 PAT pdf Penahexa Penilaian Perangkat Guru Peringatan Nabi perpus Perpusdig PHBI photo Phyton Pintarkem PKKM PKKS PKSS PohonKeluarga Ponpes Portabel Post WA PPDB PPKKS Prkt Ltk Program Files Proker Proposal Prosem Prota PTS PTS S1 publikteaqta Pupujian Quran Sunda Rapat RDM Removal renungan Resize RFC RidsyafTeA Risalah Risalah Sholat RKS Rohbiyah Romadlon Romadon Rumus Rumus;PHP; RumusHead s.idku Safari Santif Sanusi Scribd segitiga Sekolah seren tampi Sertifikat sholat Shopee Shorof sifat_20 Silaturahmi Simdif SIMPATIKA sinopsis sipd siswa sitegog Skenario Belajar Sketchup SketsaupTeA Slayid SMA Soal Soanten Software SoraTeuPerluNinggal StoryTelling Suara Sukapura sumputkeun sunda syare'at Ta'lim tabir mimpi Tadabbur tadarrus TafkarMart Tahajud Tahlil Tasbeh Taskbar Tauhid Tawasul Tema Blog tenor.com Terjemah tiktok TimTeA tips n trick Trik Tsaqifah tulisan TV Nasional Twitter Usaha Vektor Video Video Player Video;Edit Video;Rara VideoPost vidio w3s WA - AYT wahyu Wali Walimahan Wallpaper wayang WeA Windows Wirid Witir word Wordpress WordTeA WorldBank WP WPS WS XLS DRcjgTeA Yahoo yandexck Yapista link YT ytDuridwanSunda YTstudio Yutub ZIP Zoom سلاح الدعوة
×
Judul