Aya langit aya bumi,
Aya siang aya wengi,
aya pameget sareng istri,
Aya luhur aya handap,
Aya kulon aya wetan,
Aya gunung aya laut,
Aya bulan aya matahari,
Aya matahari aya …. Jogja.
Pasang-pasangan, dua-dua.
Dina badan oge aya bu nu dua-dua,
Ti handap… ku – ku; ping – ping; tit – tit, da –da; su-su; pi-pi; tarang…. Nong-nong.
===
Tina saperkawis cacandakan, sanes seueurna nu janten sae, tapi mugia saena sing janten seueur.
Mugi wae nu dicandak teh sing janten modal ieu dua hamba Alloh nu gaduh niat mungkas lalagasan dina enggoning ngawangun rumah tangga samara (Sakinah Mawaddah Rahmah).
====
Kang unus,
Nikah mah ibadah nu pang panjangna nu kudu cukup kuota.
Gogodana, harta – tahta – wanita – quota – jumlah anggota – Toyota,
Moal kagoda mun nyelap taqwa, dimana?
Harta – tahta – taqwa – wanita.
===
Pajauh umum teu wawuh, paanggang umum teu terang
Moal bogoh mun teu wanoh, moal deudeuh mun teu deukeut.
Tina nikah sanes wungkul berkembang biak, tapi oge berkembang baik.
Dina rumah tangga kudu sieun ku Alloh, lamun teu sieun ku Alloh maka hirupna kacingcalang
===
Urang ayeuna ngayakeun acara teh lelah, sing lilah…
Sing ngabuahkeun cinta ieu nu ngawangun kulawarga anu bertahan margi bertuhan.
Sing ngabuahkeun cinta ieu nu ngawangun kulawarga anu bertahan margi bertuhan.
Minangka pamungkas sanggem, hayu urang daru’akeun….
Ieu dua hamba Alloh, istri sareng caroge teh, sing saeundeuk saigel, sabobot sapihanéan, sabata sarimbangan; sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak,
Ngabdi ka gusti nu maha suci, ngahamba ka dzat Alloh anu kawasa.
=====
Cumi-cumi sareng roti
Diwadahan kana rantang
Da pribumi oge surti
Da pribumi oge surti
Tamu lapar hoyong da-ang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar