IKLAN DI SURGA
اَوۡقَفۡتَنَا فِى مَيۡدَانِ مُلاَحَظَتِكَ
وَاَثۡبَتَّنَا فِى دِيۡوَانِ خَآصَّتِكَ
وَكَـمَا آنَسۡتَنَا بِلَطِيۡفِ اُنۡسِكَ
اَسۡكُنُ اَنَا وَزَوۡجَتِيَ الۡجَنَّةَ
وَجَنَّةُ رَبِّيَ اللهِ عَرۡضُهَا السَّمٰوَاتُ وَالۡأَرۡضُ
سِرۡنَا فِيـۡهـَا لَيَالِيَ وَاَيَّامًا آمِنِيۡنَ
نَتَبَوَّأُ مِنۡـهَا حَيۡثُ نَشَآءُ
وَكُلۡنَا مِنۡـهَا رَغَدًا حَيۡثُ شِئۡنَا
اَحۡلَلۡتَنَا دَارَ الۡمُقَامَةِ مِنۡ فَضۡلِكَ
لَايَمَسُّنَا فِيۡـهَا نَصَبٌ وَلَا يَمَسُّنَا فِيۡـهَا لُغُوۡبٌ
Ya Alloh abdi nampi syu'ub, bangsa-bangsa....
Ya Alloh abdi nampi qobaail, suku bangsa....
Abdi bangsa Indonesia, suku bangsa ti qobilah sunda....
Abdi nampi bisikan,
ieu sanes sifat kalam,
ieu teh sifat Mutakallim, Salira Ku Anjeun anu ngandika,
Gusti, abdi iklan diri,
abdi promosi,
abdi di surga.....
=====
Ya Alloh,
Sakumaha Salira Ku Anjeun ngaantengkeun, ngabetahkeun....
Abdi sukun, abdi tenang di surga sareng pun bojo
Surga -Pangeran Kaula: Alloh- luasna langit jeung bumi
Lumampah kaula di dinya (di surga) wengina, siangna dina kaayanan aman-tentram
Cawis-cawis tempat sakarepna, (di pawon, di tengah bumi, di enggon, di kamar cai...)
pon tuang oge kumaha segerna, (diliwet sanguna, atanapi digoreng; dicombro sampeuna atanapi dimisro...)
Gusti,
Salira ku anjeun parantos ngahalalkeun tempat cicing, tina sabab Kurnia Gusti...
Teu payah kaula, teu lungse kaula...
Jagjag belejag
ngeunah sare, ngeunah dahar,
ngeunah nangkeup jeung ditangkeup.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar